Siti Rayati (16-20) Moh. Sanoesi Duit, papakéan, dahareun, si Patimah henteu kurang malah leuwih ti cukup pikeun sasoranganeun mah jeung ngurus indungna anu ayeuna henteu digawé deui, tapi cicing baé di imah ngurus dahareun anakna.
“Ema teu boga bonténg?” cék si Patimah dian hiji poé nanya ka indungna. “Bonténg ....... keur naon bonténg wayah kieu sakieu keur usum panyakit, naon?” “Kumaha atuh da hayang metis ma,” cék anakna bari indit asup ka goah. “Na ..... ha cara nu keur nyiram baé, kamari ngarujak cangkudu, ayeuna geus pék deui rék metis.” “Teu kudu nu nyiram baé ari hayang mah ma,” témbal anakna bari terus nyiksikan bonténg. “Jeung moal enya baé nu teu boga salaki maké nyiram ....” Indungna henteu bisa nyarék deui, sarta tuluy baé manéhna mah ngedeng ka enggon. Ti harita si Patimah tugteg haténa sok sieuneun enya nyiram, komo beuki bingung jeung reuwas pikirna, inget manéhna geus sabulan satengah teu kotoran, sarta rarasaanana ngurey baé sebel awak karesel, sirah beurat jeung karepna mun digugu mah ti beurang téh ngan hayang saré baé. “Nyai cing ka ditu ka nyonya tuan kawasa, nyuhunkeun daun buntiris keur ubar cangkéng,” cék ma Sarminah ka anakna. “Sing loba ma?” “Sakeupeul baé nyai,” wangsulna bari pupurilitan ngurutan cangkéngna. Si Patimah gagancangan indit ka gedong tuan kawasa, rék ngala daun buntiris. Torojol nyonya datang ti jero nyampeurkeun ka luar bari nanya dina basa malayu: “Kenapa sudah lama Patimah tida dateng ke sini?” “Ya nyonya saya lama sakit!” “Yaa .... kasian, én muka bengkak, kaya orang bunting saja,” cék nyonya bari imut. Seblak haté si Patimah barang ngadéngé yén beungeut bareuh saperti anu reuneuh. “Nyonya boléh saya minta daun buntiris buat obat ema?” “Yaa .... sakit apa lagi?” nyonya nanya deui semu nu kagét. “Sakit pinggang Nya.” “Ya, ya boléh hoor, ambil saja!” Sajeroning metikan daun buntiris, haténa mah si Patimah teu ngeunah baé mikiran diri, na kumaha lamun enya boga kakandungan. Tapi cicing-cicing baé manéhna henteu nanyakeun atawa semu nu susah. Daun buntiris tuluy darameus sarta terus ku manéhna dibalurkeun kana cangkéng indungna anu geringna beuki payah, katurug-turug kasakitna eungap datang. Atuh si Patimah teu digawé cicing baé nungguan indungna nu gering. “Ku naon nya beungeut barengep kituh kawas nu babareuhan? Cék indungna bari nangkarak dipencétan ku anakna. “Akh teu anon-naon ema, kurang saré baé meureun.” Tapi haténa mah manéhna nyeblak, inget kabeneranana omongan nyonya kawasa tadi di gedong. Dua bulan manéhna teu digawé cicing baé di imah nungguan indungna nu geringna beuki lila beuki kacida, nepi ka ..... henteu lila tuluy tilar dunya. Ti harita sanggeus indungna maot, manéhna ti dinya pindah, sarta terus nganjrek di Ambu Armi, pamajikan tukang kebon tuan kawasa. “Eh, ya Alloh,” manéhna sasambat dina haténa bari diuk dina golodog, nanggeuy gado, “di dieu aing sorangan teu kadang teu dengeun, teu sanak teu baraya,” bari ngalimba mata pinuh ku cipanon. Ras manéhna inget ka indungna anu kakara tilar dunya, seblak reuwas inget kana kaayaan diri anu beuki lila beuki karasa yén manéhna boga kakandungan, tapi ari kuli mah ngeureuyeuh baé. “Akh panasaran,” cék pikirna, “hayang nyaho rék sina ditéang baé ku paraji,” bari jut manéhna kira-kira pukul satengah dalapan peuting turun ti imahna indit ka ma Sarinten, nu sok marajian di kontrakan Ragasirna. Haruhah haréhoh manéhna datang ka imah paraji, sarta semu nu éra, ménta supaya beuteungna dicgap, api-api nu boga kanyeri. Ma Sarinten nyinglidkeun leungeun bajuna, bari dampal leungeunna digosok maké minyak kalapa sarta rap lalaunan padaharanana si Patimah diragap, dipencét sakumaha biasa paraji mariksa nu boga kakandungan. “Ih nyai,” paraji ngaharéwos, “ieuh geuning tos dua bulan, na kumaha nyai téh kapan lain tacan ....... “Alah ema,” cék si Patimah ngalengis, bari hudang meungpeunan beungeut ku leungeun duanana, “kumaha atuh kuring téh ema? “His naha maké kumaha-kumaha nyai, kieu baé ayeuna mah, entong susah-susah adatna nu jadi awéwé mah ......” “Lah atuh da kumaha ieu mah ema?” si Patimah nyuuh kana lahunan paraji. “Ieuh kieu ayeuna mah, ema méré naséhatk kaharti ku ema ogé, atuh da ema asalna ngora. Tapi ayeuna kieu, nyai indit isuk pagéto ka nu nyuieun, ka nu boga dosa, ka bapana budak ménta dikawin, moal enya teu daékeun, sieuneun atuh didakwa ......” “Enya ieu mah atuh da ema, lain bangsa .....” si Patimah di dieu eureun teu wani neruskeun omonganana, kaburu ngarasa éra. “Alah maké éra, éta meureun bangsa kulit bo-d-a-s, naha nyai maké éra, komo deui jaman ayeuna mah geus ilahar nyai! Lamun kitu ngan nyai baé sorangan nya pantes baé éra. “Leuwih hadé datang ayeuna mah terus terang ka nu boga dosa ka bapana budak, msing lain bangsa ogé, piraku teu karunyaeun. Anggur beuki sieuneun bangsa kitu mah, sabab bangsa sopan, nyekel kahormatan .....” Teu panjang carita deui si Patimah, hujan-hujan ogé tuluy baé balik ka imahna, leumpang lalaunan mapay-mapay sisi jalan ka tengah kontrak. Meus- meus eureun meus-meus randeg manéhna leungiteun jalan, lantaran sakitu poékna; gedeblug labuh tisolédat malum jalan leueur. “Eh ema ......” sasambat dina jero atina ka indungna nu geus hilang, bari awakna ngadégdég tiris kabulusan, “cilaka ayeuna awak kuring ema ..... hina .....” Kolényay, siga jelema leumpang ngupat ngapit obor. “Nu mawa obor ..... nu mawa obor!” cék si Patimah gegeroan. Reg jelema téh eureun ..... jol si Patimah datang nyampeurkeun ari diilik-ilik bet tukang kebon tuan kawasa ngajingjing torombol buku ti kontrakan Margaluyu. “Éh, ya Alloh, naha mana kebeneran teuing,” cék si Patimah bari tuluy leumpang deui bareng. Sadatang-datang ka imah, sanggeus papakéan disaralin, tuluy manéhna ka dapur saliduru. Ambu Armi anu keur mépéndé anakna nu leutik hudang ngicis-ngiciskeun papakéan salakina nu baseuh, bari tuluy nanya ka si Patimah: “Ti mana nyai nyaba téh lila-lila teuing, sakeiu paroékna jeung hujan, naon .......?” “Puguh ti ma Sarinten, Ambu,” wangsulna, “hayang dianjangan.” “Naha di mana papanggih jeung bapana barudak?” “Di palebah jalan bélot pisan,” témbalna bari siduru ngadéangkeun leungeunna. Kira-kira meunang tilu jam manéhna ngadedekul baé diuk di hareupeun hawu. “Geura saré nyai kadituh, ku naon ngahuleng baé kawas nu susah bisi gering,” cék salakina Ambu Armi bari indit ka enggonna: “kadé engké poho, ari rék saré seuneu céos heula.” “Néng,” locéng di gedong tuan kawasa pukul satu. Si Patimah ngarénjag, yén geus sakitu peutingna. Tuluy nyokot kélé nyéos seuneu, hariwangeun sieun kahuruan, lantaran enya ogé hujan, tapi angin ngagelebug baé teu eureun-eureun. Damar cempor di tengah imah sok ku manéhna di wadahan kan kaléng sieuneun bahé kadupak ucing atawa beurit, bari manéhna tuluy ngedeng ka enggon. Imah ku tina angin gedé-gedéna, inggeung rerekotan. Éstu jempling peuting éta mah teu kadéngé budak ceurik-ceurik acan. Di gedong tuan kawasa anu biasana ngagebray caang ku lampu listrik, peuting harita mah canéom baé poék, ngan listrik di pabrik anu raang baé téh teu dipareuman, guwang-gawing katebak angin. Ting sérédét haténa si Patimah bari nangkarak di enggonna, ketir pabaur jeung sedih, ngadéngé gugur ngaguludugan, angin ngagelebug, sora batu tinggulutuk palid kabawa caaah di Cipicung, walungan tukangeun imahna, sarta tingdorokdok kai raruntuh katebak angin. Éstu rarasaan manéhna mah, nya harita peuting panganggeusan téh, lebur kiamah. “Eh Gusti ..... nepi ka kieuna diri .....?” manéhna sasambat dina haténa, tuluy hudang nyokot saputangan, nyusutan cipanonna. “Tobat Pangéran teu nyana awak jadi kieu .................................” Sapeuting éta manéhna nepi ka bray beurang teu bisa mondok sakerejep-sakerejep acan dédéngéan hariwang, pikir kalaletir, haté tingsérédét pinuh ku kanalangsaan jeung kangangresan. Isuk-isuk teu kapiheulaan ku Ambu Armi, manéhna hudang indit ka dapur mirun seuneu, naheur cai jeung ngahaneutkeun sangu poé. Pukul satengah tujuh sanggeus saréréa sasarapan, tuluy Patimah ka kebon entéh matik saperti sasari. Dina jero opat bulan ti harita, jadi kakandunganana kurang leuwih geus genep bulan ku manéhna dibuni-buni baé hayang ulah katara ku batur, sarta ayeuna metikna nenggangkeun manéh ti nu réa. Tapi sabunina ogé nu boga kakandungan, tur nu sakitu geus gedéna, nya loba ogé ti harita nu tingkarucuwes ngomongkeun manéhna. Patimah beuki éra jeung beuki bingung baé, komo ari geus ngingetkeun yén di ahir manéhna tangtu ngajuru sarta nu geus tangtu bakal kanyahoan ku saréréa. Rupana baé ku tina nguluwut pikirna, manéhna ayeuna teu ngeunah dahar teu ngeunah saré nepi ka brek baé dina hiji poé gering panas nu ripuh pohara. Nya kitu deui tuan Steenhart kira-kira geus meunang dua bulan ti harita, manéhna rada carang malah beunang disebutkeun henteu baé nepungan, sumawonna ngajak ngomong mah ka Patimah. Naha kulantaran manéhna geus boseneun, atawa nyahoeun yén Patimah boga kakandungan, éta wallohu’alam teu bisa nganyahokeun. Barang kira-kira nurutkeun itungan, Patimah kakandunganana geus dalapan bulan, sarta geringna geus cageur, manéhna inget kana naséhat parajina Ma Sarinten keur waktu kakandunganana ditéang. “Ah nya rék lahaulawalakuwata baé,” cék manéhna dina jero haténa, “isukan mah aing rék indit baé ka mandor Sastra, ménta dianteur ka tuan Steenhart supaya aing dipiara dijieun Nyai. Nya kumaha engké baé, sugan geus titis tulis kudu jadi Nyai Tuan.” Kabeneran isukna poé pasar. Patimah tuluy dangdan papakéan nu pang alusna dipaké dipapantes sangkan si Tuan katarik haténa. Manéhna disamping kebat léréng, dibaju batis bodas bulao langit, biwir dihaja dibeureuman siga nu mentas nyeupah, sarta huntu ngagelem ngégélan kapol laga, bari ngajingjing tas duit siga nu rék ka pasar, leumpang ka imahna mandor Sastra, rék ménta dianteur supaya dipangnyaritakeun ka tuan Steenhart, kumaha kaayaan dirina jeung naon maksudna manéhna ayeuna. (HANCA)
