geus rada lila kakara aya postingan deui cersil. jadina urutan caritana geus 
rada poho deui. kudu dikorehan deui yeuh file nu katukang... sip Bah pokona mah

...:)



________________________________
 Dari: Abbas Amien <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 13 Desember 2012 16:08
Judul: [kisunda] Cersil Sunda ka 309
 

  
“Eh saha maneh teh !? Wawanian culangung pisan; asup tanpa
idin ? Di Dieu memang narima ka tamu ngahormat tamu; tapi ari nu culangung mah
kudu diusir !”

“Aeh Ipah … geulis …. Iraha datang ?” Ajengan Salim kaburu
datang bari muru Nyi Ipah,Nyi Ipah oge sujud ka bapana :”Aba hampura Ipah.”

“Emh … Nyai … Ibu teh tos ngantunkeun lantaran kaleleban ku
Nyai ….”

Ngan sakitu nyaritana Ajengan Salim; goak we Nyi Ipah ceurik
mani semu kanyenyerian … diupahan ku ajengan Salim; ari Nyi Bariyah rampang
reumpeung … na pikirna euh ieu geuning Nyi Ipah nu kacatur diculik teh ? Enya
geulis ieu budak teh … paingan atuh mani culangung pisan … tuda uing teu
nyangka eta teh anak Kang Ajengan.

Atuh ti harita mah sa Wanayasa guyur, nepi ka ngadeugdeug ka
Pasantren, lantaran ngadenge budak nu diculik geus balik deui.

Sarerea pada bungah … H. Syarif nepi ka pakaulan … nyieun
barzanji bari meuncit sapi … atuh urang Wanayasa suka bungah. Terus nanggap Nyi
Ipah sina ngadongengkeun lalakonna. 


Tapi Nyi Ipah tea … kurang bisa nyarita;
manehna nerangkeunana singget pisan; nu pokona wungkul.  Tapi kabeh galumbira.

Tunda nu keur galumbira ayeuna urang teruskeun lalakon Sari
nu ngayakeun pangangkatan Ketua Paguron Walet Hideung.

Hanca
 
 

Kirim email ke