Episode 73 : Paguron Walet Hideung ngangkat Pamimpin
Urang teruskeun aya pamilihan Pamimpin di Paguron Walet Hideung; Sari nu jadi Ketua sementara, terus nunjuk saha2 nu bakal jadi panitia di na ieu pamilihan. Nya di na waktuna nu geus ditangtukeun; sakabeh murid karumpul pikeun milih Pamimpin. Samemehna Sari pidato heula :”Para kadang kulawarga Paguron Walet Hideung ; teteh2 jeung adi2 sakabeh; di na waktu ayeuna urang ngajalankeun jeung ngamajukeun Paguron teh, estu ku dasar saling percaya; eta memang hade; tapi cek kuring mah, leuwih hade deui mun ieu Paguron teh nyieun aturan nu disiplin, hartina sagala kaputusan, enya ge tetep make musyawarah; tapi engkena sagala kaputusan nu dikaluarkeun ku Ketua bakal ngiket sakabeh anggota; eta kaputusan Ketua engkena sarua jeung kaputusan Paguron.” Reg Sari eureun heula nempo reaksi para Murid Walet Hideung. “Memang ayeuna ge , naon wae nu diparentahkeun ku kuring, karasa ku kuring diturut ku sakabeh murid; di na hal ieu kuring nganuhunkeun pisan; eta hartina sadaya para teteh jeung para adi pinuh ku kasadaran ngamajukeun ieu Paguron.” Sari eureun heula; lantaran na waktu nyarita hal eta loba murid nu kaleprok. Tanda panuju pisan ka na nu diomongkeun ku Sari. “Tah …” Sari neruskeun pidatona .”Dipikir ku kuring … ; kuring teh asa kurang srek lamun kuring ayeuna mimpin para teteh jeung adi2 sakabeh ku sabab ditunjuk ku Guru … cek pikiran kuring mah … nu jadi Ketua teh, kudu diangkatna, alusna mah ku dukungan sakabeh murid. Lantaran kanyahoan kapan sakabeh murid Walet Hideung enya2 hayang ngamajukeun ieu Paguron; jadi dicekel ku saha wae oge sarua. Ku sabab kitu; kuring ayeuna mutuskeun ngaleupaskeun tanggung jawab kuring sabage Katua nu ditunjuk ku Guru.” Di dieu mah ger wae sakabeh murid sarurak. Harita keneh Sari turun ti na panggung nu ngahaja dijieun basajan pisan. Nu geus nyalonkeun Ketua antarana dua sadulur; nya eta Nyi Edah jeung Nyi Entin; terus Nyi Inah oge; maraneh tiluan senior nu pangheulana ditarima murid ku Mawar Hideung. Terus Dedeh, Mimin, jeung Oom oge nyalonkeun dirina. Jadi tujuhan jeung Sari; ari nu tilu deui di na waktuna mah batal cenah. Katua Panitia Nyi Icih, mere kasempetan ka calon nu bakal jadi Pamimpin ; mimitina waktu dibikeun ka Sari; tapi Sari nolak pasihkeun we cenah ka Teh Inah ; lantaran eta paling senior. Nyi Inah luncat ka panggung, ger para murid sejen sarurak. Na hatena Nyi Inah nganuhunkeun ka Sari nu geus mere kasempetan ka manehna ti heula. Nya terus we Nyi Inah pidato:”Eh dulur2 sakabeh … kuring mah da teu bisa nyarita … ngan kuring jangji bakal ngamajukeun ieu Paguron sakuat tanaga ; jeung kuring bakal bebela ka ieu Paguron Walet Hideung; nepi ka cakclak getih nu pang ahirna.” Geeer wae rame sarurak murid2 sakabehna. Geus kitu mah Nyi Inah turun, bari manggut ka sakabeh murid nu nyaksian di handapeun panggung; terus we ka tempat diukna bari manggut saeutik ka Sari. Giliran ka dua Nyi Edah …; manehna ge saperti Nyi Inah luncat ka luhur panggung; terus ngahormat ka sakumna murid; nya prak we pidato :”Kuring oge sarua jeung tekad Ceu Inah rek ngamajukeun ieu Paguron Walet Hideung; kitu deui kuring oge bakal toh pati jiwa raga pikeun ngamajukeunana Tong salempang , kuring bakal satekah polah; ngamajukeun ieu Paguron.” Ger deui nu sarurak; geus kitu mah Nyi Edah turun ti panggung. Nyi Entin, adina Nyi Edah barang dibere waktu nolak, lantaran cenah maning ngadukung ceu Edah ti batan nyalonkeun diri; jadi Nyi Entin mah bolay we jadi Calon Ketuana. Hanca
