Nyi Oom ayeuna nu maju kahareup ; terus luncat ka panggung … memeh pidato ngadehem heula, saterusna :”Yeuh kuring Oom saenyana mah , nepi ka ayeuna keukeuh hayang nempo ketua teh si TETEH ( Sari ); tapi ku sabab loba nu ngajurung jurung; nya kuring maju oge … hehehe … ieu mah ngan ukur ngaramekeun we lah; da kuring yakin kabeh ge hayang ngamajukeun Walet Hideung.” Ger atuh nu kaleprok rada lila. Ti dinya Nyi Oom turun; da ngarasa geus cukup.
Nyi Mimin pidatona ampir sarua jeung NYi Oom; nya ngan sakeudeung manehna geus turun. Saterusna waktu dibikeun ka Nyi Dedeh. Nyi Dedeh naek ka panggung kesit pisan; terus bari imut manehna ngamimitian pidatona:”Saenyana mah, teu kudu ieu pamilihan teh da kuring ge sarua jeung Oom atawa Mimin … ngan wae sigana si Teteh hayang nempo ketak urang sakabeh, kumaha tekad urang di na ngamajukeun ieu Paguron … kuring saenyana mah, teu pati siap jadi Ketua lantaran kahiji maning ge tetep si Teteh nu nyekel; kaduana kuring teh rumasa bodo balilu; loba teu ngartina jeung teu loba kanyaho; tapi nya masing kalah kumaha oge mun memang kuring kudu2 teuing mah; nya kapaksa bakal usaha satekah polah tea. Haha” Nu surak ka ieu Nyi Dedeh mah lila pisan, tanda loba nu satuju ka na pidatona. Ayeuna mah Sari, bagean nu pang ahirna naek ka panggung; manehna oge luncat tapi biasa we; teu nonjolkeun yen manehna pang jagona di dinya; sanggeus ngarenghap sakeudeung; terus pidato :” Para teteh, jeung adi2 sadaya … nuhun pisan kana kapercayaan jeung rojongan sakabeh murid2 di na waktu kuring jadi Ketua … enya ge sementara .. tah ku rojongan para murid sakabeh ; geuning urang ayeuna geus aya ka na opat puluhna … tah eta hiji kamajuan. Saterusna kapan Paguron geus tilu kali digedean ku gotong royong; pan ayeuna sakieu mah lumayan we.” “Kamajuan para murid, boh di na kanuragan, boh pangaweruh, unggal poe ge nambahan. Eta ge hiji kamajuan.” Ger nu sarurak. “Tah mun kuring engke masih dipercaya mingpin ieu Paguron; kuring bakal nguatkeun aturan2 nu ku urang saarerea geus disatujuan; urang oge bakal nyieun aturan nu ditulis supaya sakabeh murid apal ka na aturan2 di ieu Paguron.” Eureun heula da loba nu surak. “Saha wae nu jadi Pamimpin engkena ; ku urang sakabeh kudu disokong, kudu dirojong ; kabeh keur kamajuan jeung kahormatan ieu Paguron; sakitu we ti kutring mah.” Nya tuluy we diayakeun pamilihan; ku sabab nu bisa nulis maca ngan ukur sababaraha urang; lolobana mah masih buta huruf; nya sistim milihna nancepkeun bedog masing2 ka na bunderan2 nu ditandaan para calon. Sanggeus diitung Nyi Inah aya 3 bedog; Nyi Edah 5 bedog; Nyi Mimin 6 bedog; Nyi Oom 6 bedog; Nyi Dedeh 9 bedog; Sari 19 bedog. Hanca
