Nuhun ah seratanana. Diantos lanjutanana kang!
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: ASEP KURNIA LESMANA <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 28 Dec 2012 20:47:00 
To: [email protected]<[email protected]>; 
Kisunda<[email protected]>; Baraya_Sunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Lagu-lagu Iran/ Persia Budaya Arabs - Re: [kisunda] 
WN Arab Saudi Tewas Dikeroyok WN Iran di Diskotik

simkuring ngiring nulis sauetik masalah kahirupan urang arab khususna nu aya di 
Qatar, kabeneran saya ayeuna jadi kuli di eta nagara....

Urang Iran belah pasisir teluk Iran mah lolobana urang arab anu ngarantau ka 
persia ti jaman baheula keneh jadi padagang, salah sahijina nu jadi 
"konglomerat" di qatar ceunah aslina urang arab nu domisilina di Iran. Urang 
Iran embungeun di sebut yen manehna teh urang Arab... teu pakait ceunah, arab 
mah arab...uing mah farsi alias persia....nya ari islam na mah heu euh sarua 
ceuk maranehna.....

Urang lokal di dieu umumna unggal week end alias "malam juma'ah an" pasti 
nyieun tenda badag keur 200-300 urang trus ngayakeun acara "ngarumpi di tenda" 
...hehehehe....di arab mah week end na malam juma'ah lain malam minggu jiga di 
nagara urang.  

Eusina jalu kabeh... (tapi duka tah mun tengah peuting mah aya nu sejen na).... 
hehehe
Dasarna mah urang lokal qatar masih keneh kuat nerapkeun budaya na, kamana-mana 
sapopoe (di luar imah) pasti make baju tradisional (ceuk urang indo mah ghamis 
tea) lengkap jeung tutup sirah bodas trus di bere "iket" hideung..... kadang 
mun aya urang sejen non lokal nu make tutup sirah atawa kudung bodas sok di 
"carek" majarkeun teh da eta mah keur urang lokal hungkul, keun ari make ghamis 
na mah bebas asal tong di tutupan sirahna sarua jeung urang 
lokal...hehehehe.....

Mun para istri na mah kamana-mana oge nya kitu make abaya hideung (alias ghamis 
awewe) trus di kudung.... ngan lolobana kudung na kudung asal nempel tea, beda 
jeung hijab/jilbab nu di pake ku urang-urang di indo atawa malaysia, turki ....

kahirupan "dunia malam" di qatar mah bisa di sebutkeun "bebas" ti dugem ... 
(bari aya oge di hotel bintang 5 mah..)... mun nu resep nginum cai heuras kudu 
ngajukeun lisensi heula model boga sim na...hehehe... meuli na ge hese... 

Kalakuan goreng patut urang lokal (teu kabeh oge sih)... mun mawa mobil kudu 
tiheula tonmg sok ngahalangan..... (ceuk manehna )... poko na mun mobil urang 
aya di hareupeun mobil manehna di jamin bakal di klakson nan, di bere lampu 
"dim" atawa di tempel ku manehna...pedah ku hayang buru-buru...teuing rek 
kamana...sugan mah hayang buru-buru ka jamban sugan .... bayangkeun we mobilna 
rata-rata mobil anu CC na teh 4000 ka luhur.... sementara nu di pake ku jelema 
loba ngan 1600 cc nepika 2400 cc an... mun teu daek minggir...di jamin oge 
maneh na bakal neangan jalan keur miheulaan trus mobil urang bakalan di pepet 
kadang malah ngabaledog make botol cai....hehehehe...

ceuk babaturan urang indihe di kantor nu geus ngalanglang buana di dunia GCC, 
ti kuwait, bahrain, emirates qatar nepika saudi... Bahrain mah nagara leutik nu 
di anggap sabage tempat pamiceunan "semen bodas" na urang arab...hehehehe.... 
alias mangga besar na urang arab.... dugem, mabok, awewe...nya kari 
milih...ceunah eta geee....

Urang arab nu asalna ti syria, lebanon, palestina, jordan, mesir, tunisia, 
maroko, jeung al jazair mah make baju na nya normal model urang - urang...geus 
teu di turuban make ghamis deui....

Urang Turki oge moal daekeun di sebut urang arab...turki mah turki...arab mah 
arab... da beda suku jeung beda bahasa ti dituna...pedah jaman jaman khalifah 
utsmaniyah we arab jeung turki ngahiji....

Umumna arabs nu ngahiji di GCC (Kuwait, bahrain, Qatar, Emirates, Oman, saudi) 
mah budaya na mirip-mirip.... Iraq ge sabenerna mah teu beda jauh jeung GCC da 
sarua arabna ngan teu di aku we jadi nagara GCC, nya kitu deui Yaman teu di aku 
da eta masih keneh raribut antara hiji jeung ne sejena...

Syria, palestina jordan mah arab "modern" anu teu ketat teuing aturan 
kahirupana jiga di QCC... mun Lebanon bisa di sebut arab "mahiwal" lolobana 
ngaran urang lebanon mah campuran ngaran prancis jeung arab...jiga: alain ...., 
antoine ....., pierre.....
urang lebanon mah bisa di sebut type pekerja, aya di mana-mana ... lolobana mah 
make prinsip "biar tekor asal nyohor".... mobil kudu alus, baju kudu nu aya 
merk na, hape kudu nu pang anyarna.... dahar mah kumaha engke we.... hehehehe

heup heula ah...bisi panjang teuing

nyanggakeun.....

AKL




________________________________
 From: mang kaby <[email protected]>
To: Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; 
Baraya_Sunda <[email protected]> 
Sent: Saturday, December 29, 2012 1:56 AM
Subject: [Urang Sunda] Lagu-lagu Iran/ Persia Budaya Arabs - Re: [kisunda] WN 
Arab Saudi Tewas Dikeroyok WN Iran di Diskotik
 

  
Gara-2 ningali laguna Arash urang Swedia nu make bahasa Iran ngawihna di 
Youtube ternyata loba link lagu anu sadudulur pas ditinggali hiji-2 loba 
lagu-2na anu ampir bubulucun ;)...  teu siga nu dibayangkeun ku "Arab" anu 
image/ bayanganna di bakutet kabeh hehehe.

Edun na teh penyanyina gareulis sarexy jeung karasep oge, nu kasep pek weh keur 
Mang Kumi wkkkk. Jujur Mamang can pernah ulin ngulampreng ka Iran, apal persis 
kumaha budaya Persia/ Iran ari sugan teh nu ngarana Arab teh nya kitu weh... 
Geuning Arab teh loba versi/ variasina hehehe. Sugan teh Arab teh nu ditingali 
pas di TV pas keur haji weh. Ternyata loba jeung beda-2.

Mun ningali laguna sabaraha siki mah lagu-2na lolobana house mix DJ kitu euy... 
Tapi campur jeung irama tim teng jeung latin oge. Memang ngeunaheun lamun 
dipake DUGEM. Jadi sigana wajar oge tah urang Iran jeung Arab ngadon dugem di 
Indonesia hehehe. Mirip-2 lagu dangdut jaman ayeuna lah hehehe.

Ciiiik sugan aya anu apal leuwih jero ngeunaan kahirupan di Iran jeung Arab 
lainna. Supaya apal bangsa urang teu siga kuring nyangka nu ngarana Arab teh 
kabeh kudu dibakutet terus. 

Sementara Arab oge pan loba aya Arab Saudi, Kuwait, Iran, Irak, Oman, Qatar, 
UAE, Mesir, Turki (turunan kidul), palestina, suriah, jrrd. Naon bedana tah. 
Ciiiik tinu nagara-2 eta anu sarumpun anu mirip-2 mana wae, terus anu beda 
drastis anu mana? 

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
________________________________

From:  Abbas Amien <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Fri, 28 Dec 2012 21:04:07 +0800 (SGT)
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] WN Arab Saudi Tewas Dikeroyok WN Iran di Diskotik
  
Bangsa Arab nu geus jadi WN Iran sigana mah.

--- On Thu, 27/12/12, Ki Hasan <[email protected]> wrote:


>From: Ki Hasan <[email protected]>
>Subject: Re: [kisunda] WN Arab Saudi Tewas Dikeroyok WN Iran di Diskotik
>To: [email protected]
>Received: Thursday, 27 December, 2012, 8:18 AM
>
>
>  
>Mun ninggali ngaran, jiga lain ngaran urang Iran tah. Hehehe
>Ngaran urang Iran mah rada beda jeung ngaran urang Arab, loba aksara konsonan 
>nu arang dipake di urang. Da basana ge beda. Urang Iran mah basa Parsi.
>
>
>2012/12/27 Dikdik <[email protected]>
>
> 
>>  
>>tah ieu mah leuwih lucu...
>>ternyata parasea teh dibawa nepi ka diskotik di indonesia
>>jigana mah nu arab wahabi, nu iran syiah...
>>hahahah...
>>=============
>>
>>
>>http://news.detik.com/read/2012/12/27/122523/2127784/10/wn-arab-saudi-tewas-dikeroyok-wn-iran-di-diskotik
>>
>>
>>
>>Kamis, 27/12/2012 12:25 WIB
>>WN Arab Saudi Tewas Dikeroyok WN Iran di Diskotik
>>E Mei Amelia R - detikNews
>>
>>
>>Jakarta - Husen (33), warga negara Arab Saudi, tewas dengan luka tusukan di 
>>diskotik Three Horses, Menteng, Jakarta Pusat, dini hari ini. Pelaku 
>>penusukan diduga adalah tiga orang berkebangsaan Iran.
>>
>>"Korbannya tewas dengan luka tusuk. Dia dikeroyok oleh WN Iran. Kita masih 
>>mendalami kasusnya," kata Kapolres Jakarta Pusat Kombes Pol Angesta Romano 
>>Yoyol kepada detikcom, Kamis (27/12/2012).
>>
>>Yoyol mengatakan, pihaknya telah mengamankan dua dari tiga orang tersangka. 
>>Mereka bernama Abu Saleh dan Sam.
>>
>>"Tersangka satu lagi bernama Abu Tarik melarikan diri menggunakan mobil warna 
>>putih nopol B 1025," kata Yoyol.
>>
>>Menurut satpam diskotik yang merupakan saksi, penusukan terjadi pada pukul 
>>04.00 WIB. Pada saat itu terjadi keributan tiga orang WN Iran bernama Abu 
>>Saleh, Sam dan Abu Tarik) dengan Husen.
>>
>>"Kejadian berawal Abu Saleh, Sam dan Abu Tarik mendatangi Husen lalu terjadi 
>>keributan dan dilerai oleh satpam," kata Yoyol.
>>
>>Akibat keributan tersebut, Husen terkena tusukan oleh pelaku. Husen kemudian 
>>dilarikan ke RSCM, namun nyawanya tidak dapat terselamatkan.
>>
> 
 

Kirim email ke