Siti Rayati (36-40)
Moh. Sanoesi

"Naha kitu Titi rék ka mana?"

"Is, moal ka mana-mana abdi mah, ngan éta baé ari lami-lami mah meureun
katingalna ku nu sanés ogé awon, Bopati lalagasan ..."

Pangawulaan répéh baé henteu sasauran sarta api-api anu henteu pati
ngadangukeun bener-bener kana sasauran putrana.

"Ari émutan abdi, ayeuna mah," Gan Titi neruskeun sasauranana, "langkung
saé geura ngilari baé anu kira-kira kapercanten ku mama ngurus di dieu,
sareng nu bakal nyaaheun ka mama; ari abdi onaman teu kedah dimanahan deui,
da geus gedé ieuh."

Ramana aya lingsem, aya bungah ngadangu sasauran putrana kitu; lingsem asa
disindiran, sarta bungah asa mobok manggih gorowong, lantaran tadina ogé
anjeunna mémang kagungan manah rék garwaan deui lantaran ku anjeunna ogé
geus kasurti yén goréng pisan hiji Bopati dududaan, teu aya nu jadi cicirén
istri di Kabuatén, ngan henteu geuwat prak sotéh, anjeunna kagungan kénéh
manah, asa-asa rus-ras émut ka ditu émut ka dieu, babakuna anu pangpangna
nu jadi sumpeg jeung bingung kana manah sieun garwana anu ayeuna henteu
sajalan, ké putrana pakétrok henteu sapagodos jeung ibu kawalonna.

Tatpi ayeuna Gan Titi geus aya saur kitu, teteg manah ramana, sarta tilu
bulan ti harita tuluy anjeunna réndéngan jeung réréhan ménak Priangan,
putra bujangga, panarosan urang nagara, pananggeuhan urang dayeuh,
pangauban urang kaum, malah cék béja mah jadi leungeun katuhuna pangagung.

Meunang dua bulan Gan Titi babarengan jeung ibu kawalonna di Kabupatén
sarta manahna anjeunna ayeuna marudah ngaraos henteu betah, lantaran
mindeng ngadangu sasauran dalem istri anu matak nyugak kana manah, matak
nyeri kana ati.

"Éh, karasa ayeuna mah ku aing euwueh indung téh," saur anjeunna dina manah
bari calik dina korsi, mayunan méja, nanggeuy taar ku panangan duanana semu
nu puyeng.

"Lamun teu ras ka bapa aing ...tapi mikanyaah mah da ti kajauhan ogé sarua
baé," saur anjeunna dina manahna bari ngahuleng di kamar saperti nu
ngémut-ngémut rék angkat ninggalkeun ramana; curucud cisoca bijil ras ka
ibuna anu pupus.

Ti harita manahna anjeunna beuki jéngkél baé, palay ingkah ti ibu
kawalonna, lanataran beuki lila beuki loba dadanguan anu matak raheut kana
manahna.

Kabeneran keur waktu dalem istri angkat ka toko, léos Gan Titi angkat ka
ramana nu aya di kantor keur nyerat, unjukan mundut mulih deui ka Batawi
neruskeun sakolana. "Naha ku naon Ti, henteu betah di dieu?" saur
Pangawulaan bari teg anjeunna dina manahna émut baréto keur waktu méméh
garwaan risi putrana gétréng jeung ibu kawalonna, "Ah, keur naon Ti maké
sakola deui, anggur ogé boga salaki, umur geus sampé, tur pangarti geus
cukup, rék hayang naon deui. Geura ieu surat-surat nu ménta Titi ka mama
sababaraha hiji; ku mama teu ditémbongkeun sotéh nyaéta ngarep-ngarep sugan
Titi pok ngomong ka mama boga niat rék boga salaki," bari surat ti jero
laci méja dicandak sarta ditinglikeun ka putrana.

"Alah mama," saur Gan Titi, "ari kana gaduh salaki mah abdi dina waktos ieu
mah teu acan mikir-mikir, péndék teu gaduh émutan baé. Nyakitu deui atuh
mama moal keresa abdi gaduh salaki kalawan dipaksa, tegesna henteu sareng
karep abdi. Éta baé abdi mah ka Batawi sotéh hayang nuluykeun deui sakola.
Pédah gaduh hanca kapungkur, susuganan abdi tiasa kénging diploma guru
Walanda."

"Entong Ti, pikir heula," saur ramana, "lain mama embung ngongkosan, tapi
teu katénjo mangpaatna ku mama mah Titi sakola deui téh, malah upama hadé
diomongkeun mah, mama mah risi Titi lila-lila campur jeung Walanda baé téh,
lantaran geus sakitu gedéna. Nya lamun lalaki onaman, teu naon-naon da geus
biasana."

"Éta perkawis kahartos ku abdi ogé," saur putrana, "meureun éta mama mah
sieun abdi goréng lampah. Nanging upami mama kagungan kénéh manah kitu mah,
naha atuh abdi ti pengker dicicingkeun di Walanda sareng disakolakeun
Walanda? Sareng émutan abdi teu kénging dipikarisi perkawis éta mah, mung
kari tergantung kumaha jelemana, kumaha campurna."

Gan Titi heunteu terus sasauran kaburu dalem istri, ibu kawalonna, sumping,
sarta tuluy baé angkat ka tukang, api-api dipiwarang ku ramana.

"Dipiwarang naon bieu Titi, engkang?" saur Pangawulaan istri ka carogéna,
"tadi dititah nganggeuskeun rénda sepré ku abdi; da éta manéhna damelna téh
ngan ngaos buku baé, ngaos surat kabar, abong enya kablandan ..." bari
tuluy anjeunna angkat ka pangkuleman, baeud semu nu gemes ka Gan Titi,
putra kawalon, sarta gegelendeng: "Mending mun anak sorangan mah ...pira
anak panggih."

Gan Titi anu ngadeg dipipir deukeut jandéla kamar pangkuleman Dalem istri,
ngadangu sakabéh anu disaurkeun bieu, anu keuna kana salira anjeunna.
Rempeyek anjeunna ngadadak leuleus cara nu lumpuh calik dihandapeun jandéla
bari cisoca rambay ambek nyedek, napsu kapegung, amarah teu kakedalkeun,
ngamanahan omongan anu sakitu paredesna, sarta ti dinya tuluy baé anjeunna
mintu anjeun di kamarna, ébog bari maca surat Bataviaasch Handelsblad anu
kakara datang, itung-itung ngabangbrangkeun manahna anu bingbang, anu
ngenes, nu sedih, péndék kangangresan kabéh aya.

Soréna anjeunna teu keresaeun tuang, malah sapeuting éta nepi ka bray
beurang teu sakerejep-kerejep acan kulem, sarta isukna soré keur waktos
ramana jeung ibu kawalonna calik di payun, Gan Titi sumping ti jero
nyampeurkeun ka payun unjukan palay ka Batawi nganjang ka Dr van der Goud.
Padahal dina manahna mah rék mundut padamelan di kantor Post Weltevreden,
lantaran kamari anjeunna ngaos advertentie ménta tilu jelema pikeun diajar
jadi Commies anu sakurang-kurangna kaluaran HBS kelas tilu sarta dina jero
diajar genep bulan lilana, meunang bayaran f 120,- sabulan.

Ku ramana Gan Titi diidinan, tapi kitu ogé henteu lila ngan saminggu.
Subuh-subuh anjeunna angkat nyalira dijajapkeun ku mobil ka setatsion, muru
aneltrein, sarta kira-kira pukul sawelas anjeunna geus sumping ka Salémba,
ka bumina tua van der Goud.

Isukna pukul dalapan isuk-isuk, anjeunna terus angkat ka kantor Post
mariksakeun pagawéan anu dimuat dina advertentie téa. Ku lantaran saurang
gé tacan aya nu ngalamar éta pagawéan, kajaba Gan Titi, anjeunna gancang
baé ditarima sarta isukna tanggal tilu geus ngamimiti didamel.

Soréna mulih ti kantor, tuluy anjeunna nyeratan ka ramana, nguningakeun yén
hiji: parantos sumping sareng mundut sakabéh pnanganggona dibistélkeun,
dua: nyarioskeun yén anjeunna ayeuna parantos kagungan damel di kantor
Post, meunang gajih f 120,- Pangawulaan ngagebeg, barang anjuenna ngaos
surat ti putrana, pangpangna anu anjeunna jadi kagét nyaéta kulantaran
putra nyepeng damel, sarta tuluy baé harita ogé anjeunna ngadamel surat nu
unina keiu:

Titi!
Surat ku mama geus katampa. Kacida pisan teu kahartina. Titi jol-jol
ngabéjaan geus digawé baé di kantor post, kalawan mama samasakali henteu
dibawa badami heula.

Kapan ku mama geus dibéak-béakkeun ka Titi yén mama teu panuju Titi sakola
deui téh, komo ayeuna mah boga gawé, lantaran pikeun awéwé mah leuwih ti
cukup boga pangarti sakitu mah. Lain naon-naon mama mah teu panuju kana
kahayang Titi ayeuna téh, ngan éta baé kulantaran di urang mah geus biasana
awéwé kudu boga salaki, komo Titi anu geus sakitu gedéna; jadi kahayang
mama mah Titi téh boga salakki baé, tur ku urang kasenangan anu ditéangan.

Geura mama ayeuna nampa deui surat ari saha-sahana mah moal waka
dibéjakeun, ngan baé mama panuju pisan, cocog lamun Titi daék ka dinya téh,
lantaran manéhna saturunan kénéh jeung embina. Nyakitu deui pangharepan
kana jadi Bopati, waktu ieu mah manéhna panggedé-gedéna. Ku sabab éta engké
poé Ahad permisi baé heulaanan meunang dua atawa tilu poé mah, nyelang
balik urang badami nu leuwih panjang.

Salam ka tuan van der Goud, jeung ka Nyonya.

Ti mama
(Tanda tangan)

Surat dikirimkeun ka post sarta isukna soré ku Gan Titi geus katarima,
sarta sanggeus diaos dibulak-balik tuluy anjeunna angkat ka kamar, ébog
bingung ngamanahan kumaha pijawabeun, tapi ari angkat deui mah mulih ka
ramana, anjeunna saeutik ogé teu kagungan émutan, lantaran geus karaoseun
kateungeunahanana, kanyerianana manah, sabumi jeung ibu kawalon.

"Trok-trok," isuk-isuk Nyonya van der Goud ngetrokan panto kamar Gan Titi,
miwarang ngumpulkeun panganggo anu kotor sina diseuseuh ku babu, tukang
cuci, anu teu lila torojol mawa talombog kosong.

"Bu," saur Nyonya, "ini cuci pakéan Enon, ya!"

"Ya baé Nya," wangsulna bari tuluy milang panganggona Gan Titi,
diasup-asupkeun kana tolombong.

"Babu masih baru di sini ya," saur Gan Titi bari ngadeg deukeut panto.

"Ya Non, saya baru sebulan!"

"Ah jangan bilang enon ya bu," saur Gan Titi bari gumujeng.

"Kenapa ...?" Wangsulna si babu bari tuluy baé indit ka tukang mawa
tolombong, sarta semu nu bingung teu kaharti naon sababna manéhna dicarék
nyebut enon, ari Nyonya tadi ngabasakeunana ka manéhna tiheula enon.

Gan Titi tuluy angkat ka tukang nyampeurkeun ma Sarminem, koki anu geus
leuwih sapuluh taun cicingna di tuan van cer Goud, "Ma," saurna anjeunna,
"mana Kébon, suruh beli kertas sama amplok."

"Itu saja babu tadi tukang cuci Gan," wangsulna, "dia juga bisa ... dia
orang Sunda Gan!", bari tuluy digeroan ku ma Sarminem.

"Babu urang Sunda nya?" Saur Gan Titi bari imut.

"Sumuhun," wangsulna.

"Naha atuh maké mamalayuan tadi, Sunda baé, da kuring ogé urang Sunda ..."

"Punten baé Gan, atuh da panyana abdi mah enon, paingan tadi miwarang ulah
nyebut enon."

"Pang meulikeun heula kertas nya bu, jeung amplok, tah duitna,
pamulanganana mah kop baé méré."

"Kertas nu alit Gan?"

"Enya, kertas surat ... mun ganti heula éta baju, bu, soéh éta geuning
tonggongna."

"Lah, keun baé Gan!"

"Na teu boga deui baé?"

"Numawi, puguh ieu pang alusna Gan," si babu ngarandeg bari ngaragapan baju
palebah nu soéhna.

"Karunya, dagoan heula bu, kuring méré!" Saur Gan Titi bari lumpat ka jero
nyandak raksukan lungsuran.

HANCA

Kirim email ke