Siti Rayati (41-45)
Moh. Sanoesi

Si babu tuluy disalin sarta cék dina haténa: "Éh naha keur geulis téh
béréhan, karunyaan ..." bari tuluy indit ka warung meuli kertas.

Gan Titi ngadagoan di buruan hareup, ngadeg di lawang ningalikeun trém
ngaliwat.

"Tabé non," cék abang urang Batawi kadua anakna awéwé datang kapayuneun Gan
Titi, "saya permisi ketemu sama Patimah!"

"Siapa Patimah ... apa dia kerja di sini?"

"Saya non, jadi tukang cuci."

"O, iya, tunggu saja sebentar!"

Teu lila jol babu datang mawa kertas jeung amplok, sarta manéhna kagét
barang nénjo salakina jeung anakna, nangtung deukeut pot kembang.

"Bu," saur Gan Titi, "saha tuh nu nanyakeun babu."

"Sumuhun salaki abdi Gan," wangsulna, "sareng éta pun anak."

"Atuh da éta nanyakeun Patimah, teu nyho ... panyana téh lain ngaran babu.
Ké kuring méré coklat keur anak babu," bari tuluy anjeunna angkat ka kamar
sarta teu lila torojol anjeunna sumping deui nyandak coklat bari tuluy di
paparinkeun ka anakna babu.

Surat teras didamel dina mesin tulis, tapi unina pondok baé, nyaéta ngan
ngunjukkeun yén anjeunna moal iasa sumping kusabab moal meunang permisi,
lantaran anyar kénéh didamelna ngan baé saur anjuenna, di mana aya peré dua
atawa tilu poé, tangtu merlukeun sumping.

Henteu dua poé surat ti Gan Titi katarima ku ramana. Kacida pisan anjeunna
melang sok sieun kumaha onam lantaran nurutkeun kecap-kecapna dina surat,
kamanahan ku anjeunna putrana geus moal salah deui, meunang ka teu ngeunah
ti ibu kawalonna, dalem istri.

Heuleut dua poé ti sanggeus surat datang, tuluy Pangawulaan angkat ka
Batawi, sarta ka garawana nyarios, aya kaperluan dines.

Ngarénjag barang Gan Titi mulih ti kantor nyampak ramana keur cacarios
jeung nyonya van der Goud di payun bumina, sarta geus teg baé dina manah
anjeunna, yén pang ramana sumping ka Batawi téh euweuh deui lian ti
lantaran nampi surat ti anjeunna. Sanggeus sakabéhna taruang, pangawulaan
henteu terus kulem, tapi tuluy baé ka kamar Gan Titi nyandak sasauran
paduduaan.

"Ti," saur anjeunna, "mama téh nu matak gancang datang ka dieu, barang mama
maca surat kitu ti Titi. Ayeuna mah terus teang baé ka mama meureun Titi
téh henteu betah reureujeungan jeung embina, nya? Tah ayeuna mah béjakeun
baé ku Titi ka mama, naon ka teu ngeunah téh atawa sok kumaha embi téh?"

"Nuhun atuh, ari mama parantos uninga mah," saur putrana tungkul calik dina
korsi mayun ka ramana.

"Enya, tapi mama hayang nyaho, naon sabab-sababna, pék baé caritakeun
entong dihalang-halang, kapan mama boga pamajikan ogé dijurung ku Titi."

"Éta mama, embi mah sok kacida teuing ka abdi téh, siga naker abdi téh anu
teu boga indung, teu boga bapa, budak panggih cenah abdi téh ...."

"Naha kumaha ti?" Ramana semu nu kagét campur jeung reuwas.

"Sok sering ku abdi kakuping majar abdi budak panggih ti kebon, budak sésa
anjing, malah cédana ogé saurna curuk abdi kiwed, sareng seueur-seueur deui
kasauranana anu matak héran sareng matak ngenes kana haté abdi. Kacida teu
kahartosna abdi mah, kapan abdi téh puguh bapana puguh indungnna, naha mana
gemes-gemes teuing atuh embi téh ka abdi."

Sakeudeung mah pangawulaan ngahuleng baé bari ngalimba émut ka garwana anu
pupus, sarta semu nu kaduhung tambah jeung keuheul anjeunna nyarioskeun ieu
rasiah putrana ka garwana nu ayeuna, "Ah tong didéngé Ti nu kitu mah," saur
anjeunna, "sing karunya ka mama, entong nénjo sasaha ayeuna mah, ténjo baé
mama."

"Kumaha atuh ari teu didéngé, da kadéngé ku abdi téh. Éta margina numawi
abdi ngajauhan ogé, hayang ulah nguping naon-naon. Hanas bilih
ngabarubahkeun, bilih embi bendu, keun baé ayeuna mah entong dikintunan
artos abdi téh, da abdi parantos gaduh gajih."

Ramana henteu gancang ngajawab, lantaran sasauran anjeunna euweuh anu asup,
turug-turug sakabéh cariosan putrana ku pangawulaan kamanah yén bener, tur
pantes pang putrana henteu keresaeun deui mulih ka ibu kawalonna, tapi teu
weléh anjeunna ngalelemu putrana sarta saurna: "Jeung éta Ti, kumaha nu
matak Titi teu badami heula jeung mama téh; bébéja-bébéja ayeuna baé geus
digawé. Pikeun mama terus terang baé, henteu cocog Titi digawé téh, tokh
sasenang-senangna ogé nu buburuh, geus karasa ku mama henteu ngeunah."

"Ari abdi mah mama," saur putrana, "itung-itung milih-milih rabi,
mindah-mindah rasa baé, sugan ayeuna abdi ngeunah gaduh damel, da geuning
abdi ka étang teu gaduh damel ogé, ngan saukur ngawulaan mama sareng embi,
haté ngan juwet baé, teu aya pisan kasenangan ksarasana téh. Atuh henteu
ngeunah baé ayeuna dina gaduh padamelan kuli, nya teu aya pamenganana
masing énjing pagéto ogé abdi kaluar tina ieu padamelan da henteu téken
kontrak ieu."

"Is, lain kitu ari pikiran mama mah ..." di dieu pangawulaan ngarandeg
sakeudeung, semu nu ngamanahan picarioseun. "Kusabab Titi geus gedé,
pangarti geus cukup, tur ku saréréa nu ditéangan kasenangan, kahayang mama
téh atuh boga salaki baé Ti. Geura pikir ku Titi sing bener, sing lantip
...awéwé nya boga salaki ...geus biasa éta téh kitu ti karuhun urang mah."

"Yaktos kahartos pisan ku abdi ogé, miwah parantos biasa mah, nanging pédah
parantos biasa, naha parantos tangtos abdi upami gaduh salaki, pependak
sareng kasenangan? Sanajan abdi ogé, sanés alim gaduh salaki, mung dina
waktos ieu abdi teu acan gaduh émutan."

Raray ramana beureum semu nu keuheul, lantaran sasauranana kasedekeun ku
putrana, tur kamanahna ku anjeuna mémang upama dipikir panjang mah henteu
salah sasaur-sasaurna putrana téh, tapi parandéné kitu, ari ngolo mah
sangkan Gan Titi kera kagungan carogé, henteu weléh, babakuna kapalay
anjeunna supaya putrana kagungan carogé ka pangkat luhur, bubuhan ramana
tedak ménak, ahli bisluit, jadi putra, kakasih gegedén-gegedén, sarta
saurna: "Enya bener ku kitu téa mah Ti, henteu salah, tatapi da hina di
urang mah ari geus gedé-gedé teuing teu boga salaki."

"Perkawis éta mah mama ku abdi samasakali henteu dipaké leutik haté, nya
kumaha anu nyebut baé, margi kasusahannana atanapi kateungeunahanana, tokh
moal karasa ku batur, nanging tangtos abdi sorangan anu bakal ngaraakeun."

"Enya bener Titi boga pikiran kit, tapi pikir heula baé masing lantip.
Geura ieu mama geus kadua kali eiu nampa surat ti nu mikarep ka Titi.
Geuning ku mama dibéjakeun dina surat ka Titi; tapi mama tacan bisa
ngawaalonan, lantaran tacan meunang walonan ti Titi. Ari nu matak kacida
pisan mama cocogna, Titi ka dinya téh, sabab rék néangan naon deui, jadi
bopati manéhna tangtu, ngan iraha-irahana, éta kari milik manéhna jeung
milik Titi. Jaba ti éta gulangkep jeung embina sarundayan sakaruhun. Péndék
perkara manéhna bakal jadi bopati, timbangan mama mah geus moal salah deui,
buktina geuning satuturunanana jareneng ogé laluhur baé."

"O, jadi mama téh badé ngarérémokeun abdi ka dinya ...?" Saur Gan Titi bari
semu nu bendu, sarta kagét, "Ah, teu aya panginten mama, teu surup sareng
lelembutan abdi ..."

"Na ku naon Ti, semu ngéwa kawas nu geus wawuh?"

"Éta margina ku lantaran teu acan wawuh téa, abdi teu gaduh émutan ... ari
ngéwa mah teu pisan-pisan, da teu gaduh kaawonan sareng manéhna. Sareng
mama tokh sanés badé nyiksa abdi."

"Nyiksa ...?" Saur ramana kagét.

"Sumuhun ... tokh ku mama seueur nu dipindingan ...siga naker anu mama
henteu uninga téh ...."

"Dipindingan ... na kumaha kitu Ti?"

"Ari nu bui lantaran maling duit, saha mama? Teu acan lami deui kénging
surat ... saha éta? Lain éta maksud mama téh? Naha ku mama éta teu
dicarioskeun? Émutan abdi ayeuna mah moal nanjung deui, margi kagorénganana
kasalahanana ditémbongkeun ku maranéhna sorangan."

Ramana ngahuleng henteu sakecap-kecap acan, henteu disangka yén putrana
nepi ka dinya kauningana.

"Péndék abdi ayeuna badé terus terang baé," Gan Titi neruskeun deui
sasauranana, "sanés pisn abdi nampik atanapi ngahina, saeutik ogé abdi
henteu ngalamun atanapi kabita ku jadi pamajikan regent téh, sumawonten
jadi pamajikan katurunan éta mah. Di palebah dieu émutan abdi, sanés pisan
abdi nyiduh ka langit magaha ka kolot, mama kacida kaliruna, lantaran
ngadanguna atanapi ningalina ti spihak baé."

"Kaliru kumaha Ti?"

"Sumuhun ... éta mama nyaurkeun majar manéh turunan éta sadayana saé ...
Nanging seueur anu kakuping ku abdi henteu saé, duka dadanguan mama baé nu
nyepeng kabupatian, tapi abdi tiasa nyanggemkeun yén rahayat 99 persén
kénging disebatkeun parantos teu aya kapercantenanana ka maranéhna téh.
Komo upami beuki ditu mah mama ngamanahanana ...sarta anu tangtos mama
uninga, nyaéta hiji kajadian anu ku permilina dirasiahkeun, tangtos éta ku
mama kahartos margina abdi alim lakian ka éta turunan, nya éta ngajagi
supados anak atanapi turunan abdi ulah aya anu gering, teu waras saperti
jalma biasa, kajeun malarat, asal pikiranana séhat, kajeun teu jeneng, teu
nyekel pangkat, asal ulah dimusuhan atanapi dipikangéwa, dihina ku jalma
réa."

Gogodeg ramana barang ngadangu sasauran putrana anu panjang lébar, tur
euweuh salahna. Kabéh karaos jeung kauninga ku anjeunna, yén katerangan
putrana mémang pabéntar, pasalia jeung pamdegan anjeunna anu salah.

"Ayeuna mah," saur Gan Titi, "upami baé mama nampi deui serat sarupi kitu,
paménta abdi, langkung saé waleran baé sebatkeun kedah ditujulkeun ka abdi,
supados énggal diwaleran, henteu arep-arepeun."

Ramana teu iasa ngabantah deui ka sakur nu geus disaurkeun bieu ku putrana,
sarta henteu papanjangan deui nyarioskeun tina éta perkara, lantaran ayeuna
geus kamanah ku anjeunna yén putrana samasakali dina palebah éta mah
sarupa, laki-rabi, taya petana beunang diadu-adukeun saperti kabiasaan
sawaréh kolot bangsa urang nu kurang panemuna.

"Nya ari Titi boga pikiran kitu mah, mama moal maksa," saur anjeunna bari
tuluy kaluar angkat ka jamban.

Isukna anjeunna tuluy baé mulih, sarta ti harita sigana rada henteu
daréhdéh deui saperti sasari ka garwana, lantaran bendu rasiah putrana
saolah-olah dihaja dibéjakeun ka jinisna, sarta teu eureun-eureun
ngamanahan kumaha akalna sangkan manah putrana nu geus raheut ku ibu
kawalonna bisa cageur deui.

"Ku naon engkang, kawas aya nu dimanahan baé, henteu pati kulem, henteu
pati barangtuang?" Saur dalem istri ka carogéna. "Sanggeus sumping ti
Batawi baé engkang jadi ... kawas nu gering nangtung baé kitu ...si Titi
meureun gering, nya engkang? Ulah nyaah-nyaah teuing pira anak batur,
mending mun puguh indung bapana mah ..."

Pangawulaan jongjon baé calik bari ngelepus ngalelet surutu, siga nu teu
merduli ka garwana anu keur ngocoblak ngagoréngkeun putra kawalonna sarta
lila-lila saurna: "Endén, ayeuna mah ulah sok nitah barang beuli ka camat
atawa ka wadana nya ...!" "Naha engkang matak naon ... da lain ménta ieuh
... naha teu kénging ku saha?"

"Lain teu meunang, tapi urang kudu boga pikiran sorangan, sabab salawasna
ngarugikeun ka maranéhanana. Geuningan kamari méré duit keur meuli endog
dua ratus, ari jol opat ratus, nitah meuli hayam dua puluh, jol dua puluh
lima, ari duitna angger baé sakitu."

HANCA

Kirim email ke