Sanggeus lulumpatan sakitu lilana; ambekan karasa ngahegak …
mani bungah luak lieuk Nyi Epon teu ngudag, terus we manehna ngaluarkeun
bebekelan ; dahareun geus disiapkeun hareupeun; terus we ngaluarkeun inuman …
leguk2 nginum mani nikmat pisan.


Teu kanyahoan ti iraha datangna ujug2 kadaharan nu hareupeun
geus aya nu ngangkat bari nyorowok bagi euy saeutik; uing ge lapar” nyata Nyi
Epon nu geus ngarebut kadaharan Utari teh; bari terus dicomot didahar mani
cecelebekan cacamuilan.


“Hey Maling ! teu boga ka era siah … maok nu batur !” Cek
Utari tipopolotot.


Enya ari maok mah kudu ka na barang batur; piraku maok ka na
barang sorangan !” Nyi Epon sangeunahna we ngajawabna.


Utari sadar yen moal bisa ngalawan ka pantar Nyi Epon mah;
cek na pikirna ah ngalawan jelema sedeng mah susah; karo2 gelo. Ahirna ti na
ambek, Utari imut mani ngagelenyu. Pok ngomong leuleuy :”Nyi Epon, meureun geus
lapar pisan nya ? sok we beakeun eta bekel Mbak teh; keun we kuring mah rek
neangan deui .”


Sajongjonan mah Nyi Epon olohok … manehna tadina mah nyangka
Utari bakal ngamuk, eh nyatana malah sadrah mikeun eta bekel ka manehna … Nyi
Epon bareureum beungeut … dikitukeun mah jadi era sorangan terus we diasongkeun
deui ka Utari; bari pok ngomong :”Hampura Mbak … tadi bekelna direbut; yeuh
kuring ge ayeuna mah geus seubeuh; ieu dipulangkeun deui.” Cek Nyi Epon bari
balaham belehem.


Teu nyaho kumaha ahirna eta dua wanoja nu tadina silih
herengan ahirna mah jadi sobat; terus we duanana ngarobrol mani rame.


Saditinggalkeun ku Jalma; Utari jadi sering pusing; teu kaop
salah saeutik; para pembantu Demang sering dicarekanan ku ieu Nyi Utari. Malah
lain dicarekan wungkul tapi digaplok. 
Mangkaning enya ge pangawak awewe ku
sabab digembleng ku lanceukna nya eta Ki Demang Mertoyo; atuh gaplokanana
peureus pisan; Ki Demaang ge milu pusing; nya ahirna Utari dititah titirah ku
Ki Demang ka Puseur Dayeuh cenah ( Kartasura adiningrat ); sugan we panggih
jeung Jalma. Nya Utari bari bungah terus we indit ti kademangan Banyu Urip nuju
ka Kartasura; nya diperjalan ieu panggih jeung Nyi Epon. Nu ahirna jadi sobat.


Nyi Epon resep oge milu jalan2 jeung Utari; lantaran Utari
mah loba duitna; jadi Nyi Epon bisa sering jajan … nya nu mayarna Utari. Utari
resep oge bareng jeung Nyi Epon lantaran kaciri Nyi Epon mah teuneung ludeung
teu aya riuk2 sieun teh, ku saha oge. Hehehhe tu da pangalamanana oge tilu kali
diculik.


Giliran Nyi Epon ngadongengkeun pangalamanana … manehna ngaku
urang Leuwiseeng; masantren di Wanayasa; ku sabab kesel nya ulin ka tatar
wetan; manehna sama sakali teu nyaritakeun soal manehna diculik mah; komo deui
soal Jalma mah. Utari oge teu loba tatanya deuih; percaya we ku carita sakitu
teh.
Hanca

Kirim email ke