Naha ngirim teh ari sugan ka kisunda; jadi cc ka uraang sunda; padahal maah eta teh ka US ! Hehehe teu taliti heula. Parunten ah.
--- On Mon, 7/1/13, Abbas Amien <[email protected]> wrote: From: Abbas Amien <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Roman - Siti Rayati (9) To: [email protected] Cc: "urangsunda" <[email protected]> Received: Monday, 7 January, 2013, 7:12 AM Maca ieu carita nu kasalapan; inget ka na polemik MA Salmun lawan Ayip Rosidi. Cek Ayip tah MAS teh geus ngaleuleuwihi pangarang aslina tina Baruang Ka nu ngarora; lantaran RADIKAL teuing carita Gogoda ka nu ngarora karangaan MAS teh; teu luyu jeung pikiraan jaman harita waktu ditulis Baruang ka nu ngarora.( ku saha nya ? ) Rd. Secadibrata ? atawa Rd Soeriadireja ? Daeng Ardiwinata ? Ku sabab sanoesi geus kapangaruhan ku para pajuang harita ( PKI ); maka tulisanana revolusioner pisan. Naha enya kanyataan harita kitu ? Atawa eta mah kahayang Ki Sanoesi ? Nu jelas Boekoena pan teu pati laku ; lantaran saha nu rek meulina ? Urang lembur atuh masih loba keneh nu buta huruf; menak jeung santana atuh teu hayang meuli boekoe nu mihak ka nu baruntak ! Nu matak kuring ge rada hese nulis carita Jalma di na keur ngumpul jeung bangsa Pangkat Adipati ? Untung Nyi Padmini mah Pendekar; jadi geus ngajauhaan ka na sifat sinembah teh. Hehehehehe ..... --- On Mon, 7/1/13, Ki Hasan <[email protected]> wrote: From: Ki Hasan <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Roman - Siti Rayati (9) To: "Ki Sunda" <[email protected]> Cc: "Baraya Sunda" <[email protected]>, "Urang Sunda" <[email protected]> Received: Monday, 7 January, 2013, 3:12 AM Siti Rayati (41-45) Moh. Sanoesi Si babu tuluy disalin sarta cék dina haténa: "Éh naha keur geulis téh béréhan, karunyaan ..." bari tuluy indit ka warung meuli kertas. Gan Titi ngadagoan di buruan hareup, ngadeg di lawang ningalikeun trém ngaliwat. "Tabé non," cék abang urang Batawi kadua anakna awéwé datang kapayuneun Gan Titi, "saya permisi ketemu sama Patimah!" "Siapa Patimah ... apa dia kerja di sini?" "Saya non, jadi tukang cuci." "O, iya, tunggu saja sebentar!" Teu lila jol babu datang mawa kertas jeung amplok, sarta manéhna kagét barang nénjo salakina jeung anakna, nangtung deukeut pot kembang. "Bu," saur Gan Titi, "saha tuh nu nanyakeun babu." "Sumuhun salaki abdi Gan," wangsulna, "sareng éta pun anak." "Atuh da éta nanyakeun Patimah, teu nyho ... panyana téh lain ngaran babu. Ké kuring méré coklat keur anak babu," bari tuluy anjeunna angkat ka kamar sarta teu lila torojol anjeunna sumping deui nyandak coklat bari tuluy di paparinkeun ka anakna babu. Surat teras didamel dina mesin tulis, tapi unina pondok baé, nyaéta ngan ngunjukkeun yén anjeunna moal iasa sumping kusabab moal meunang permisi, lantaran anyar kénéh didamelna ngan baé saur anjuenna, di mana aya peré dua atawa tilu poé, tangtu merlukeun sumping. Henteu dua poé surat ti Gan Titi katarima ku ramana. Kacida pisan anjeunna melang sok sieun kumaha onam lantaran nurutkeun kecap-kecapna dina surat, kamanahan ku anjeunna putrana geus moal salah deui, meunang ka teu ngeunah ti ibu kawalonna, dalem istri. Heuleut dua poé ti sanggeus surat datang, tuluy Pangawulaan angkat ka Batawi, sarta ka garawana nyarios, aya kaperluan dines. Ngarénjag barang Gan Titi mulih ti kantor nyampak ramana keur cacarios jeung nyonya van der Goud di payun bumina, sarta geus teg baé dina manah anjeunna, yén pang ramana sumping ka Batawi téh euweuh deui lian ti lantaran nampi surat ti anjeunna. Sanggeus sakabéhna taruang, pangawulaan henteu terus kulem, tapi tuluy baé ka kamar Gan Titi nyandak sasauran paduduaan. "Ti," saur anjeunna, "mama téh nu matak gancang datang ka dieu, barang mama maca surat kitu ti Titi. Ayeuna mah terus teang baé ka mama meureun Titi téh henteu betah reureujeungan jeung embina, nya? Tah ayeuna mah béjakeun baé ku Titi ka mama, naon ka teu ngeunah téh atawa sok kumaha embi téh?" "Nuhun atuh, ari mama parantos uninga mah," saur putrana tungkul calik dina korsi mayun ka ramana. "Enya, tapi mama hayang nyaho, naon sabab-sababna, pék baé caritakeun entong dihalang-halang, kapan mama boga pamajikan ogé dijurung ku Titi." "Éta mama, embi mah sok kacida teuing ka abdi téh, siga naker abdi téh anu teu boga indung, teu boga bapa, budak panggih cenah abdi téh ...." "Naha kumaha ti?" Ramana semu nu kagét campur jeung reuwas. "Sok sering ku abdi kakuping majar abdi budak panggih ti kebon, budak sésa anjing, malah cédana ogé saurna curuk abdi kiwed, sareng seueur-seueur deui kasauranana anu matak héran sareng matak ngenes kana haté abdi. Kacida teu kahartosna abdi mah, kapan abdi téh puguh bapana puguh indungnna, naha mana gemes-gemes teuing atuh embi téh ka abdi." Sakeudeung mah pangawulaan ngahuleng baé bari ngalimba émut ka garwana anu pupus, sarta semu nu kaduhung tambah jeung keuheul anjeunna nyarioskeun ieu rasiah putrana ka garwana nu ayeuna, "Ah tong didéngé Ti nu kitu mah," saur anjeunna, "sing karunya ka mama, entong nénjo sasaha ayeuna mah, ténjo baé mama." "Kumaha atuh ari teu didéngé, da kadéngé ku abdi téh. Éta margina numawi abdi ngajauhan ogé, hayang ulah nguping naon-naon. Hanas bilih ngabarubahkeun, bilih embi bendu, keun baé ayeuna mah entong dikintunan artos abdi téh, da abdi parantos gaduh gajih." Ramana henteu gancang ngajawab, lantaran sasauran anjeunna euweuh anu asup, turug-turug sakabéh cariosan putrana ku pangawulaan kamanah yén bener, tur pantes pang putrana henteu keresaeun deui mulih ka ibu kawalonna, tapi teu weléh anjeunna ngalelemu putrana sarta saurna: "Jeung éta Ti, kumaha nu matak Titi teu badami heula jeung mama téh; bébéja-bébéja ayeuna baé geus digawé. Pikeun mama terus terang baé, henteu cocog Titi digawé téh, tokh sasenang-senangna ogé nu buburuh, geus karasa ku mama henteu ngeunah." "Ari abdi mah mama," saur putrana, "itung-itung milih-milih rabi, mindah-mindah rasa baé, sugan ayeuna abdi ngeunah gaduh damel, da geuning abdi ka étang teu gaduh damel ogé, ngan saukur ngawulaan mama sareng embi, haté ngan juwet baé, teu aya pisan kasenangan ksarasana téh. Atuh henteu ngeunah baé ayeuna dina gaduh padamelan kuli, nya teu aya pamenganana masing énjing pagéto ogé abdi kaluar tina ieu padamelan da henteu téken kontrak ieu." "Is, lain kitu ari pikiran mama mah ..." di dieu pangawulaan ngarandeg sakeudeung, semu nu ngamanahan picarioseun. "Kusabab Titi geus gedé, pangarti geus cukup, tur ku saréréa nu ditéangan kasenangan, kahayang mama téh atuh boga salaki baé Ti. Geura pikir ku Titi sing bener, sing lantip ...awéwé nya boga salaki ...geus biasa éta téh kitu ti karuhun urang mah." "Yaktos kahartos pisan ku abdi ogé, miwah parantos biasa mah, nanging pédah parantos biasa, naha parantos tangtos abdi upami gaduh salaki, pependak sareng kasenangan? Sanajan abdi ogé, sanés alim gaduh salaki, mung dina waktos ieu abdi teu acan gaduh émutan." Raray ramana beureum semu nu keuheul, lantaran sasauranana kasedekeun ku putrana, tur kamanahna ku anjeuna mémang upama dipikir panjang mah henteu salah sasaur-sasaurna putrana téh, tapi parandéné kitu, ari ngolo mah sangkan Gan Titi kera kagungan carogé, henteu weléh, babakuna kapalay anjeunna supaya putrana kagungan carogé ka pangkat luhur, bubuhan ramana tedak ménak, ahli bisluit, jadi putra, kakasih gegedén-gegedén, sarta saurna: "Enya bener ku kitu téa mah Ti, henteu salah, tatapi da hina di urang mah ari geus gedé-gedé teuing teu boga salaki." "Perkawis éta mah mama ku abdi samasakali henteu dipaké leutik haté, nya kumaha anu nyebut baé, margi kasusahannana atanapi kateungeunahanana, tokh moal karasa ku batur, nanging tangtos abdi sorangan anu bakal ngaraakeun." "Enya bener Titi boga pikiran kit, tapi pikir heula baé masing lantip. Geura ieu mama geus kadua kali eiu nampa surat ti nu mikarep ka Titi. Geuning ku mama dibéjakeun dina surat ka Titi; tapi mama tacan bisa ngawaalonan, lantaran tacan meunang walonan ti Titi. Ari nu matak kacida pisan mama cocogna, Titi ka dinya téh, sabab rék néangan naon deui, jadi bopati manéhna tangtu, ngan iraha-irahana, éta kari milik manéhna jeung milik Titi. Jaba ti éta gulangkep jeung embina sarundayan sakaruhun. Péndék perkara manéhna bakal jadi bopati, timbangan mama mah geus moal salah deui, buktina geuning satuturunanana jareneng ogé laluhur baé." "O, jadi mama téh badé ngarérémokeun abdi ka dinya ...?" Saur Gan Titi bari semu nu bendu, sarta kagét, "Ah, teu aya panginten mama, teu surup sareng lelembutan abdi ..." "Na ku naon Ti, semu ngéwa kawas nu geus wawuh?" "Éta margina ku lantaran teu acan wawuh téa, abdi teu gaduh émutan ... ari ngéwa mah teu pisan-pisan, da teu gaduh kaawonan sareng manéhna. Sareng mama tokh sanés badé nyiksa abdi." "Nyiksa ...?" Saur ramana kagét. "Sumuhun ... tokh ku mama seueur nu dipindingan ...siga naker anu mama henteu uninga téh ...." "Dipindingan ... na kumaha kitu Ti?" "Ari nu bui lantaran maling duit, saha mama? Teu acan lami deui kénging surat ... saha éta? Lain éta maksud mama téh? Naha ku mama éta teu dicarioskeun? Émutan abdi ayeuna mah moal nanjung deui, margi kagorénganana kasalahanana ditémbongkeun ku maranéhna sorangan." Ramana ngahuleng henteu sakecap-kecap acan, henteu disangka yén putrana nepi ka dinya kauningana. "Péndék abdi ayeuna badé terus terang baé," Gan Titi neruskeun deui sasauranana, "sanés pisn abdi nampik atanapi ngahina, saeutik ogé abdi henteu ngalamun atanapi kabita ku jadi pamajikan regent téh, sumawonten jadi pamajikan katurunan éta mah. Di palebah dieu émutan abdi, sanés pisan abdi nyiduh ka langit magaha ka kolot, mama kacida kaliruna, lantaran ngadanguna atanapi ningalina ti spihak baé." "Kaliru kumaha Ti?" "Sumuhun ... éta mama nyaurkeun majar manéh turunan éta sadayana saé ... Nanging seueur anu kakuping ku abdi henteu saé, duka dadanguan mama baé nu nyepeng kabupatian, tapi abdi tiasa nyanggemkeun yén rahayat 99 persén kénging disebatkeun parantos teu aya kapercantenanana ka maranéhna téh. Komo upami beuki ditu mah mama ngamanahanana ...sarta anu tangtos mama uninga, nyaéta hiji kajadian anu ku permilina dirasiahkeun, tangtos éta ku mama kahartos margina abdi alim lakian ka éta turunan, nya éta ngajagi supados anak atanapi turunan abdi ulah aya anu gering, teu waras saperti jalma biasa, kajeun malarat, asal pikiranana séhat, kajeun teu jeneng, teu nyekel pangkat, asal ulah dimusuhan atanapi dipikangéwa, dihina ku jalma réa." Gogodeg ramana barang ngadangu sasauran putrana anu panjang lébar, tur euweuh salahna. Kabéh karaos jeung kauninga ku anjeunna, yén katerangan putrana mémang pabéntar, pasalia jeung pamdegan anjeunna anu salah. "Ayeuna mah," saur Gan Titi, "upami baé mama nampi deui serat sarupi kitu, paménta abdi, langkung saé waleran baé sebatkeun kedah ditujulkeun ka abdi, supados énggal diwaleran, henteu arep-arepeun." Ramana teu iasa ngabantah deui ka sakur nu geus disaurkeun bieu ku putrana, sarta henteu papanjangan deui nyarioskeun tina éta perkara, lantaran ayeuna geus kamanah ku anjeunna yén putrana samasakali dina palebah éta mah sarupa, laki-rabi, taya petana beunang diadu-adukeun saperti kabiasaan sawaréh kolot bangsa urang nu kurang panemuna. "Nya ari Titi boga pikiran kitu mah, mama moal maksa," saur anjeunna bari tuluy kaluar angkat ka jamban. Isukna anjeunna tuluy baé mulih, sarta ti harita sigana rada henteu daréhdéh deui saperti sasari ka garwana, lantaran bendu rasiah putrana saolah-olah dihaja dibéjakeun ka jinisna, sarta teu eureun-eureun ngamanahan kumaha akalna sangkan manah putrana nu geus raheut ku ibu kawalonna bisa cageur deui. "Ku naon engkang, kawas aya nu dimanahan baé, henteu pati kulem, henteu pati barangtuang?" Saur dalem istri ka carogéna. "Sanggeus sumping ti Batawi baé engkang jadi ... kawas nu gering nangtung baé kitu ...si Titi meureun gering, nya engkang? Ulah nyaah-nyaah teuing pira anak batur, mending mun puguh indung bapana mah ..." Pangawulaan jongjon baé calik bari ngelepus ngalelet surutu, siga nu teu merduli ka garwana anu keur ngocoblak ngagoréngkeun putra kawalonna sarta lila-lila saurna: "Endén, ayeuna mah ulah sok nitah barang beuli ka camat atawa ka wadana nya ...!" "Naha engkang matak naon ... da lain ménta ieuh ... naha teu kénging ku saha?" "Lain teu meunang, tapi urang kudu boga pikiran sorangan, sabab salawasna ngarugikeun ka maranéhanana. Geuningan kamari méré duit keur meuli endog dua ratus, ari jol opat ratus, nitah meuli hayam dua puluh, jol dua puluh lima, ari duitna angger baé sakitu." HANCA
