Nya ahirna mah nepi we ka Giri Resik. Ki Sarwa, lain bungah nepi ka imahna teh; malah ngarasa sedih …. Duka ku naon … asa jararauh panineungan.
Ti semet harita Ki Sarwa; gawena huleng jentul nguluwut … malah urusan ka Jepara diwakilkeun we ka nu sejen. Ki Sarlita, bapana nyampeurkeun nanya ku naon manehna bet robah jadi kuuleun kitu; tungtungna mah Ki Sarwa balaka; yen manehna geus kapincut ku hiji wanoja. Ki Sarlita nyarita mani daria pisan :”Kitu2 wae mah, make sok dijieun susah … hayu urang teang saha awewena nu geus ngajiret hate anak bapa teh ?” Ki Sarwa :”Eta nu matak susah teh … sigana kuring teh katulah ku Sari; baheula mani galak pisan ngalarang Sari mikabogoh ka Jalma; tah ayeuna malah kuring ka pincut ku hiji pesilat wanoja !” Rada reuwas oge ki Sarlita… derekdek we Ki Sarwa ngadongengkeun hal papanggih jeung Nyi Epon urang Leuwiseeng tea. Cek Ki Sarlita, keun kuma engke we … ngan urang ulah mundur hayu urang ka Leuwiseeng; urang lamar Nyi Epon … hasilna urang pasrahkeun ka Gusti Allah.” Cek Ki Sarlita mere sumanget. Episode ka 75 : Ngalamar Nyi Epon Hanca
