Enya we Nyi Epon teh keur di imah Nyi Emeh sagawe gawe tea; masing dilarang ge keukeuh we. Assalamu’alaikum ! Cek Ki Astahiam. Waalaikum Salam tembal Nyi Emeh.
Terus we Ki Astahiam haharewosan ka Nyi Emeh; Nyi Emeh harita keneh gesat gesut dangdan terus nuju ka imah Ki Astahiam; Nyi Epon ge kapaksa milu. Na atuh barang kaluar urang Leuwiseeng geus nakleuk ngumpul ngariung; ngabring nuju imah Ki Astahiam, lantaran ngadenge beja aya nu ngalamar Nyi Epon. Ki Astahiam jigrah, jeung bungah, dibarung hariwang; lantaran nyaho adat Nyi Epon. Para pamuda nu memang rarajin boga inisiatif ngajakan kabeh tamu ngumpulna di masjid Al Muhajirin tea; nya atuh bring kabeh kaditu; nu boga kapentingan sina dijero masjid; ari nu sejen mah ngadedenge we diluar; enya ge can umum speaker harita mah. Nu dijarero , salian ti Ki Astahiam jeung pamajikanana, tangtu we Nyi Emeh nu dipihormat ku sakampung; terus tua kampung; Nyi Epon; Ki Sarlita; Ki Sarwa jeung sababaraha badega, diantarana jelema Hideung tea; pamuda kampung oge aya di dinya; Ki Bejo tangtu kaasup lantaran guru Silat para pamuda sakampung eta. Teu lila sur sor nu ngasupkeun sarupaning lalawuh jeung sateko teh jeung batok paragi nginum; nya sanggeus tarapti ngong we Tua kampung ngamimitian nyarita : “Assalamu’alaikum wr wb …. Nu dijawab mani reang … waalaikum salaam…. Tah ayeuna urang sarerea urang kampung Leuwiseeng, kadatangan tamu ti Giri Resik , nya eta Ki Sarlita … mangga waktos dipasihkeun we ka ieu tamu, supaya nyarioskeun naon kaperyogianana pang sumping ka Leuwiseeng ieu, mangga Ki Sarlita majeng …” Hanca
