Jadi Ki Sarwa ngan bati melengek we; ari
bapana, nya eta Ki Sarlita rampang reumpeung, lantaran ngarasa teu boga kabisa.


Keur kitu si Sueb hiji pamuda Leuwiseeng nangtung; terus we
maju bari pok ngomong:”Ti baheula kuring teh resep ka Nyi Epon; tapi Nyi Epon
sok tampikan jadi teu wani; tah atuh ayeuna mah kasempetan, kuring rek nyoba.”
Bari manehna terus maju katengah.


Si Sueb teh salah sahiji murid Ki Bejo; nu geus sataun guguru
ka Ki Bejo, manehna boga rasa ayeuna aing bisa ngajodo ka Nyi Epon, teu apaleun
yen kabisa Nyi Epon jauh jeung baheula. Ayeuna mah lain Nyi Epon baheula nu teu
bisa silat. Ayeuna mah Nyi Epon kaasup pendekar wanita nu lumayan gagah.


Nyi Epon terus luncat ka tengah :”Sok Sueb maju !” cenah.

Barang Si Sueb maju, barang geprak bae dijejek; mani
babangkieungan si Sueb; barang rek maju deui heat gubrag wae mani tigugulitik;
atuh gancang digarotong da Si Sueb teu walakaya.


Atuh salian ti surak … urang Kampung Leuwiseeng mani olohok
sabab teu nyangka Nyi Epon sakitu kesitna. Aya dua tilu pamuda nu nyoba2 tapi
kabeh ge ting jarungkel.


Ki Bejo nempo yen Nyi Epon memang lain tandingan murid2na;
manehna rek maju oge na hatena keun ieu mah jodoh aing meureun; Ki Bejo ngarasa
yakin na hatena yen manehna bakal bisa ngelehkeun Nyi Epon; tapi barang rek
maju; manehna ngarasa kaget pisan lantaran manehna sama sakali teu bisa
ngagerakkeun suku jeung leungeunna.


“Aduh kunaon ieu aing ngadadak lumpuh ? bari jeung teu karasa
aya nu nyerang ? Wah mangkelukna pasti sakti pisan; tapi siga na mah lain rek
nyilakakeun ka aing; ah keun we hayang nyaho kumaha tah terusna ?”Cek Ki Bejo
di na jero hatena.


Ki Sarwa barang nempo kaayaan Nyi Epon sakitu; terus we nyarita
ka bapana bari haroshos; yen lamaran teh batalkeun wae. Ngomongna Ki Sarwa 
kacida
launna ampir teu kaluar2 acan sorana; bapana oge ngarti; tapi teu nyaho kumaha
Ki Sarlita jadi amarah; terus molotot ka Ki Sarwa; yen lalaki mah ulah kumeok
memeh dipacok; eleh mah biasa tapi mundur ulah pisan !


Ki Sarwa sajongjongan mah ngahuleng, maju salah mundur salah
…

Keur kitu persis na ceulina siga aya nu ngaharewos … Ki Sarwa
rungah ringeuh da teu nempo jelemana … tapi sanggeus Ki Sarwa cicing deui teu
luak lieuk; ngong deui eta sora kadenge deui persis ka na ceulina:”Sarwa tong
gimir; sok we sanghareupan eta Nyi Epon; maneh bakal dijadikeun Pendekar Silat
aayeuna keneh; sok percaya we ulah galideur ! Turutkeun we naon nu diomongkeun
!”


Ki Sarwa nempo bapana siga nu keuheul; terus ngadenge aya
sora nu teu puguh jirimna nitah maju; Ki Sarwa ahirna nekad maju nyanghareupan
Nyi Epon.
Hanca


Kirim email ke