Siti Rayati (56-59)
Moh. Sanoesi

Isukna Gan Titi kadua babuna Patimah mulih ka Batawi lantaran pagétona kudu
maju deui ka kantor. Dina karéta api euweuh deui anu dimanah ku anjeunna,
kumaha akalna palay patepang jeung ibu rama, palay uninga aya kénéh atawa
henteuna.

"Eh, nepi ka teu nyaho di indung jeung bapa ..." Saur anjeunna dina
manahna. "Aing teu timu ... éra temen lamun nu séjén nyahoeun, yén aing teu
puguh indungna, teu puguh bapana ... Paingan manéhna sakitu ngahinana ka
aing ..." Anjeunna émut ka ibu kawalonna keur waktu ngagelendeng. Pantes
ari kieu mah kaayaan diri aing ... ..." Segruk anjeunna nangis, cisoca
nyuruluk ka salempayna.

Si babu anu diuk di gédéngeun anjeunna, ogé ngalimba milu sedih, milu
ngenes, nénjo dunungan nyegruk baé nangis.

Isukna poé Rebo, anjeunna angkat deui ka kantor, sarta babuna Patimah
digawé saperti biasa popolah jeung bébérés di bumi.

Poé Ahad isuk-isuk babu geus disauran ku Gan Titi kudu nyadiakeun tempat
saré keur lurah pareman Cirayati jeung pamajikanana. Soréna Gan Titi angkat
jeung si Nani ka statsion Gambir mapagkeun sémah. Pukul genep leuwih
saeutik karéta api datang sarta ti kajauhan kénéh Natamanggala jeung
pamajikanana nolol tina jandéla ngagupayan ka Gan Titi.

Sémah, Gan Titi jeung si Nani terus kana ebro, bari sajajalan teu
eureun-eureun ngobrol, babakuna sémah anu kakara ti gunung datang ka dayeuh
anu sakitu gedéna.

Kira-kira sanggeus saparapat jam, ebro datang ka hareupeun bumi Gan Titi,
sarta Patimah geus ngajanteng baé di lawang ngadagoan tatamu.

Natamanggala jeung pamajikanana bengong baé hookeun nénjo Gan Titi geus
iasa bumén-bumén ku anjeun, tur anu sakitu resikna. Tapi ku lantaran Gan
Titi sakitu daréhdéhna soméahna ka sémah, komo ieu mah dianggap ku anjeunna
aperti gaganti sepuhna, sémah duanana ogé henteu ngarumas, henteu asa-asa,
tapi rarasaanana asa diimahna soranngan baé.

"Gan," cék pamajikan Natamanggala, bari nunjuk ka babu, "ieu mah babu anu
basa dicandak kamari ieu téa, sanés?"

"Enya ema, naha poho deui?"

"Atuh da éta maké baju panjang, panyana ema téh empo."

"Geus biasa di dieu mah ma."

"Saha téa ngaranna Gan?"

"Patimah, tapi kuring mah salawasna nyebut babu baé. Atuh da ti baréto keur
waktu kuring di tuan van der Goud, manéhna geus ngawulaan ka kuring."

Unggal soré di mana Gan Titi geus mulih ti kantor, sémah dianteur dicandak
ka toko anu galedé, malah sakapeung-kapeungeun sok dicandak ogé ningali
bioskop atawa kamédi kuda.

"Ma, ké poé Ahad," saur anjeunna, "ku kuring dibawa ka gedong gajah nénjoan
barang-barang nu aranéh."

Barang geus meunang lima welas peuting sémah nganjangna, sarta méh sakota
Batawi anu aranéh mah geus ka papay, kakara Gan Titi kagungan manah deui
rék uas-aos ngabangbrangkeun manahna.

Pukul satengah salapan soré, anjeunna calik di tengah bumi dina korsi
panjang, ngaos surat kabar, sarta digédéngeunana babu diuk dina samak
ngabedahan baju; sémah duaan dariuk di juru ngaropi, nginum bandrék jeung
ngadaharan kacang tanah.

"Aya naon Gan nu anéh," cék Patimah, anu maksudna hayang ngabeberah
dununganana. "Ari nu kagéléng trém sok dilebetkeun kana surat kabar, Gan?"

"Naha iraha aya nu kagéléng, bu?"

"Kamari Gan, awéwé nepi ka terus maot."

"Euweuh di dieu mah ... tapi aya ogé nu dipaéhan ..."

"Saha Gan nu dipaéhan?"

"Tuan kontrak di Déli."

"Ku naon Gan?"

"Ah, bonganna sorangan baé, maksa awéwé, anakna mandor besar umur 13 taun
... terus anakna bébéja ka bapana ... tuluy baé dikoroyok ku kuli-kulina.
Sirahna remuk samasakali, awakna béak dicacag. Malah asalna mah ti dieu ..."

"Ti dieu ti mana Gan?"

"Ti ... kontrakan Ragasirna bawahan Sukabumi ... malah ti dinya ogé diusir
ku kawasana, da éta sok teuteunggeul, jeung sok maksa ..."

Gebeg haténa Patimah, barang ku manéhna kadéngé ngaran kontrakan Ragasirna,
inget kana lalampahan manéhna nu ka tukang-tukang, sarta mikir dina haténa:
"Naha éta tuan téh nu ngahina aing téa ...?" Bari guntingna nu dicekel
diteundeun.

"Naha eureun ngabedahan téh?" Saur Gan Titi, bari surat kabar dilésotkeun
tina pananganana, diselang ku ngarut. "Geus anggeus?"

"Éta disebatkeun ngaranna tuan nu dipaéhan téh, Gan?"

"Lah, naon maké hayang nyaho ngaranna sagala, naha boga baraya walanda?"

"Ih, sanés, sugan baé abdi wawuh, da abdi parantos jadi koki kapengker di
tuan kontrak."

Gan Titi kapaksa nyandak deui surat kabar, ningalian ngaranna tua nu
dipaéhan.

"Steenhart, bu ... !" Saur anjeunna.

"Aduh!" Babu bluk nyuuh, kana bajuna nu keur dibedahan, puas pabaur jeung
reuwas, inget kana titis tulis bagja diri, kulak canggeum bagja awak
manéhna. Péndék harita, lalakon jeung lalampahan hirup manéhna ti keur di
kontrakan Ragasirna nepi ka ingkahna ti dinya, nepi ka ngajuru nepi ka
ayeuna, ku manéhna kabéh kacipta ku ati, kagambar ku pikiran, bari nyegruk
...

Sémah bingung hookeun pada henteu ngarti, Gan Titi nya kitu deui, bari
lungsur tina korsina mariksa: "Bu, ku naon ... teu nyarita ... ku naon ...
," bari sirahna diusapan.

Meunang saparapat jam mah babu teu ngawalon, cicing baé, susah kumaha nya
pijwabeun, binngung kumaha nya unjukan ka dununganana. Tapi lila-lila
lantaran ku Gan Titi dihantem dipariksa, dipiwarang nyarita wakca balaka,
balaka manéhna nyaritakeun lalakonna anu saterus-terangna kalawan teu
disumput salindungkeun, ti mimiti kuli di kontrakan Ragasirna, terus dihina
ku tuan Steenhart, tuluy reuneuh, sarta kapaksa indit ti éta kontrakan,
nepi ka brol ngajuru di kebon ganas, budak ditinggalkeun, teu lila manéhna
balik deui lantaran anakna digégél anjing, terus dituruban ranggap sarta
tuluy ditinggalkeun deui, péndék kabéh ku manéhna, taunna, bulanna,
lebah-lebahna keur waktu ngajuru euweuh nu kaliwat dicaritakeun ...

Si babau ngomong kénéh, gabrug ku Gan Titi jeung sémah téa dirontok, inget,
cocog jeung katerangan pamajikan Lurah Cirayati, pagulung-gulung jeung
sémah, anu ayeuna ngarti, yakin yén babu, Patimah téa, ibuna tulén Gan Siti
Rayati, anu ramana tuan Steenhart, anu ayeuna geus euweuh dikieuna ...

"Hapunten ibu ... hapunten ... tobat ampun ... nya abdi putra ibu téh ...
... abdi ... abdi ..." Saur Gan Titi ka ibuna, kadéngé sora ngalengis, suka
pabaur jeung duka, asih pacampur jeung sedih.!!!!!!!!!!!!
*********************

Supaya sakabéh terang, Gan Titi terusna nikah, jeung jurnalis tukang
ngarang, salamet aya berekah.

Ma lurah ti Cirayati, kitu deui salakina, dipikolot ku Gan Titi, diurus
taya kendatna.

Tina damelna kaluar, terus angkat ka Semarang, ngadamel di surat kabar,
jadi pembantu pangarang.

Gan Titi jeung salakina, éstu euweuh kuciwana, duanana nyepeng péna, nyerat
ngabéla rayatna.

Ibuna, Patimah téa, ku anjeunna disirnakeun, disenangkeun, si Nani raina
téa, dicandak disakolakeun.

T A M A T
*****

Kirim email ke