Enya, tamba nanggeuy gado, kang Usep. hehehe

2013/1/12 USEP SOLIHIN <[email protected]>

> **
>
>
>
> Ubar ngalamun ki mc roman ST RAYATI ...héhé...
> ------------------------------ Pada Sab, 12 Jan 2013 07:39 ICT Ki Hasan
> menulis: >Siti Rayati (56-59) >Moh. Sanoesi > > >Isukna Gan Titi kadua
> babuna Patimah mulih ka Batawi lantaran pagétona kudu >maju deui ka kantor.
> Dina karéta api euweuh deui anu dimanah ku anjeunna, >kumaha akalna palay
> patepang jeung ibu rama, palay uninga aya kénéh atawa >henteuna. > >"Eh,
> nepi ka teu nyaho di indung jeung bapa ..." Saur anjeunna dina >manahna.
> "Aing teu timu ... éra temen lamun nu séjén nyahoeun, yén aing teu >puguh
> indungna, teu puguh bapana ... Paingan manéhna sakitu ngahinana ka >aing
> ..." Anjeunna émut ka ibu kawalonna keur waktu ngagelendeng. Pantes >ari
> kieu mah kaayaan diri aing ... ..." Segruk anjeunna nangis, cisoca
> >nyuruluk ka salempayna. > >Si babu anu diuk di gédéngeun anjeunna, ogé
> ngalimba milu sedih, milu >ngenes, nénjo dunungan nyegruk baé nangis. >
> >Isukna poé Rebo, anjeunna
>
> angkat deui ka kantor, sarta babuna Patimah >digawé saperti biasa popolah
> jeung bébérés di bumi. > >Poé Ahad isuk-isuk babu geus disauran ku Gan Titi
> kudu nyadiakeun tempat >saré keur lurah pareman Cirayati jeung
> pamajikanana. Soréna Gan Titi angkat >jeung si Nani ka statsion Gambir
> mapagkeun sémah. Pukul genep leuwih >saeutik karéta api datang sarta ti
> kajauhan kénéh Natamanggala jeung >pamajikanana nolol tina jandéla
> ngagupayan ka Gan Titi. > >Sémah, Gan Titi jeung si Nani terus kana ebro,
> bari sajajalan teu >eureun-eureun ngobrol, babakuna sémah anu kakara ti
> gunung datang ka dayeuh >anu sakitu gedéna. > >Kira-kira sanggeus saparapat
> jam, ebro datang ka hareupeun bumi Gan Titi, >sarta Patimah geus ngajanteng
> baé di lawang ngadagoan tatamu. > >Natamanggala jeung pamajikanana bengong
> baé hookeun nénjo Gan Titi geus >iasa bumén-bumén ku anjeun, tur anu sakitu
> resikna. Tapi ku lantaran Gan >Titi sakitu daréhdéhna soméahna ka
> sémah, komo ieu mah dianggap ku anjeunna >aperti gaganti sepuhna, sémah
> duanana ogé henteu ngarumas, henteu asa-asa, >tapi rarasaanana asa diimahna
> soranngan baé. > >"Gan," cék pamajikan Natamanggala, bari nunjuk ka babu,
> "ieu mah babu anu >basa dicandak kamari ieu téa, sanés?" > >"Enya ema, naha
> poho deui?" > >"Atuh da éta maké baju panjang, panyana ema téh empo." >
> >"Geus biasa di dieu mah ma." > >"Saha téa ngaranna Gan?" > >"Patimah, tapi
> kuring mah salawasna nyebut babu baé. Atuh da ti baréto keur >waktu kuring
> di tuan van der Goud, manéhna geus ngawulaan ka kuring." > >Unggal soré di
> mana Gan Titi geus mulih ti kantor, sémah dianteur dicandak >ka toko anu
> galedé, malah sakapeung-kapeungeun sok dicandak ogé ningali >bioskop atawa
> kamédi kuda. > >"Ma, ké poé Ahad," saur anjeunna, "ku kuring dibawa ka
> gedong gajah nénjoan >barang-barang nu aranéh." > >Barang geus meunang lima
> welas peuting sémah nganjangna, sarta méh sakota
> >Batawi anu aranéh mah geus ka papay, kakara Gan Titi kagungan manah deui
> >rék uas-aos ngabangbrangkeun manahna. > >Pukul satengah salapan soré,
> anjeunna calik di tengah bumi dina korsi >panjang, ngaos surat kabar, sarta
> digédéngeunana babu diuk dina samak >ngabedahan baju; sémah duaan dariuk di
> juru ngaropi, nginum bandrék jeung >ngadaharan kacang tanah. > >"Aya naon
> Gan nu anéh," cék Patimah, anu maksudna hayang ngabeberah >dununganana.
> "Ari nu kagéléng trém sok dilebetkeun kana surat kabar, Gan?" > >"Naha
> iraha aya nu kagéléng, bu?" > >"Kamari Gan, awéwé nepi ka terus maot." >
> >"Euweuh di dieu mah ... tapi aya ogé nu dipaéhan ..." > >"Saha Gan nu
> dipaéhan?" > >"Tuan kontrak di Déli." > >"Ku naon Gan?" > >"Ah, bonganna
> sorangan baé, maksa awéwé, anakna mandor besar umur 13 taun >... terus
> anakna bébéja ka bapana ... tuluy baé dikoroyok ku kuli-kulina. >Sirahna
> remuk samasakali, awakna béak dicacag. Malah asalna mah ti dieu
> ..." > >"Ti dieu ti mana Gan?" > >"Ti ... kontrakan Ragasirna bawahan
> Sukabumi ... malah ti dinya ogé diusir >ku kawasana, da éta sok
> teuteunggeul, jeung sok maksa ..." > >Gebeg haténa Patimah, barang ku
> manéhna kadéngé ngaran kontrakan Ragasirna, >inget kana lalampahan manéhna
> nu ka tukang-tukang, sarta mikir dina haténa: >"Naha éta tuan téh nu
> ngahina aing téa ...?" Bari guntingna nu dicekel >diteundeun. > >"Naha
> eureun ngabedahan téh?" Saur Gan Titi, bari surat kabar dilésotkeun >tina
> pananganana, diselang ku ngarut. "Geus anggeus?" > >"Éta disebatkeun
> ngaranna tuan nu dipaéhan téh, Gan?" > >"Lah, naon maké hayang nyaho
> ngaranna sagala, naha boga baraya walanda?" > >"Ih, sanés, sugan baé abdi
> wawuh, da abdi parantos jadi koki kapengker di >tuan kontrak." > >Gan Titi
> kapaksa nyandak deui surat kabar, ningalian ngaranna tua nu >dipaéhan. >
> >"Steenhart, bu ... !" Saur anjeunna. > >"Aduh!" Babu bluk nyuuh, kana
> bajuna nu keur
> dibedahan, puas pabaur jeung >reuwas, inget kana titis tulis bagja diri,
> kulak canggeum bagja awak >manéhna. Péndék harita, lalakon jeung lalampahan
> hirup manéhna ti keur di >kontrakan Ragasirna nepi ka ingkahna ti dinya,
> nepi ka ngajuru nepi ka >ayeuna, ku manéhna kabéh kacipta ku ati, kagambar
> ku pikiran, bari nyegruk >... > >Sémah bingung hookeun pada henteu ngarti,
> Gan Titi nya kitu deui, bari >lungsur tina korsina mariksa: "Bu, ku naon
> ... teu nyarita ... ku naon ... >," bari sirahna diusapan. > >Meunang
> saparapat jam mah babu teu ngawalon, cicing baé, susah kumaha nya
> >pijwabeun, binngung kumaha nya unjukan ka dununganana. Tapi lila-lila
> >lantaran ku Gan Titi dihantem dipariksa, dipiwarang nyarita wakca balaka,
> >balaka manéhna nyaritakeun lalakonna anu saterus-terangna kalawan teu
> >disumput salindungkeun, ti mimiti kuli di kontrakan Ragasirna, terus
> dihina >ku tuan Steenhart, tuluy reuneuh, sarta kapaksa indit ti éta
> kontrakan, >nepi ka
> brol ngajuru di kebon ganas, budak ditinggalkeun, teu lila manéhna >balik
> deui lantaran anakna digégél anjing, terus dituruban ranggap sarta >tuluy
> ditinggalkeun deui, péndék kabéh ku manéhna, taunna, bulanna,
> >lebah-lebahna keur waktu ngajuru euweuh nu kaliwat dicaritakeun ... > >Si
> babau ngomong kénéh, gabrug ku Gan Titi jeung sémah téa dirontok, inget,
> >cocog jeung katerangan pamajikan Lurah Cirayati, pagulung-gulung jeung
> >sémah, anu ayeuna ngarti, yakin yén babu, Patimah téa, ibuna tulén Gan
> Siti >Rayati, anu ramana tuan Steenhart, anu ayeuna geus euweuh dikieuna
> ... > >"Hapunten ibu ... hapunten ... tobat ampun ... nya abdi putra ibu
> téh ... >... abdi ... abdi ..." Saur Gan Titi ka ibuna, kadéngé sora
> ngalengis, suka >pabaur jeung duka, asih pacampur jeung sedih.!!!!!!!!!!!!
> >********************* > >Supaya sakabéh terang, Gan Titi terusna nikah,
> jeung jurnalis tukang >ngarang, salamet aya berekah. > >Ma lurah ti
> Cirayati, kitu
> deui salakina, dipikolot ku Gan Titi, diurus >taya kendatna. > >Tina
> damelna kaluar, terus angkat ka Semarang, ngadamel di surat kabar, >jadi
> pembantu pangarang. > >Gan Titi jeung salakina, éstu euweuh kuciwana,
> duanana nyepeng péna, nyerat >ngabéla rayatna. > >Ibuna, Patimah téa, ku
> anjeunna disirnakeun, disenangkeun, si Nani raina >téa, dicandak
> disakolakeun. > >T A M A T >*****
>
>  
>

Kirim email ke