Tapi barang Nini Anti jeung Lasmini napak di eta karang Lungkawing … Hahahaha … hihihi …. Huhuhu … hohoho … hehehehe … wek wek wek wek …
Sada aya sora nu silih tembalan ; nu ngamatak ngaguruh jajantung .. gancang wae duanana nyalurkeun tanaga murni; keur ngalawan eta sora nu nyata geus nyerang ka maranehna duaan. Ku sabab sorana siga aya di mana2 ; jelemana teu jelas dimana ayana; duanana konsentrasi bari neuteup ka na datangna sora; tapi weleh teu kapanggih. Tapi Lasmini teu leungiteun akal ; bari tetep nyalurkeun hawa murni; manehna lalaunan ngarawu senjata rasiah nu ngarupakeun peso2 laleutik; ku sabab di na perkara maledogkeun senjata rasiah mah; Mawar Hideung rada istimewa lantaran terus diulik; nya ayeuna ngalungkeun eta senjata teh bisa nyebar ka sababaraha jurusan bari tanaga jeung kacepetanana sarua. Kumaha akibatna ? Eta nu nyakakak rada eureun sakeudeung … jeung aya sora heran. Tapi geus kitu eta si nu seuri ayeuna mah ngaluarkeun sora nu maksudna mah ngancam :” Heh jelema2 nu teu gableg pucus; jeung teu boga pagawean ! Mangka waspada … geus kapalang asup .. maraneh pasti lain manusa sambarangan … tapi maraneh bisa daratang; tapi teu bisa balik ! Mun teu kojor di ieu karang lungkawing; maraneh bakal dijadikeun babu di dieu !” “Hihihihihi! “ ayeuna kakara Nini Anti ngaluarkeun seurina nu matak pikasieuneun. “Naon sababna maneh geus nangtukeun bakal meunang; sabalikna ieu karang bakal dijadikeun tempat aing sanggeus NGUBUR bangke silaing !” “Hahahahaha !” kadenge sora seuri nu panjang pisan; bari tetep nyerang ku tanaga jero; tapi kaciri eta jelema nu ngagakgak teh semu ragu2 nyerangna sanggeus Lasmini/Mawar Hideung ngaluarkeun senjata rasiahna. Lasmini ayeuna nempo kaayaan eta jelema nu nyerang kacida memang hebat tanaga jerona; manehna mikir yen mun eta jelema teh bapana; tangtu bapana teh memang hiji Pendekar Sakti nu hese dilawanan ku saha oge; ngan bae ieu jelema mun enya bapana; naha teu apal ka manehna ? Rada nyeri hate oge Lasmini/Mawar Hideung; ku sabab ti dituna mah Lasmini teh ngaharep kadatanganana bakal ditarima kalawan daria ku bapana . Di na hal ieu Lasmini teu ngarti, yen bapana mah teu apal2 acan yen geus boga anak; nu matak ayeuna Lasmini/Mawar Hideung rek nekad nyerang ka jelema nu ngan ukur sorana wungkul kadenge; tapi teu kaciri lebah mana jelemana. Nya sanggeus Lasmini geus kuat ka na putusanana; manehna maju ka hareup bari maledogkeun senjata rasiah sakeunana; da puguh teu kaciri dimana nyumputna si eta jelema teh. Kumaha akibatna ? Seeer seerr sababaraha kali tring2 peso2 nu dibaledogkeun ku Lasmini ngarepluk, Lasmini na rada ngabangkieung lantaran aya tanaga ngadorong ti jurusan kakaian bari teu nyaho senjata rahasia naon nu dibaledogkeun; meureun sarua jeung Jalma; ngan wae tangtu tanagana leuwih gede sababaraha kali lipet ti Jalma waktu harita. Hanca
