Lasmini ngadenge omongan ibuna nya eta Nyi Padmini
sajongjongan melengek teu nyarita naon2; ngan loba pisan caritaan di na hatena
nu pinuh ku kapanasaran.

Keur kitu Ki Nurustunjung milu nyarita, bari tetep mesem
pinuh ku kanyaah, nu oge ayeuna mah karasa ku Lasmini Dewi; tapi ku sabab tetep
keuheul nya masih can daek ngadeukeutan :” Ku sabab bapa teh memang Ki
Nurustunjung, nu kalakuanana teu parok jeung batur; nya wajar ayeuna ge narima
hadiah senjata rasiah ti Enung , hehehe, ieu ku bapa bakal dianggap tanda
kanyaah ti anak ka bapa.   Yap kadieu geulis, bapa bungah pisan boga anak
nu gagah tur geulis kawas enung.”


Sajatina Lasmini memang ngaharep pisan papanggih jeung bapa;
nu matak datangna ka Karang Lungkawing pinuh ku sumanget, tapi ngareunteut
lantaran panarimaan bapana kacida jauh ti na panyangkana; tapi ayeuna geus
dijelaskeun ku Padmini yen saenyana Ki Nurustunjung teu apaleun yen geus boga
anak; lantaran teu puguh2 kabur ti karaton. 

Tapi ayeuna karasa pisan kanyaah ti
bapa ka anak ; kaciri Ki Nurustunjung bungah pisan boga anak teh; atuh Lasmini
ge bari ngengsod ngadeukeutan ka Ki Nurustunjung


 Lasmini sungkem ka na
pangkuan Ki Nurustunjung; teu karasa duanana atawa tiluanana murubut cipanon;
ku rupa rupa perasaan nu ngajadikeunana kitu.


“Bapa … hampura Lasmini .. geus nyerang bapa… “ Bari Lasmini
ngaragamang rek nyabut senjata rasiah nu naranceb di na awak Ki Nurustunjung.


“Teu nanaon Enung, ku bapa ge bisa.” Bari nyarita kitu eta nu
narancep teh ngaracleng. Kaget Lasmini bari bungah … yen bapana nyata tanaga
jerona luar biasa, saterusna ti na eta tatu kaluar getih, gancang we Lasmini
ngaborehkeun obat bubuk, diantep we ku bapana nya eta Ki Nurustunjung.


Sanggeus rada tenang , pok we Ki Nurustunjung nu mimiti
nyarita :”Nyi Padmini jeung anak Bapa Lasmini … hampura Kuring gede dosa … teu
ngurus ka sampeyan … jeung ninggalkeun bari teu bebeja2 acan .”


Nyi Padmini bari molotot, morongos :” Tadina mah teu sudi ka
dieu, ngan ieu Lasmini mereyeng wae hayang apal ka bapa … nya maksakeun diri we
bari pinuh ku kakeuheul jeung kacua, ka diri sampeyan Sangga Prakosa !”


“Emh kaharti Nyi … memang kuring nu gede dosa mah, tambelar
ka sampeyan jeung Lasmini. Tapi ku naon waktu harita, kapan teu kaop kuring
ngadeukeutan … Nyai teh Ka akang hahaok jeung sesentak wae gawe teh, teu kaop
nyabak naon wae nu aya di kamar, pasti disalahkeun, dianggap akang teh teu
meunang nyabak nanaon oge.”


“Tah waktu harita teh kuring keur meujeuhna nyiram … teu
nyaho kumaha nempo sampeyan teh langsung we ngarasa ijid.”


Ki Nurustunjung sanggeus apal yen boga anak , nya eta
Lasmini, ngadadak omongan jeung kalakuanana jadi loba sabar, pok we ngomong :”
Paingan ari Nyai keur nyiram mah … waktu harita ; tapi da kapan akang mah teu
apal … sugan teh nyai geus teu sudi deui ka akang … nya sanggeus mikir kitu
mah, teu ngengkekeun deui kuring indit … nya da Ki Nurustunjung tea ! He he.”


“Saenyana mah mun teu ngingetkeun Lasmini, kahayang mah
hayang males ka sampeyan teh Sangga Prakosa ! Sigana mah can ngagebugan nepi ka
saratus kali wae mah; can puas.” Padmini nyarita bari kaciri rada kekerot. Nu
dilawan ku seuri we ku Ki Nurustunjung; da kapan ti bareto oge sering pisan
meunang panyarekan ti Padmini; jeungna deui memang loba kasalahan Ki
Nurustunjung ka Padmini.


Nya ti harita mah eta nu tiluan teh ngahiji di Karang
Lungkawing; Lasmini ditingkatkeun elmuna ku bapana; utamana di na elmu tanaga
jero jeung hampang raga. 

Bareto Lasmani nepi ka bisa jadi jago nomer hiji sa
Pulo Jawa; atuh komo ayeuna mah. 


Sanggeus aya ka na 8 bulanna di dinya , Lasmini dijurung ku
Ki Nurustunjung jeung Padmini supaya ngalalana deui; nya Lasmini kaluar we ti
karang Lungkawing bari bungangang lantaran karasa Elmuna naek jauh pisan.


Lasmini teu apaleun yen Ki Nurustunjung jeung Padmini oge ;
dua poe ti harita indit ti Karang Lungkawing, rek lalajo ketakna Lasmini nu
masih keneh kasebut Mawar Hideung.

 

  Episode 79 : Budak nu Leungit balik deui
Hanca


Kirim email ke