tah, nuhun bah. rada panjang ieu mah episodena teh. matak betah molototan 
monitor

 
salam,
budi





________________________________
 From: Abbas Amien <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Tuesday, 22 January 2013 6:09 AM
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 341
 

  
Nu tiluan rada gimir ge maksakeun maneh narangtung.

“Ayeuna cik para paman bere nginjeum ieu nu tilu rereged teh
bedog !” Si Baju Koneng ayeuna nitah ka urang kampung. 


Atuh urang kampung teh
lain narurut, tapi pating gerendeng teu satuju; lantaran cenah engkena ieu nu
tilu Oah bakal ngamuk; can puguh bisa ditalukeun, kapan tadi ge dikoroyok sakitu
teu nyekel senjata, sakitu hesena.

Si Wanoja baju koneng imut mafhum, terus nyarita tatag
pisan:” Yeuh para paman tong salempang ! keur nalukkeun ieu jelema tiluan mah
gampang pisan; sok tong ragu2 bikeun tilu bedog !”

Kapaksa urang lembur teh marikeun tilu bedog ka si Tilu Oah;
atuh mani bungah pisan eta tilu Oah teh, maranehna yakin bisa ngelehkeun ieu
budak awewe baju koneng.

Eta si Baju Koneng laju nyentak:” Eh ayeuna maraneh geus boga
senjata sok maju tiluanana ngalawan aing !”

Ku sabab tadi tiluanana kateunggeul ku angkin si mojang,
maranehna pinuh ku amarah, jeung nyaho yen eta budak awewe teh tangtu pendekar;
jadi memang teu beunang dianggap sambarangan; ari ayeuna maranehna geus boga
senjata; atuh teu tata pasini deui maranehna nyerang ka eta si Baju Koneng.

Para urang kampung kacida hanjeluna lantaran geus mere
senjata ka eta tilu Oah, wah lamun eta si Pendekar mojang ngajungkel; tangtu
eta nu tiluan bakal ngamuk  males pati ka
maranehna. Tapi maranehna ngarasa geus kapalang; nya terus we lalajo ; kuma
engke we cenah.

Eta nu tilu oah nyerang ku bedog nu pating suliwer dimaenkeun
ku maranehna nu memang geus ahli pisan maen bedogna teh ; tapi eta si mojang teu
pisan  gimir, terus balucat balicet kesit
pisan; malah sanggeus aya 10 jurusna plak ! Plok ! Plok ! tilu Oah pating
koloyong keuna kasepak jeung kacabok ku ieu si Baju Koneng. Ger atuh urang
kampung sarurak, lantaran bungah nenjo tilu Oah nu dipikangewa kakeunaan. 

Ayeuna maranehna yakin yen si Baju Koneng tangtu jago Silat nu luhur elmuna;
enya ge masih ngora keneh pisan.  

“Eh maraneh teh enyaan bisa tarung atawa henteu hah !?
Geuning kawas nu ngigel arilaing teh ! Cing tempokeun kabisa teh hah !?” Cek Si 
Baju Koneng ngahaja ngomong kasar.

Si Tilu Oah enya ge rada gimir, tapi kapaksa maju deui
lantaran euweuh jalan deui salian ti nekad. Terus maranehna pating corowok :
hayoh urang susun gerak Kilat Tatit !”

Barang maranehna nyorowok, terus we maranehna maraju deui.
Rupana ieu andelan maranehna teh, matak ngajago ge.  

Enya we gerakanana leuwih
cepet, jeung leuwih aya tanagaan; jeung kaciri kompak pisan; Si Baju Koneng
waspada, gancang ningkatkeun elmu hampang ragana; tapi di na jurus kasapuluh
kaciri rada ngoloyong.

“Hahahaha ! Jurig ! awas siah pembalesan ti kami si Tilu Jago
! Awewe lebokeun tetelo !” Si tilu Oah ampir bareng ngancam si Baju Koneng,

Tapi teu kanyahoan serepet2 sinar koneng nuju ka eta si tilu
Oah; teu bisa katakis; tiluanana kabagean gebugan ka na taktakna, mani kaciri
nyerieun pisan !

“Hahahaha ! Tong waka seuri siah ! sok yeuh tadahan elmu
Salendang uing !” cek si Baju Koneng  bari
terus nyerang.
Sanggeus tilu jurus, trang! Trang! Trang! Tilu bedog
marecleng katarik ku selendang si baju Koneng. Kakara ge eureun ti na kareuwas
eta sieet ! sieet ! sinar koneng nyerang deui ! ayeuna mah nu tiluan teh kabagi
welasan cepretan; atuh teu antaparah deui tiluanana ngajungkel, ngaringkuk.

Terus we nu tiluan ampun2an; bari nyebutkeun moal deui deui.

Urang kampung surak mani lila; terus rek maraju; tapi
dihalangan ku Si Pendekar Baju Koneng; ayeuna mah urang kampung nyarebutna teh
kitu; ka ieu nyi Mojang teh. Ku sabab dicaram ku si Pendekar, urang kampung teu
wani maraju; ngan tetep ningker ti kajauhan; maranehna yakin pisan ayeuna mah
yen si wanoja enyaan Pendekar Jadug; lain sambarang bisa silat.

Eta Mojang nyentak :”Naon sababna maneh hayang dibere ampun
hah !? Naha aya alesan Kula mere ampun ka arilaing !?”
Nu tiluan aluk2an ceurik, bari ngadagorkeun sirah, jeung
nyebut kapan panggih ge kakara ayeuna; piraku geus rek dihukum beurat onaman !?
Mana kaadilanana ? Cenah ayeuna mah maranehna nungtut kaadilan kawijaksanaan.

Eta Nyi Mojang teh seuri mani panjang … nepi ka sakabeh nu
aya di dinya pada heran; nu tilu Oah ngadaregdeg lantaran nyaho eta seuri teh
dibarung ku tanaga jero nu karasa pisan ka na dada maranehna.

“Eh arilaing ! Tenjo sing awas maraneh keur nyanghareupan
saha hah !?”

“Ampun … ampuun kuring tiluan ayeuna keur nyanghareupan hiji
Pendekar Hebat ! Pendekar Baju Koneng !” Ceuk tilu Oah meh bareng; ku sieun2na.
Na hate maranehna ngaharep, yen ieu budak awewe bakal ngahampura, lantaran geus
disebut Pendekar.

“Heh ! cing polototkeun panon arandika teh, geus kungsi teu
urang panggih hah !?” Eta Nyi Mojang ayeuna mah nyentakna bari ti popolotot.

Si nu tiluan molotot, ayeuna maranehna ngarasa geus pernah
nenjo ieu Nyi Mojang Baju Koneng ; tapi di mana nya ? Maranehna weleh teu
kapikir.

Pendekar si Baju Koneng nyentak deui :” Tetela maraneh boga
panon teu aya gunana ! teu awas ka Kaula ! Mun kitu carana maning ge maraneh
teu boga panon !”

Ampun … ampuuun … kuring tiluan moal wani deui ngalakukeun …
“

Kakara ge sakitu cret ! tilu batu laleutik nu disentil keuna
ka na panon kenca satiap eta nu tiluan ! Atuh goak maranehna ngagoak, tina
panonna nu kenca ngucur getih tanda geus dibocosan ku ieu Pendekar ! Atuh geeer
deui urang kampung sarurak, mani rame, ku panuju2na ka na tindakan Si Pendekar
Baju Koneng.

Ari nu tiluan terus ngalengis menta dihampura.

“Heh ! maraneh lamun geus jangji tapi kabuktian maraneh
ingkar jangji kumaha !?” Cek Si Baju Koneng.

Nu tiluan rada bungah, lantaran sigana maranehna bisa
salamet. Terus bari ngageduk gedukeun sirah ka na taneuh maranehna ngomong
:”Lamun kuring tiluan ingkar ti na hal ieu kuring tiluan rek mikeun ieu sirah
!”

“Mangke heula ! Teu kudu sirah maneh nu coplok; eta we suku
maraneh jeung leungeun maraneh nu kenca kudu diteukteuk ! satuju !?” Cek Si
Baju Koneng bari wibawaan.

Nu tiluan bari nahan kanyeri, ku sabab panonna bocos hiji
terus sumpah daek dipotong leungeun jeung sukuna, mun jalir ti na jangji !

Eta Nyi Mojang kalem we, terus menta ka para urang kampung,
mere bedog tilu ka eta Oah tiluan. Nya diturut we ku urang lembur, bari teu
ngarti oge.

“Aduh ampun Pendekar ! Kula teu sanggup ngalawan deui.
Ampun.” Tilu Oah nyangka maranehna kudu tarung deui; nu matak ngomong kitu.

“Tong loba omong ! sok cekelan eta bedog ku arilaing tiluan
!” Si Baju Koneng geus nyentak jeung molotot deui; atuh kapaksa nu tiluan
nyarekel eta bedog bari ngadegdeg.

“Ayeuna sok teukteuk leungeun jeung suku kenca maraneh ayeuna
pisan !”

Nu tiluan kacida reuwasna ! Leuwih reuwas ti batan ngadenge
geledek saleser cek paribasana; tuda tong boro si tilu Oah, najan urang Lembur
oge pada karaget.
Nu tiluan geus rek protes deui, tapi eta si Mojang langsung
nyarita :”Tong loba omong maraneh ! Kumaha maraneh bareto jangji ka Mawar
Hideung !”

Barang ngadenge omongan si Baju Koneng, nu pangakhirna, ku
kaget2ma eta nu tiluan langsung harita keneh kapaehan tiluanana meh bareng;
maranehna kakara sadar yen nu disanghareupan teh nyata budak awewe nu baheula
ampir dirohagala ku maranehna; atuh ayeuna mah maranehna lain wungkul sieun,
tapi geus beak pangharepan; nu matak akhirna maranehna kapaehan.

Hanca
   
 

Kirim email ke