Episode 81 : Jalma Turun gunung ti Muria

 

Waktu Jalma neruskeun latihanana di Gunung Muria; Anggraeni
ngalayanan sagala kaperluan Jalma kalawan talaten; naon wae  kaperluan Jalma 
disadiakeun ku Anggraeni;
tapi kacirina Anggraeni teu pisan ngarasula atawa keuheul ka Jalma; malahan mah
kaciri gumbira pisan; nepi ka Jalma sok rada teu ngeunah rasa lantaran
Anggraeni enyaan bageur pisan.


Na hiji mangsa Ki Padma rasa nitah Anggraeni anakna supaya
ngadep ka manehna; atuh Anggraeni rada kaget, lantaran geus lila oge Bapana
tara manggil manehna. Bari rada heran Anggraeni datang ka payuneun ramana.


“Duh Ama; aya naon ama ngangkir putra ? padahal tos lami ama
tara pisan ngangkir Putra ? diantep we kuring ngalayanan Kang Mas Jalma ?”


“Hahahaha, kadieu sing deukeut Enung; ama aya picaritaeun ..”
Saur Ki Padmarasa bari daria pisan sarta pinuh ku kanyaah.  (Enduk disundakeun 
jadi enung).



“Ieuh Enung … pan Enung teh ayeuna geus nincak dewasa; geus
waktuna laki rabi, cing mun Ama nanya ka Enung, naha Enung daek ditikah ku Kang
Jalma ?”


Sajongjonan mah Anggraeni hareugeueun, beungeutna karasa
panas lantaran asa era dibarung atoh; eta mani ku togmol pisan ramana nanya ka
manehna tapi ahirna bari rada ngageter Anggraeni ngawaler ka ramana :”Duuuh Ama
… patarosan Ama teh sanyatana teu kedah diwaler deui ku kuring; kapan unggal
dinten oge ku Ama katingali kuring teh ngalayanan Kang Mas Jalma.”


Ki Padmarasa :”Enya eta ge, jadi hartina Enung narima lamun
Jalma dijadikeun salaki ?” Anggraeni unggeuk, bari bareureum beungeut.


“Naon sababna, Enung daek narima ? Kumaha mun Kang Jalma geus
boga papacangan ? Atawa malah geus laki rabi ?” Ki Padmarasa neruskeun
pananyana mani nyecer.


Rada pias beungeut Anggraeni, tapi teu lila geus kitu pok
nyarita tatag pisan :”Ama, sapertos nu kauninga, kapan salami ieu teu acan
pernah kuring manggihan lalaki sejen , salian ti Kang Mas Jalma ? tos kitu
kapan Kang Mas Jalma sakitu gagahna ? Sakitu sholehna ? mun neangan tea mah,
asa hese neangan lalaki nu saperti kitu ? Nya atuh lamun kuring katarik teh,
pantes; atuh cenah Kang Jalma geus boga papacaangan; salami Kang Mas Jalma
nampi kuring; teu aya wagelan; kapan lalaki mah wenang boga pasangan leuwih ti
hiji ?”


Ku jawaban Anggraeni sakitu, Ki Padmarasa gumbira pisan;
terus we ngulapkeun pananganana tanda Anggraeni meunang kondur harita. Terus we
Ki Padmarasa ayeuna mah nemonan Jalma nu keur sila di kamarna bari meleng jeung
nyalurkeun enersi di sakuliah organ2na. Terus we Ki Padmarasa uluk salam nu
gancang pisan dijawab ku Jalma.


“Jalma. Kumaha kaayaan ujang na waktu ieu ?”


“Alhamdulillah Ama, badan teh asa hararampang pisan; tanaga
iasa sakarep isun disalurkeunana.”
Hanca


Kirim email ke