Memangna kamari2 teu rame ? Heheheh, punten ...

--- On Fri, 25/1/13, [email protected] <[email protected]> wrote:

From: [email protected] <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Cersil Sunda 351
To: [email protected]
Received: Friday, 25 January, 2013, 3:17 AM
















 



  


    
      
      
      














Carita teh geuning jadi rame deui nya Bah. Hatur nuhun pisan Bah ti sim uing 
hehehe....


Powered by Sinyal Telkomsel Odong-odong®From:  Abbas Amien 
<[email protected]>
Sender:  [email protected]
Date: Fri, 25 Jan 2013 07:03:54 +0800 (SGT)To: 
kisunda<[email protected]>; 
urangsunda<[email protected]>ReplyTo:  [email protected]
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 351

 



    
      
      
      

Meneer Geheerst kacida kagetna; moal enya pamuda Pantar Bella
boga hubungan ka tahanan penting nu ngabahayakeun ? Jeung saha atuh tahanan nu
boga hubungan jeung Bella ? Asa euweuh hiji tahanan Walanda; atawa Bulek di na
sabulan akhir ieu ? Naha ieu Bella ngaku sobat deuih ? Kapan lolobana mah
Inlanders nu ditangkep teh ? Jeung anu aya kasus jelema jahat mah hiji pamuda
ngaranna Jalma urang Leuwiseeng ?! Piraku onaman Bella boga hubungan ka hiji
urang Kampung onaman ? Kitu pikiran Tuan Van Geheers waktu harita.


Tapi pok wae Meneer Van Geheerst nanya:”Saha ngaranna eta
tahanan ? jeung urang mana ?”


“Jalma, urang Leuwiseeng !” Walon Bella singget pisan.


Mun enggeus mah, Tuan Geherst ngadenge geledek saleser asa moaal kaget teuing; 
dibanding ngadenge omongan Bella nu ieu, ku kaget2na. Ieu tahanan teh, tahanan
penting; jeung dikategorikeun “bahaya pisan”; ayeuna diaku ku Bella eta
sobatna.  

 
Bella oge surti yen
pasti Meneer Van Geheerst kaget; terus we Bella nyarita :” Bisi wae eta teh
Fitnah; kudu ditaliti deui. Asa piraku Jalma ngalakukeun kajahatan nu sakitu
gedena ? Naon kajahatanana teh atuh ?”


Tuan Geheerst :”Wah … enya … bisa wae fitnah; ngan ku sabab
kudu ati2 tahanan anu sakitu pentingna nya kudu dijaga pisan; bisi kabur.”


“Kabur !?” Cek Bella, “moal ge nyampeurkeun atuh ngajawab
panggilan Landrats lamun rek kabur mah ?”


“Enya, nya ? cek meneer Van Geheerst bari kerung.


“Tah Oom,” cek Bella saterusna. Kuring rek daftar jadi
Pengacara Jalma; da kuring yakin manehna bener. Pasti ieu Fitnah. Meunang
laporan ti mana 

Oom ?”


Meneer Van Geheerst :” Bawahan Oom nu geus kacida dipercayana
, meunang laporan ti Pagawe Landrech Pangkat Pagawe Biasa I; nu geus meunang
pangaduan ti Hiji Centeng Tuan schenken nu boga kebon kalapa sawit tea; tah eta
centeng teh ngaranna Tanu … eee … ya Tanu .. cenah geus nyaksian yen Jalma boga
hubungan jeung gorombolan Bandit Maung Hideung. Kapan Maung Hideung teh Buronan
beurat Gubernemen. Tah eta sababna Jalma ditangkep.”
Hanca




    
     

    










    
     

    
    






  








Kirim email ke