Jala Si Abah Ku Intan Jamsah
Tah kuwari Eteh rek dongeng nu keur nyieun jala. Caritana Si Abah keur nyieun Jala. Nyol anakna. "Cicing Ceng ulah ngaganggu, Abah keur nyieun jala, ke mun anggeus urang ngajala ka walungan nyah!" ceuk si Abah. "Nya Bah!" ceuk si Aceng bari nungguguan Abahna nyieun jala. "Ceng lamun meunang lubang urang pais bae nyah Ceng!" ceuk Si Abah. "Nya Bah!" jawab Si Aceng, "Tapi Bah...," ceuk si Aceng, "Aceng mah mun meunang boncel gede rek dibikeun bae!" Eta Si Abah marah ka si Aceng, "Polongo dia mah Cengcot, lauk sakitu gedena make dibikeun ka batur!" Barang durder haliwu si Abah jeung si Aceng kadenge ku pamajikanna. Ceuk pamajikan si abah, "Heh kunaon ieu haliwu amat Bah? Kolot-kolot nyeurikan anak, polongo!" "Tah nu polongo mah si Aceng dia, Sarmijah!" jawab si Abah ka pamajikanna, "Lauk sakitu gedena make rek dibikeun ka batur!" "Lauk naon kitu Abah?" ceuk pamajikanna. "Atuh eta lauk boncel meunang ngajala make rek dibikeun ku si Aceng, polongo tala si cengcot!" Gancang carita, Si Aceng mewek keneh, Si Abah ngabacot bae ku handeueul ka si Aceng. Barang sadar pamajikan Si Abah, "Hop Keruuud! Bapak jeung anak sarua polongona. Masinikeun paisan kosong. Puguh Jala keun dianyam keneh geus hantem parasea. Singhoreng eta Si Abah jeung si Aceng ngahayal burung nyah. Ting torek ..., geus yeuh aing gariruk!" lajuna. (Diedit ku Ki Hasan).