Kumaha cara
NGITUNG ayana Korupsi di Daerah ?


Kira2 tilu
mingguan nu geus kaliwat, aya warta ngeunaan gedena atawa ayana korupsi di
daerah2; tah Jawa Barat oge kaasup numer sabaraha harita teh ? nomer 20.


Nu jadi
pikiran, bari teu weleh kacida heranna, kumaha Ngitungna eta Korupsi ?


Naha ku
Kirata; nya eta di kira2 supaya nyata ? atawa ku prediksi rada Ilmiah meueusan;
atawa ku laporan2; atawa ti na lobana nu geus ditangkep ?


Mun ku urang
dipikirkeun leuwih jauh, jelas eta INFORMASI ngeunaan Korupsi teh, lain wae teu
bisa dijadikeun palenggeran; ngan oge ieu mah sigana ngabustam ngabual pisan.

 

Asa teu
mungkin Korupsi bisa didata.


Mun ti nu nu
geus ditangkep; eta mah meureun nu kudu diniley teh Jaksa jeung Pulisi na lain
Korupsina. Sabab urang bakal nyebutkeun yen Koruspsi nu sabenerna jauuuuh
leuwih ti kitu.


Mun ti na
ayana laporan ? Komo deui atuh, kapan can puguh aya nu salah tea.


Jigana mah
ieu daftar teh ngahaja dijieun, supaya pa reueus reueus; tuh korupsi daerah UING
mah leutik ! Atawa tuh geuning aya nu ngawaskeun Korupsi teh teu diantep wae !


Padahal
sakabehna ge jigana teh bustam alias Rahul; alias Bohong gede.


Atuh cenah
ayana KPK meureun Korupsi teu meuweuh teuing ! Ah moal bisa; Kpk kapeka; korupsi
mah jalan terus. 

Naon buktina
?


Tuda satiap
nu dituduh, mun geus sina ngomong loba pisan dalihna; jadi akhirna teu bisa
dituduh. Paling ge lamun nu dikorbankeun. Samodel kasus Hambalang; anas nu
dikorbankeun. Sigana mah moal mungkin anas U sosoranganan; pasti aya KKN na.
Tapi mun urang siap jadi Pamimpin Rakyat; di na kuku2 kakuasaan MAFIA; kudu
siap jadi WADAL; pikeun nyalametkeun MAFIA sagemblengna.


Mun korban
teu bisa diciptakeun; KASUSNA diputer puter; nepi ka jadi teu pararuguh; malah
akhirna kudu ditanggung jawab ku Rakyat. Contona kasus Leutak Lapindo. Mun
henteu; nu wani gana2 nyilidik terus bakal DIKONDISIKEUN; saperti contona
Antasari jeung Susno Dwaji.


Jadi memang
sigana moal bisa Korupsi di NKRI dieureunkeun; meureun sarua jeung NGEUREUNKEUN
NKRI. Hartina NKRI = Nagara KORUP ?

 

Wallahualam.

 

 

Kirim email ke