Timana dtangna angka 95% teh, Bah AA?

2013/2/26 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> Jempol oge analisana. 95 % faktual.
>
> --- On *Mon, 25/2/13, MRachmat Rawyani <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
>
> Subject: [kisunda] aana lisaan Pilkada Cagub Jawa Barat
> To: "[email protected]" <[email protected]>, "urangsunda
> urangsunda" <[email protected]>
> Received: Monday, 25 February, 2013, 4:29 AM
>
>
>
>
> *Aanalisaan Pilkada Cagub Jawa Barat*
> *
> *
> Sok sanajan embaran resmi saha  calon resmi anu dibendo (pajabat)
> gupernur Jawa Barat 1 Maret, tapi itungan gancang (quick count) sababaraha
> lembaga netelakeun, cagub nomer 4 anu unggul. Tapi   urang lembur Kusnet
> mah adem ayem wae. Beda upama Persib ngadu jajaten jeung kleub sejen.
>
> Jawa Barat lain siga Jakarta, anu ngan “sacangkewok”, dimana kasadaran  
> masyarakat
> dina perkara hak jeung kawajiban diluhureun provinsi sejenna di Endonesia,
> nyobat ka media cetak/elektronik, jrrd.  Jadi asana rada hese ngabeuli
> hate masyarakat Jawa Barat ku ngan sakadar “ngetop” di tingkat Jawa
> Barat/nasional, mamawa tokoh selebritis tingkat nasional dina kampanye,   
> kritis
> dina masalah kaadilan,  kabebasan, nawarkeun program anu ngabebaskeun
> haratis berobat ka rumah sakit, atawa nawarkeun rek mere 500 juta perak ka
> satiap desa sa Jawa Barat, unggal taunna. Jadi pondok caritana
> karakteristik masyarakat Jawa Barat “rada aneh”, kumaha ngabeuli hate
> masyarakat Jawa Barat. Anu jadi tanda tanya naon kasuksesan calon dina
> narik sora masyarakat Jawa Barat. Samentara ieu faktor anu utama mah,
> colonna “incumben”, geus leuwih dipikawanoh ku masyarakat, lain pedah
> cagubna bintang iklan/sinetron/film, atawa pedah aya iklan lucu Dicky
> Chandra atawa  Sule.
>
> Upama ngabanding-bandingkeun tokoh seleb  anu dipikawanoh ku masyarakat
> dina perkara pilkada ieu, aya hal-hal anu jadi bahan pertimbangan, sok
> sanajan  ieu heunteu mutlak jadi faktor utama pemilih dina milih calon.
> Dede ‘macan’ Jusuf, anu kungsi jadi manten wakil gupernur, anak bintang
> film terkenal,  masih eleh pamor alias aya dihandapeun kalangkang
> gupernur. Ceuk cenah mah prestasinya “ngabangkitkeun” industri perbatikan
> di Jawa Barat. Tapi eta teh ngan diinget/dipikanyo ku masyarakat perkotaan,
> heunteu nepi ka masyarakat “akar rumput”. Rieke anu dicalonkeun ku PDIP, di
> tingkat nasional/perkotaan mah geus teu bireuk deui. Tapi pikeun masyarakat
> kampung mah, dipikanyaho sabage bintang sinetron “si Oneng” anu ektingna
> sabage hiji wanoja kampung anu lugu tapi bodo. Eta oge tayanganana di
> televisi swasta sababaraha taun katukang, pastina oge sabagian masyarakat
> geus poho. Bandingkeun jeung Dedi Mizwar. Dina sinetron Para Pencari Tuhan,
> anu tayang unggal bulan puasa, ektingna hiji jalma anu paling nyaho dina
> perkara kaagamaan. Katingali komara jeung dipikaajrih ku pamaen sejenna.
> Naha faktor ieu, nu jadi salah sahiji kaunggulan calon nomer 4?
>
> mrachmatrawyani
>
>

Kirim email ke