Lion Air meser kapal Boeing jeung Air Bus dugi ka ratusan, cenah mah ku cara 
ngiridit ari nu masihan kreditna Bank-Bank di nagara-nagara kapal udara ieu 
dijieun. Jadi saleresna mah Lion Air ukur ngagolangkeun duit bank-bank nagara 
produsen kapal. Keur nagara produsen kapal, jelas nguntungkeun, likuiditas 
bank-bankna ngalir/ cair bari sakaligus ngadukung industri kapal udarana.

Kalemahan di Indonesia, teknologi kapal udara jijieunanana tiasa wae canggih 
ngan teu aya lembaga keuangan di Indonesia (siga bank) nu mampu masihan kredit 
keur nu meuli kapal. Tong boro mere kiridit keur nu meuli ti luar negeri, nu 
meuli ti jero nagara wae, acan tangtu aya bank nu wani masihan.

Jadi? Nya duka teuing atuh, meureun kudu baleunghar heula urang Indonesiana 
...........

WLY 


--- In [email protected], TirtaCW@... wrote:
>
> Saena urang oge kedah ngaca kana raray sorangan kunaon bisa2na dicurat coret 
> batur. Lamun Gordon Gecko jawara na pilem  wall street pasti nyarita "kunaon 
> PT DI diancurkeun nya sababna PT DI rangu diancurkeun (wreckable). 
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> 
> -----Original Message-----
> From: Ahmad Hazairin <don_febi@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Sat, 6 Apr 2013 05:45:09 
> To: [email protected]<[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Cc: urang sunda<[email protected]>
> Subject: Re: [kisunda] Ngagaurna "Singa" Indonesia
> 
> Bisnis jaman ayeuna geus campur politik.  Serangan ekonomi geus biasa 
> ngagunakeun kakuatan politik di garis hareup. Makana indonesia teu bisa 
> nanaon nyanghareupan Freeport lantaran aya beking pamarentah USA di tukangna.
> 
> Tah, PT. DI oge pan dipaehan ku IMF cenah mah salah sahijina pak Habibie 
> harita geus ngamimitian nyieun rancangan pikeun ngawangun pesawat kelas 
> Airbus/Boeing.  Lamun diteruskeun ku pak Habibie tepi ka rampung eta rencana 
> maka bakal aya lawan beurat pikeun Boeing/Airbus.  Jadi salah sahiji misi 
> IMF waktu taun 1998 asup ka Indonesia teh salain maehan pak Soeharto teh nya 
> maehan PT. DI. Mangga geura diguar deui program-program anu didedetkeun ku 
> IMF ka urang bangsa indonesia, bakal kaciri pisan hayang maehan PT. DI.
> 
> Ngan loba jalma anu labil jiwa jeung pikirna, daek wae dijadikeun pion 
> ekonomi/politik bangsa batur. Pak Habibie jeung PT. DI-na dihujat, dipoyokan 
> cenah pesawat ditukeru jeung beas ketan ti Thailand.  Sabenerna nya anu 
> belegug mah atu mentri pertanian.  Pan urang teh boga IPB jeung sajabana.  
> Naha teu mampu melak pare di nagara sorangan?  Maenya pak Habibie salian 
> mikiran pesawat di PT. DI oge kudu mikiran melak pare?  Kamana atuh 
> professor pertanian teh?
> 
> Salam
> 
> Febi
> ===
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
>  Von: oman abdurahman <omanarah@...>
> An: "[email protected]" <[email protected]> 
> CC: urang sunda <[email protected]> 
> Gesendet: 11:31 Samstag, 6.April 2013
> Betreff: [kisunda] Ngagaurna "Singa" Indonesia
>  
> 
>   
> Baraya,
> 
> Lion Air, pausahaan penerbangan urang, ngagaur. Ketakna mesen 234 pesawat 
> jenis Airbus lain jore-jore. Eta kontrak Lion Air jeung Airbus teh ceuk cenah 
> ngajamin 5.000 pagawe (?) salila 10 tahun, lain di Indonesia, tapi di 
> Perancis, tempat pabrik Airbus. 
> 
> Karasa hanjeluna kunaon baheula urang henteu ngaraksa ngariksa IPTN. Lamun 
> seug harita IPTN bisa disalametkeun, tangtu meureun Lion Air oge mesen 
> sababaraha - boa ratusan - pesawat ka PT DI (IPTN baheula). Ngan, mudah2an 
> wae ku ayana tambahan 234 kapal udara ti Lion, tambah loba oge angkatan kerja 
> anu bisa kaserep ku dunya kerja di Indonesia, khususna penerbangan. 
> Nyanggakeun wartana: 
> 
> #
> VIVAnews  - Lion Air tampaknya segera menjadi “singa” 
> sesungguhnya di udara. Di Istana Elysee Paris, Prancis, Senin pekan 
> lalu, Rusdi Kirana, bos maskapai udara berlogo singa itu tersenyum 
> lebar. Dia berjalan gagah mengapit Presiden Prancis Francois Hollande, 
> bersama Presiden dan CEO Airbus, Fabrice Bregier. Satu kontrak besar, 
> dan juga memukau, baru saja diteken...
> 
> Salengkepna:
> http://sorot.news.viva.co.id/news/read/399583-gebrakan--gila--lion-air
> 
> 
> manar
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke