deuh bener, luar biasa si akang febi. pasti film kameumeutna "si aang, si tukang hitut, eh angin pang burina" heuheuheu.
nambihan sakedik, kangge sifat seuneu. nyaeta: ngamurnikeun sababara logam. salahsahijina bijih emas kedah dibeuleum sangkan janten emas nu murni. janten seuneu henteu wae jore, tapi oge mangpaat pisan... ngeunaan cahaya jeung fiber optik mah nyanggakeun ka akang, da ahlina si akang mah :) 2013/4/30 Ahmad Hazairin <[email protected]> > ** > > > Taneuh, Seneu jeung Cahaya > ========================== > > Jaman kuno baheula unsur utama di dunya teh nyaeta taneuh, cai, angin > jeung seuneu. Boh dina kaelmuan, boh dina carita kasaktian silat anu bisa > manipulasi unsur teh nya manipulasi unsur nu opat eta: taneuh, cai, angin > jeung seneu. Sok jadi jurus silat ngagunakeun eta unsur, terus hiji > kelompok ngabogaan pangabisa ngendalikeun/ngamanipulasi salah sahiji unsur. > Terus pakuat-kuat. > > Tah, ari jaman ayeuna geus loba pisan pan unsur teh. Basa kuring di SMP > kudu diapalkeun ngaran-ngaran jeung golongan unsur aya 108. Teuing ayeuna > aya sabaraha loba, nu pasti gues nambahan. Sim kuring oge teu apal da lain > sakola jurusan kimia unsur. > > Coba bayangkeun lamun jaman baheula boh saencan jaman Masehi atawa di > abad-abad awal masehi, misalna aya jelema anu ceramah/khotbah kalawan > nerangkeun unsur kimia modern meureun moal aya nu ngarti. Moal nyambung. > Tapi jaman ayeuna oge lamun ngobrol jeung ahli kimia terus urang > ngomongkeun cai, misalna dipotong wae tah omongan urang teh ku ahli kimia: > ke heula, cai naon heula ieu teh, cai walungan, cai destilasi, cai alkohol, > cai uap, atawa cai nain. Heu heu cape ngobrolna oge moal tamat-tamat... > he.. he.. he.. > > Tah tulisan sim kuring di handap ieu anggap weh ieu mah pamikiran ringan. > Bahan obrolan ngadu bako (sim kuring mah teu ngaroko, jadi ngadu gehu weh > he.. he..). > > Ari seuneu, sifatna ngalentab, ngabakar, ngancurkeun. Jiwa anu gampang > amarah, jiwa anu gampang hasud jeung dengki, jiwa anu labil; poe ayeuna > kieu isukan kitu; ngalentab kaditu kadieu nyieun issue; eta jiga seneu. > Ari bangsa jin teh dijieun tina seneu. Geus kabayang meureunan tah karakter > bangsa jin jiga kumaha. Loba wadul jeung mancla mencle. Lamun sim kuring > nonton film Lord of The Ring atawa the Hobbit, aya tokoh wangsa Gollum anu > kepribadian nana peupeus (heu heu maksad teh 'splitted character'). Sim > kuring jadi sok inget kan wangsa jin. Meureun jiga kitu. Belegug pisan > jelema anu menta-menta ka wangsa jin. > > Ari cahaya, eta stabil pisan. Ku sabab eta media internet ayeuna loba > ngagunakeun 'optical media', misalnya serat fiber optic. Signal/pulse anu > dikirim lain deui strum, tapi cahaya ngalibatan serat fiber. Cahaya teu > kaganggu ku interferensi elektromagentik. Jadi stabil pisan, bisa ngarambat > sacepat kilat tur mawa informasi anu loba. Pokokna cahaya mah taat, teu > kaganggu ku interferensi elektromagnet. Makana coaxial cable loba diganti > ku fiber optik dina dunia information technology. Tah malaikat teh > diciptakeun dina cahaya. Jadi meureun kabayang sifat-sifat malaikat anu > taat teu goyah ku godaan. > > Eri manusa (Adam) diciptakeun tina taneuh. Taneuh mah bisa numbuhkeun > sisikian tur binih nu lian. Binih anu antel kana taneuh teur kacaian bisa > tumbuh subur jadi tatangkalan, bungbuahan, kekembangan. Taneuh > ngahasilkeun. Dina film Water World geningan dunya tilelep; taneuh teh jadi > berharga pisan. Kabeh jelema hayang manggihan dunia impian mangrupa > daratan. Taneuh teh sumber mineral. Naon anu kakubur dina taneuh bakal > diurai beak terus digunakeun deui pikeun kahirupan ku tatangkalan, terus ku > sato jeung manusa. Jadi taneuh boga potensi kahirupan anu gede lamun > dipiara, kacaian, teu diruksak. > > Tah janten sumangga upami tiasa janten bahan tafakur mudah-mudahan > manfaat. Upami teu berkualitas, nyuhungkeun maklumna weh panginten :) > > > Wallahu'alam > > Febi Ahmad Hazairin > =================== > > >
