wah si abah telat asup milis sih. dina taun-taun kapengker mah ieu milis ngangge bandera KUSnet (komunitas urang sunda di internet) remen makalangan. nu paling gagah basa jadi pamilon dina kongres basa sunda sadunya taun 2005, ngejembrengkeun naon wae nu geus dilakonan ku kusnet keur sunda, bentangna, unikodisasi aksara sunda nu dilakukeun ku kang dian tresna saparakanca.
terus dina taun 2006, dina acara halal bi halal (hbh), nu (samemehna) rutin diayakeun unggal reres lebaran, mere pangleler ka seniman jeung budayawan. di hbh 2007 kiara payung mah malah make jeung ngondang kasenian nu samodel pantun make kacapi tapi caritana carita wayang (hadeuh poho deui aranna :( , wayang tutur? ), ngondang seniman tarawangsa ti rancakalong, nya di hbh ieu kuring mimiti ngigel tarawangsa teh, padahal uing asli sumedang :) hanjakalna, kagiatan kusnet tos teu aya ayeuna mah. sabab sok diriceuwan, diririweuh ku jelema model (geer we ieu mah) uing :D nb. kusnet teh tos gaduh wadag hukum, ngangge aran yayasan perceka, ketuana mang jamal. kagiatan rutin dugi ka kiwari ngadegkeun pabukon di satungkebing tatar pasundan. mangga nu bade nyumbang buku koling mj :) 2013/5/18 Abbas Amien <[email protected]> > ** > > > Milis urangsunda; Kisunda; barayasunda sacara teu sadar geus ngajadikeun > kaderisasi urang sunda; enya ge teu formil ka dinya tujuanana, tapi teu > karasa urang geus boga sababaraha uraang nu hayang nempo SUNDA HUDANG ! > > Eta teh kapan Kader lain ? > Samodel dkabayan; halimunan jrrd eta kabeh sacara teu sadar geus jadi > KADER Urang Sunda; nu boga kasadaran hayang nempo SUNDA maju ! Di na sagala > widang. > > Jadi Urang Sunda kuduna mah reueus boga MILIS samodel US KS jeung BS teh; > engkena mah mudah2an ieu ti milis bisa ngahontal saeutikna panghargaan > atawa ngajenan ka Urang Sunda, lain ngan ukur basa basi wungkul ! Biasana > mun urang geus boga KADER, moal aya nu wani2 gana2 CALUTAK. Eta gunana > KADERISASI teh. > > Mudah2aan wae mentalitas n moralitaas urang sunda jadi ningkat. Aamiiin > > __._, > > >
