engke...siga borobudur.... meunang "jin" nabi sulaiman
hihihi



________________________________
 Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Cc: urangsunda urangsunda <[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 23 Mei 2013 13:18
Judul: Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA
 


  
Salah sahiji hartina Sunda teh nyaeta cahaya.  Kitu cenah saur Mang Ayat dina 
video rekaman "Sunda jeung Kasundaan" anu ngawawancarana kang Tirta jeung Kang 
Ikmal.

Ieu mah analisis kirata wae. Upama dihubungkeun jeung asal kecap sunda tina 
"sin-nun-dal", asana teh rada asup akal. Logikana kieu. Para pelaut Islam (naha 
ti India/Gujarat atawa ti Arab langsung), pan maranehanana teh berlayar ti 
beulah wetan  ngajorag ka beh kulon. Barang nepi ka Nusantara, ti beulah kulon 
panonpoe bijil/terbit. Harita kapal balabuh di salah sahiji pulo nya dingaranan 
wae pulau Sunda. Hartina pulo anu katingali meletek srengenge/panonpoe. Harita 
karajaan anu pangkolotna aya di wewengkon Sunda.

Kumaha bisa robah ganti jadi pulo Jawa, mangga wae pikiran.

mrachmatrawyani

--- On Thu, 5/23/13, MRachmat Rawyani <[email protected]> wrote:


>From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
>Subject: [kisunda] Asal Kecap SUNDA
>To: "urangsunda urangsunda" <[email protected]>
>Cc: [email protected]
>Date: Thursday, May 23, 2013, 12:55 PM
>
>
>  
>Kamari dina hiji radio aya anu ngadadarkeun perkara kajayaan Islam di widang 
>maritim. Asana teh ahlina salah saurang Profesor..... anu ngadosen di IAIN 
>SUnan Gunung Jati Bandung.
>Ceuk cenah mah, Islam teh sumebar ka sakuliah dunya ku cara make jalan laut. 
>Jadi dina perkara elmu falak jeung kalautan urang Islam harita tos palinter.  
>Hiji mangsa, pelaut urang Walanda meunang peta titinggal pelaut Islam, da dina 
>peta eta teh pinuh ku aksara arab.
>Pulo jawa ditandaan ku kecap sin-nun-dal. Urang Walanda tea teu ngarti basa 
>arab, eta tilu huruf teh dibaca jadi "SUNDA".
>
>Sok geura titenan peta-peta di jaman walanda, masih make kecap pulau sunda 
>besar, pulau sunda kecil.
>
>mrachmatrawyani
>  
 

Kirim email ke