Baraya, mapag milang kala Bogor nu ka-531 dina bulan Juni 2013, bakal réa acara nu bakal diayakeun.
Aya acara resmi nu diayakeun ku pemkot Bogor jeung acara-acara nu diayakeun ku lembaga sejen (sanggar, organisasi non pamarentahan, jsb.) Basa tadi ngaliwat ka balekota kuring ningali baliho runtuyan acara resmi Pemkot Bogor. Diantarana, tanggal 2 Juni bakal diayakeun pagelaran Wayang Golek Dalangna Asep Sunandar Sunarya, terus tanggal 17-22 Juni urang bisa asup ka Istana Bogor. Terus di Taman Topi, Jl. Kapten Muslihat deket stasiun Bogor dina tanggal 1-9 Juni bakal diayakeun "Bogor Art Festival". Ka nu katarik kana acara-acara mapag milangkala Bogor ieu mangga tingali tumbu ieu: 1. Runtuyan Acara Pemkot Bogor: http://chirpstory.com/li/81577 sareng 2. Runtuyan Acara "Bogor Art Festival": http://chirpstory.com/li/81584 Hatur nuhun,
