Lantaran Rabb rada teu pass ditarjamahkeun ku KAWASA; Rabb mah hartina Tuhan, Nya oge disebut Pangeran. Mun henteu langkung pas disebut nu jadi RABB sakuliaah alam. Kumaha tah kang Tirta ? aya manawi nu langkung sae istilah sundana !?
--- On Sun, 9/6/13, [email protected] <[email protected]> wrote: From: [email protected] <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Tafsir Qur_an Sunda1 To: "kisunda" <[email protected]> Received: Sunday, 9 June, 2013, 12:40 AM Abah dina Rabbil “aalamiin = nu mangeranan sagala/sakuliah Alam. Naha aya kecap sanes gentos "mangeranan", asana kira rasa pas meureun kabawa sikep tanggaj urang priangan ka urang jawa na kecap pangeran, gusti, bendo jste. Pami aya kecap nu ngagambarkeun "luhur". Jauh batan asosiasi ka jelema luhur. Powered by Telkomsel BlackBerry®From: Abbas Amien <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sun, 9 Jun 2013 06:38:01 +0800 (SGT)To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>; <[email protected]>ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Tafsir Qur_an Sunda1 Alhamdulillah response ti baraya positip, tah atuh kuring ayeuna rek neruskeun deui hanca nu katunda. Bismillah ….. Alhamdu = ari sadaya puja sareng puji . Aksara Arab mun aya AL eta hartina ngawengku lain ngan ukur hiji hal. Al teh sesebutan atawa Ngaran jste. Lillahi = ngan ukur kagungan Allah. Rabbil “aalamiin = nu mangeranan sagala/sakuliah Alam. Jadi Ayat 1 atawa oge disebut ka2 mun Basmallah dianggap ayat ka1; jadi sagala pujian teh ngan ukur pantes pikeun Allah nyalira. Hartina teu meunang muja muji ka sasama manusa mah. Kumaha dina prakprakan dina dunya nyata ? Nya teu nanaon urang muji saeutik pikeun manusa sejenna; bari jeung niat supaya eta nu dibere saeutik pujian ku urang, bakal leuwih sumanget di na gawe atawa amal ibadahna. Naon sababna ? Ku sabab kapan Allah mah di dinya disebut Ngawasa sagala jeung sadaya Alam. Jadi pantes mun narima puja jeung puji teh. Ayat saterusna Ar Raahmaan Ar Rahiiim . Supaya ngagampaangkeun rata2 eta ay7at teh ditarjamahkeun ( beda jeung tapsir ) nu Maha Welas Asih. Tapi tarjamahan ieu memang merlukeun deskripsi nu leuwih panjang; naon cenah welas asih teh ? kumaha cenah welas asih teh ? Welas asih di dieu memang loba pisan nu kudu diterangkeunana. Ayat Qur_an pang heulana turun, nya eta Iqra bismikalladzii Khalaq ! Hartina Khalaq nya eta NYIPTAKEUN. Realisasi tina Khalq nu Umum ieu, nyaa eta harti nu rada khusus nya eta Ar Rahmaan, Ar Rahiim. Sok disebut bikmat ageung, nikmat alit. Nikmat ageung lantaran kabeh maanusa kum narima ka na nikmat nu dipasihkeun ku Allah. Disebat nikmat alit, lantaran teu sakabeh manusa meunang HIDAYAH; eta mah dipilih ku Allah. Samodel Ilmu Kimia; atawa Elmu Geo;ogi; teu sakabeh manusa apal ka na eta elmu. Jadi ku dasar ieu; Ar Raahmaan jeung Ar Rahiim ditafsirkeun : Ar Rahmaan = kabeh fasilitas nu aya di alam jeung alat2 nu dipiboga. Ari nu disebut alat aslina nya eta : huntu, sihung, leungeun, mata, ceuli jeung nu pang hebatna nya eta OTAK/Akal/Brain. Baca surat Ar Rahmaan teuleuman, supaya leuwih kaharti di na nafsirkeun Ar Rahmaan. Ar rahiim = pituduh ataawa Elmu ti AnjeunNa pekeun ngokolakeun kabeh fasilitas jeung ngagunakeun alaat nu ddipibiga. Alat anyar nu dijarieun ku manusa nya kaasup ar Rahiim ieu. Lantaaran teu kabeh nabusa bisa byiptakeun hiji alat; kudu we aya ahlina. Tah nu matak Ar Rahiim mah ka jelema2 nu dipilih ku Gusti. Jadi na hal ieu urang ulah era mun loba kateubisa. Balikeun deui yen sagalana kagungan Allah. Tah mun urang aya kabisa terus dipuji ku batur; gancang balikkeun ka Gustui deui ku nyebat Alhamdulillah yen sagala Puji mah pantesna mung kanggo Allaah Nyalira. Surat saterasna Maaliki Yaumiddin. Nu harti harafiahna nu Ngarajaan, atawa nu Ngawasa Poe Akhir; nu Ngawasa Alam Akhir. Nu matak Allah disebat Maha Kuasa. Naon sababna ieu jadi salah sahiji ayat di na Al Fatihah ? Lantaran kapan kudu dikenalkan ka manusa Yen Allah teh lain ngan wwukur Nyiptakeun maanusa; lain ngan ukur ngawasa alam dunya jeung alam semesta; tapi oge alam2 sejenna saperti alam Kajinan; alam ruang angkasa; alam kubur jeung tug nepi ka alam akhirat. Saterusna Iyya ka na_budu wa iyya ka nasta’iin. Nu hartina Ngan ka Anjeun Yaa Allaah kuring sarerea nyembah; jeung ngan ukur ka Anjeun kuring neda pitulung. Ieu ayat nu ngajauhan tina Syirk. Jeung ku ayat ieu urang jangji bakal thaat ka AnjeunNa. Naon dalilna ayat ieu ? Nya eta kapan jelas2 Robbul alamiin; terus Maliki Yaumiddin. Tah pantes pisan mun urang mementa teh ngan ukur ka AnjeunNa; kitu deui sinembah cukup ka AnjeunNa we. Ceuk nu diluar Islam; ah ka Hyang Widhi ge bisa wae; da beda nyebutna wungkul. Tah di na hal ieu bakal aya bahasan nu misah ti na ieu bahasan. Ayeuna mah pokuskeun we ka na ngabahas Al Qur_anul Kariim. Ayat saterusna nu ngarupakeun dua ayat pamungkas ti al Fatihah; nya eta Ihdinashshiraatal mustaqiem; shiratalladziina an amta alaihim, ghaairil maghdhuubi alaihim Waaladhdhaaaallliin. Ya Allah tuduhkeun ka abdi JALAN nu lempeng; jalan nu matak ka na Jati Waluya. Ieu ayat penting pisan lantaran bakal ngabuka jalan ka na Eusi sagemblengna Al Qur_an; nya ku ieu du’a atawa pamenta Gusti ngajarkeun mgaliwatan Utusanana nya eta Muhammad . Naon cenah jalan nu lempeng teh ? Nya eta jalan nu geus ditaratas ku para nabi, para aulia; nya eta para manusa nu geus dipasihan pituduh kalawaan prak ngajalaanan eta pituduh; sareng ssing ditebihkeun abdi kaa na jalan nu geus ditaratas ku jelema2 nu mengpar jeung ngajauhan ti na jalan Anjeun; nya etaa saperti nu diccontokeun ku Firaun Namrud kaum Aad sareng salian ti eta. Mugi ditebihkeun abdi ti na jalan nu awon eta. Jadi jelas pisan pamenta atawa du’a teh nya eta neangan jalan nu dipiridha ku AnjeunNa; ulah anu teu dipiridho ku AnjeunNa. Nya jawaban kontan ti na ieu pamenta teh nya eta Ayat2 Surat 2 ( Al Baqarah ) Dzaalikal kitaabu laa roibafiihi Huda Lil Muttaqien. Tah nepi ka dieu heula bahasan Tapsir Basa Sunda teh. Hanca
