1. Kudu bener macana ( Qur_an )  2. Kudu apal  3. Kudu Nyaho hartina  4. Kudu 
ngarti jero2na naon sabaabnaa Allaah ngawahyukeun hiji ayat. Ieu teh salah 
sahijina nafsirkeun. 5. Praktekna.

--- On Sun, 9/6/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:

From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Tapsir Qur_an Sunda ka 2
To: "[email protected]" <[email protected]>, "urangsunda" 
<[email protected]>
Received: Sunday, 9 June, 2013, 4:18 AM
















 



  


    
      
      
      Sae bah Amin ngaguar Al-Quran dina milist, kanggo pepeling ka urang 
sadayana.
Ngeunaan istilah tafsir, ieu mah tafsir bah Amin kanggo bahan diskusi dina 
milist basa sunda; bilih aya jalmi lepat sangki da saurna ari janten Mufassir 
(ahli tafsir) syarat elmuna seueur pisan, aya nu nyebat 9 elmu alat, aya nu 
nyebat 15. Tapi sim kuring panuju ari tafsir tataran pribadi mah kedah aya, pan 
sadaya umat manusa teh dituntut pikeun nafakuran alam, oge nafakuran Al-Quran 
ku pangaweruh sareng kapahaman masing-masing pikeun mawa kana katundukan ka 
Gusti nu Maha Suci. Tapi panginten benten sareng 'produk tafsir' mangrupa 
standar kitab tafsir anu ditujukeun pikeun masyarakat umum. Eta mah saena urang 
tarjamahkeun weh kitab tafsir nu tos aya kana basa sunda :).

Sim kuring oge nyungkeun widi kanggo
 ilubiung:

KITAB
=====
Sapalih ahli tafsir ngabogaan pendapat yen 'Kitab' anu dimaksud dina ayat awal 
surat Al-Baqarah teh nyaeta kitab Al-Quran anu aya di Lauh Mahfudz. Jadi 
Al-Quran teh firmah Gusti nu Maha Suci anu tos komplit 'ti dituna' ditulis di 
Lauh Mafhudz (saurna mangrupa kitab di alam suci, mung Gusti Allah anu uninga). 
Teras eta Al-Quran diturunkeun ka Nabi Muhammad nungtut sajalur jeung asbabun 
nuzul na (sabab-saba turun Al-Quran).

Ari sim kuring nyalira, gaduh emutan, yen anu di sebut 'kitab' teh teu kudu 
mangrupa tulisan dina kertas atawa kulit domba, atawa palapah tatangkalan. 
Kitab bisa diartikeun kumpulan elmu, kumpulan pangaweruh. Bisa wae jalma anu 
jero pangaweruhna nyarita; "dina dada kuring aya kitab", artina eta jalma ngaku 
dina dadana pinuh ku elmu pangaweruh. Tah ari elmu Gusti nu Maha Suci bisa 
disebut oge Kitab Suci. Kusabab Gusti nu Maha Suci teh anu pang awalna 
(Al-Awwalu) maka elmu oge aya ti awalna. Nya
 sacara simbolik saperti lampu pijar jeung cahayana, salila lampu pijar teh 
hurung nya harita keneh oge aya cahayana. Jadi atuh Al-Kitab salaku elmu Gusti 
nu Maha Suci teh geus aya ti dituna, kusabab Gusti teh anu Maha Ngagaduhan Elmu.

JALMA TAQWA
===========
Al-Quran teh pituduh pikeun jalma taqwa. Naha jalma taqwa geus aya saencan 
Al-Quran diturunkeun ka Nabi Muhammad. Saur sim kuring mah: geus aya.
Ari Ibrahim as, teh jalmi taqwa. Para nabi saencan nabi Muhammad teh jalma 
taqwa. Ti suku Quraisy saencan lahir nabi Muahammad oge aya jalma taqwa, 
kasebut dina sajarah misalna: Waraqah bin Naufal, Ubaidillah bin Jahsy, Ustman 
bin Al-Huwairist, Zaid bin Amr. Eta opat jelema teh basa jaman jahiliyah 
saencan Al-Quran turun oge geus embung pipilueun nyembah berhala/patekong Latta 
jeung Uzza. tepikeun Zain bin Amr mah ngalaman disiksa tepi ka dipaehan ku 
kaumna kusabab dianggap 'murtad' tina kabiasaan nyembah patekong di Sabudeureun 
Ka'bah.
 Waraqah bin Naufal indit ti Makkah neangan pituduh nyukcruk informasi ngeunaan 
agama Ibrahim, anu akhirna manehna asup ka agama Nasrani (Nasrani Unitarian anu 
teu percaya kana trinitas). Oge Ustman bin Al-Huwairist kacaritakeun asup 
Nasrani jeung bangsa Romawi. Ari Ubaidillah kaumuran kungsi asup Islam jeung 
ngilu hijrah ka nagara Habsyi (Ethiopia), tapi di Habsyi manehna kaluar ti 
Islam terus asup Nasrani. Pamajikan Ubaidilah nyaeta Ummu Habibah saenggeus 
jadi janda ditikah ku Nabi Muhammad saw. 

Sim kuring yakin, jalma taqwa teh loba kuukuran jaman-na masing-masing jeung 
syareat di jaman-na.

Tina perspektif lain, bisa oge maksud "Al-Quran, Kitab pituduh pikeun jalma nu 
taqwa teh", nyaeta Al-Quran moal jadi pituduh ka jalma nu ingkar anu 
ngagegedekeun hawa napsu dina jiwana. Rek kuurang dibacakeun ayat Al-Quran ka 
jelma ingkar mah kalahka nambahan weh ingkar na teh. Ieu bakal dicaritakeun 
dina surat Al-Baqarah salajengna. Ari jalma taqwa
 mah lamun ngadenge ayat suci Al-Quran teh bakal makin taqwa wae nambahan 
iman-na.

**Tambahan: tah salain jalma taqwa teh geus aya saencan Al-Quran diturunkeun ka 
Nabi Muhammad, istilah 'ALLAH' oge geus dipake ku bangsa Arab pikeun ngaran 
Rabb (Gusti) anu ngawasa alam raya.  Jadi pas Al-Quran ngagunakeun ngaran 
'Allah' pikeun 'Rabb' nya bangsa Arab geus teu ngasasaha deui, teu nanya 'saha 
Allah teh'. Malahan mah kana konsep Allah salaku Rabb (pangawasa) alam semesta 
teh bangsa jahiliyah Qurays geus ngartieun. Anu embung mah nya eta 'tunduk 
jeung patuh, teu ngaduakeun' gusti Allah (Laa ilaah illa Allah). Da 
konsekuensina asa beureat karana hawa napsu.  Nya sarua weh meureun jeung urang 
ayeuna, ngaku iman ka Gusti Allah tapi ari hawa napsu mah dituturkeun keneh 
wae...


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================



        Von: Abbas Amien <[email protected]>
 An: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]>; [email protected] 
 Gesendet: 8:22 Sonntag, 9.Juni 2013
 Betreff: [kisunda] Tapsir Qur_an Sunda ka 2
   















 



    
      
      
      

Surat Ka 2 – Al Baqarah

Alif LammMiim

Umumna didieu ditarjamahkeun Ngan Ukur Allah nu uninga ka na
haartosna ieu ayaat. Tapi mun kitu saenyana kabeh ayat oge can puguh kirtu
hartina; angger we Allah wungkul nu uninga mah. Jadi di na hal ayat ieu kudu
neangan deui naon sajatina haarti eta ayat. 

Aya nu netelakeun yen sabaangsa Yaaa Siiiin; Alif
LaaamMiiiim; Kaf Ha ‘ainshad; eta asalna dua2 para auliaa jaman kuno; jadi
hartina aaya na Al Qur_an; ku Gusti Nu Maha Suci ditarima eta do’a sabage do’a
Muslim. Malah kuring kungsi manggihan di na do’a samodel kieu; bismillahi
babunaa Yaasiiin kifayatuna jst. Ieu nunjukkeun yen memang eta teh doa2 atawa
mantra2 jaman baheula; jampe pamake atawa jangjawokan jaman bihari; tapi nu
Geus diidinan ku Allah pikeun dipake ku Muslimin muslimat.

Ayat 2 – Dzaalikal kitaabu laa roibafiihi, hudan lil
muttaqien. Dzaalika = ieu atawa eta.   
Kitaabu = risalah. Aya nu nerjemahkeun KITAB atawa BUKU. Tapi eta mah
jelas teu Nyambung. Lantaran naon ? Lantaran kapan waktu Allah nurunkeun Wahyu
ka Muhammad, kakara aya di na lisan , can dibukukeun. Mun ujug2 ditarjamahkeun
BUKU; iraha dijadikeun bukuna ? pan waktu narima wahyu mah kakara aya di na 
BRAIN
Muhammad; nu dijejelan Wahyu ku Allah.   
Laa = lain, henteu moal jste   
roiba = ragu2, teu yakin ;   fiihi
= dijerona       hudan = taufik hidayah; pituduh   li  =
pikeun   Al Muttaqien = jalma takwa. 

Jadi harti sagemblengna Ieu risalah teh teu diragukeun deui
pituduh pikeun jelema nu takwa.

Ieu rada hese napsirkeunana teh, asa asa kurang nyambung.
Naon sababna ? Kapan cenah Nabi teh rek nyebarkeun ieu Al Islam; rek 
ngawanohkeun
Gusti Allah ka kaumna harita. Tapi naha ujug2 aya jelema TAKWA !? Tah ieu kudu
dihartikeun khusus; teu meunang togmol ditarjamahkeun kitu wae.

Kieu meureun … Jalma nu ngadua atawa neneda nun Gusti tuduhkeun
jalan pikasalameteun kanggo abdi; tah ieu meureun nu disebut muttaqien dina
ayat- 2 Al Baqarah teh. Nya eta ngawaler ka na pamenta ihdinashshiraatal
mustaqiem. Jadi sanyatanaa nu ngadu’a menta ihdinashshiratal Mustaqieem teh;
sahenteu henteuna geus aya di na jalan nu lempeng; lantaran hayang nyaho jalan
nu bener. Engke na ayat saterusna leuwih jelas deui.

Ayat 3 Al Baqaarah – Alladziina yu_minuuna bil ghaibi
wayuqiimuunashshalata, wa mimma razaqnaahum yun fiquun. Jadi ayat 3 teh
netelakeeun atawa ngajentrekeun, atawa ngadeskripsikeun naon ari muttaqien teh.
Jadi di dieu  geus aya definisi nu jelasm
nu kumaha ari muttaqien teh. Meureun maksadna supaya Nabi ulaah salah nempo;
ulah salaah taksir; nu kumaha ari jelemaa takwa teh.

Definisi diluhur, teu nangtukeun sacara jelas, naha muttaqien
teh saacan Nabi oge , geus aya; atawa saatos Nabi !? Ieu teu dijelaskeun. Jadi
bisa wae samemeh aya nu milu ka Nabi jadi Islam, jelema nu muttaqien geus aya.
Nya buktina kapan Nabi Muhammad nyalira. Pasti kalebet jalmi muttaqien. Jadi
Rasul pasti kalebet Jalmi Muttaqqien. Tapi Jalmi muttaqien can tangtos Rasul
atawa Nabi.

Jadi ieu risalah teh pituduh pikeun jelema takwa. Nu baheula
samemeh Muhammad jeung oge keur nu jadi panganut Islam syareat Muhammad Saw.

Naon cenah ari jelema takwa teh ? Nya definisina disebut di
na Ayat 3 nu tadi ditulis diluhur. Harafiahna nya eta Alladzi = nerang keun
takwa. Jalma nu takwa teh cenah yu_minuuna bil ghaibi = percaya yen aya nu
Ghaib = Allah, Maliakat, Jin jste. Ghaib di dieu lain euweuh; tapi aya maujud,
wujud, ngan teu katepi ku panca indra sacara langsung; atawa katenjo tapi teu
bisa dijangkau. Eta ghaib teh.   Wa
yukiimunashshalaati = jeung maranehna ngalakukeun ibadat shalat. Shalat di dieu
hartina nyembah ka GUSTI.    Wamimma
Razaqnaahum yun fiquun = jeung maranehna ngabagikeun rizqqi nu diupayakeun ku
maranehna; tapi teu didahar sorangan, dibagikeun ka nu hak narima.  Tah eta 
cenah sabagean ti na definisi Takwa
teh.

Hanca



    
     










    

    
     

    
    






  








Kirim email ke