Ieu sakadar saran we nya. Ninggali nu enggeus-enggeus, mindeng pacorok nganomeran misalna. Boa bakal leuwih kagarap bari rada gampang nguruskeun dokumentasina, mun ngagarapna dimitian ku surat-surat nu parondok, pilih Juz Amma. Da puguh Al-Baqoroh mah surat pangpanjangna, biheung anggeus biheung moal.
2013/6/11 Abbas Amien <[email protected]> > ** > > > Ayeuna urang teruskeun deui. > > Saterusna ayat 4. Walladziina yu_minuuna bimaa unzila ilaika wa maa unzila > min qablik. Wa bil Aakhirati hum yuu qinuun. > > Wa = jeung; ladziina = nerangkeun manusa takwa tadi yu_minuuna = > ngayakinkeun atawa iman; bimaa = ka na ; unzila = nu diturunkeun ; > ilaika = ka maneh ( Muhammad ); min qablika = saacan maneh ( Muhammad ) > > Jadi cenah ciri jelema takwa teh ngiman atawa percaya ka na risalah2 nu > diturunkeun ku Allah; boh nu ayeuna boh nu bareto saacan Nabi Muhammad. > Jeung maranehna percaya pisan bakal ayana poe akhir. > > Tah etaa harti diluhur ku urang kudu dijeroan neuleumanana; anu hartina > napsirkeun naon sanyata Gusti ngawahyukeun eta ayat 4. Memang geus jelas > neruskeun ti na ayat 3; nya eta ngajelaskeun jelema Muttakien tea. > > Tapi di na napsirkeun ayat kudu jelas deui wae Ti Saha ? Ka saha ? Keur > saha ? Ti saha nya pasti ti Allah; ka saha nya ka Rasul Muhammad Saw; keur > saha keur sagemblengna manusa; tapi dikhususkeun ka nu ngadu’a Ihdinash > shiraatal mustakiem tea. > > Naon cenah ? Eta jelema muttakien teh cirina deui nya eta iman ka na > risalah2 nu diturunkan Allah, ka para Rasul/NabiNa. Boh risalah nu ayeuna > boh nu bareto saacan Nabi nu ayeuna. > > Naon sababna harti ieu kudu dijelaskeun ? Sabab di na eta ayat ngudukeun > iman ka sakabeh risalah nu diturunkeun ku Gusti. Ieu Kudu atawa WAJIB. > Nanya deui keur saha WAJIBNA ? Jawabanana keur jelema takwa tea. Boh umat > Muhammad, boh umat Nabi saacan Muhammad. Ieu hartina leuwih jauh, mun umat > Muhammad teu IMAN ka na Injil misalna; eta teu kaasup Jalma Takwa. > > Nerangkeun nu ieu bakal leuwih panjang mun dikaitkeun ka na ayat > Innalladziina kafaruu atawa waminannasi man yakuluu. Ku sabab kitu, keur > ayat 4; dicukupkeun sakieu wae. Ngeunaan tungtung ayat nu iman ka na poe > akhirat; engke ditunda di na nu aya hubunganana jeung ayat2 sejenna. > > Ayat 5 – Ulaaika ‘alaa hudan min Rabbihim wa ulaaika humul muflihuun. > Ulaika = tah maranehna teh; ‘alaa = nu ; hudan =hidayah/pituduh; min = > ti; Rabbihim = Tuhan maranehna ; wa = jeung ; ulaaika = tah maranehna teh ; > humu = maranehna; almuflihun = meunang; nu meunang untung. > > Jadi harti eta ayat 5; Tah maranehna ( jelema takwa ); nu meunang pituduh > ti Gusti jeung maranehna nu bakal jadi WINNER. Maranehna nu bakal salamet; > meunang untung. > > Jadi jelema takwa nya eta nu Iman ka Allah ka Para Malaikat, Terus nyembah > ka Allah ( henteu ka malaikat jeung jin mah ); terus infak ti na rizki nu > meunang usaha manehna papaarin Gusti; Iman ka na sakabeh risalah nu > diwahyukeun ku Allaah; nu ayeuna jeung nu baheula; terus percaya atawa iman > ka na poe akhir. Tah eta jelema takwa teh. Eta nu bakal dipiridha ku Allaah. > > Jadi Allah nujukeun Risalahna keur nu boga sipat2 saperti nu ditulis; nya > eta jalma takwa tea. HANCA > > >
