Hayu urang tuluykeun deui hanca.
Naon sababna kitu nya ? urang nyureng mikir. Ieu rupana memang HAK Gusti, urang teu apal ; dibere kabebasan tapi dibere katerangan ?! Yen mun milih ieu bakal kitu kitu bla bla bla; mun milih itu bakal kieu kieu bla bla bla jst. Terus jelema takwa mikir yen sajatina Gusti palay ningal jelema harideng balageur, saroleh. Cek saha ? Eta mah cek anggapan jelema takwa tea. Piraku Gusti teu palay ningali nu tarakwa ? Nu daraek nyembah ka AnjeunNa ? Eta logikana jalma Takwa; yen Allah pasti kituna. Komo bari jeung aya ayatna yen wa maa khalaqtul jinna wal insa illaa liyabuduun. Tapi jalma takwa nu mikir kitu, teu mikir nu leuwih jauh yen aya HUKUM keur manusa jeung Jin. Hukum eta moal jalan mun manusa alus kabeh misalna. Hukum eta moal jalan mun manusa saperti malaikat nu Ngan ukur KUDU Thaat ka na Parentah Gusti. Naon atuh Gusti nyiptakeun manusia, ari lain keur nyiptakeun Makhluk nu beda ti nu saacanna. Jadi memang cek pikiran kuring mah, ieu geus Program Allah, yen manusa diciptakeun bisa milih, jeung keuna ku HUKUM salah jeung bener. Hukum Allah enyaan lakuna keunana ka tiap pribadi manusa; jadi teu nempo TURUNAN. Bisa wae turunan Kapir malah jadi Takwa; jeung turunan jelema Takwa jadi kapir. Aya manusa kapir nu sacara sinis ngaledek kayakinan nu takwa; pajarkeun uing mah cenah jadi kapir teh pangersa GUSTI. Lantaran manehna nempo aya ayat nu nyebut : he Muhammad tong maksa ka jelema supaya jadi jelema takwa; da KAMI mun arek mah bisa wae ngajadikeun maranehna TAKWA ! Tah ayat ieu nu dijadikeun ledekan pikeun maranehna ka jelema Takwa. Katambah deui ayat 7 nya eta saterusna nyebutkeun khatamallahu alaakulubihim, wa alaa samihim ghisyaawatuwwalahum adzaabun adhziin. HANCA
