Urang teruskeun :
Ayat 7 – Khatamallahu ‘alaa Quluubihim wa ‘alaa sam_ihim ; wa ‘alaa absharihim ghisyaawatuwwalahum adzaabun adhziim. Khatama = geus nutup/geus ngonci ; ‘alaa = ka na ; quluubihim = bathin/ati maranehna; wa ‘alaa = jeung ka na ; samihim = pangdenge maranehna; wa ‘alaa = jeung ka na ; abshaarihim = tetenjoan maranehna; ghisyaawatun = ku tabir/hahalang; walahum = jeung ka/keur maranehna ; adzaabun = siksa/azab ; adhziim = gede pisan. Jadi tarjamah, atawa harti sacerewelena Allah geus ngonci mata bathin maranehna, tetenjoan jeung pangdenge maranehna. Jeung maranehna bakal narima siksa nu peurih pisan. Cek si Kafir = tuh pan ! geus dikonci ku Alloh cenah; tapi tetep we meunang siksa nu beurat pisan. Tuh pan Allah teh kejem pisan tah?! Padahal uing kapir teh pan pangersa Tuhan ? Naha atuh make disiksa !? Ku sabab pertanyaan jeung ledekan nu ieu, makana Allah ngawahyukeun ka Muhaammaad tong mikeun risalah ka nu kapir da euweuh gunana. Di dieu lain harti Allah taak, teu sanggup ngislamkeun jelema kapir, da eta mah kapan program AnjeunNa pisan, kudu aya tilu jenis manusa ! Nu Takwa, nu kufur, jeung nu bakal diterangkeun engke. Tah eta nu tilu jenis manusa teh lain ditangtukeun kitu wae ku Allah; tapi gumantung ka na pilihan2 nu bebas tea; nu ayana di na BRAIN satiap manusa. Dimana HUKUMNA ku Gusti disodorkeun nya eta mun takwa bakal kitu kitu; mun kapir bakal kieu jeung kieu. Terserah para pribadi manusa milih nu mana; ku alat BRAIN nu dipiboga ku satiap pribadi manusa. Ngan inget mun geus akhir/maot bakal aya balitungan. Allah pang tepatna ngahisab. Ieu ayat 6 jeung 7 teh masih bisa keneh dipanjangkeun tapsiranana; tapi leuwih hade urang selang heula ku ayat 8 jeung saterusna; supaya leuwih srek deui dina napsirkeeunana, atawa ngamaknaannana. Ayat 8 – Waminannasi man yaquulu aamanna billahi wa bil yaumil akhiiri wa maa hum bimuminiin. Sigana ieu nu disebut jelema agnostik teh. HANCA
