Teruskeun deui tafsir Qur_an ka 8 jeung 9

Ayat 10 – Fii quluubihim maradhan fajaadahumullahu maradhaa.
Wa lahum adzaabun aliimum bima kanuu yakdzibuun

Fii = di na ; quluubihim = ati maranehna ; maraadun = aya
panyakit  fajaadahum = ditambahan
deui  ; 
Allaahu = ku Allah; maradhaa = paanyakit; wa = jeung ; lahum = pikeun
maranehna ; adzaaabun = siksa ; aliimun = nu hebaat pisan ; bimaa = ku naon
naon nu ;  kanu = nyaa eta ; yakdzibuun =
maranehna lakukeun.

Qalbu maranehna geus aya panyakit, ditambahan deui ku Allah
panyakitna; jeung maranehna bakal meunang siksa nu beurat pisan.

Ayat 11 – Wa idza = jeung lamun ; qila = aya nu ngomongan ;
lahum = ka maranehna ; laa = teu meunang ; tufsidu = ngaruksak; fil = di ;
ardhi = bumi ; qaalu = maranehna nyarita/ngajawab ; innamaa = saenyana ; nahnu
= kuring sarerea ; mushlihuun = jelema2 nu ngaalakukeun amal keur kapentingan
manusa.     

Ayat 12 – Alaa innahum humul mufsiduuna wa laa killaa yasy’uruun.

Alaa – sing inget ; 
innahum = saenyana maranehna ; humu = nya maranehna pisan ; almufsiduuna
= nu ngaruksak ; walaakin = tapi /ngan bae ; laa – teu ;  yasy’urun = sadar

Saenyana maranehna geus nyieun karuksakeun jeung kakalutan
didunya tapi maranehna teu sadar.

Ayat 13 – Waidzaa = jeung lamun ; qilaa = diomongan ; lahum =
ka maranehna; aminuu = maraneh kudu iman ; kamaa = saperti ; Aa_mananaassu =
tuh nu sharolat ; qaalu = maranehna ngabantah ; a nu_ minu = urang kudu
ngalakukeun shalat ? kamaa amanassuapahaa_u = saperti itu nubarodo ?; alaa =
inget; innahum humusssupahaa_u wa laa qilla ya_lamun = sanyatana  maranehnaa nu 
bodo; tapi maranehna teu nyaho.

Ayat 14 – Waidzaa laakulladziina amanuu qaalu aamanna;
waidzaa khalaau sayaatinihim qaaluu innaa ma’akum innamaa nahnu mustahziuun.
Lamun maranehna kumpul jeung jalma nu iman, maranehna nyarita yen maranehna oge
jelema nu boga Imaan; tapi lamun maranehna kumpul deui jeung balad baladna
maranehna ngomong yen maranehna tetep sarua jeung eta golongan; urang mah ngan
hayang ngaledek we tah ka nu beriman. Tah sipat ieu nu sok disaruakeun jeung
jelema munapek teh.

Ayat 15 –Allahu yastahzi_uu bihim waayamudduhum fii
tughyaanihim ya_maahuun. Allah bakal ngaledek jeung ngaheureuykeun maranehna;
jeung maranehna disina bingung teu nyaho jalan nu bener.

Ayat 16 – Nya maranehna pisan nu sok milih mengpar, ti batan
pituduh nu alus; usaha maranehna jadina teu ngahasilkeun ; maranehna lain
jelema2 nu meunang hidayah ti Gusti 

Ayat 17 – matsaluhum = amsal, misal, conto ; kamatsali =
saperti; alladzii = jelema nu ; astauqada = ngahurungkeun ;  naaraa = seuneu ;  
falammaa = sanggeusna kitu ; adhaa_at =
nyaangan ; maa = nu ; chaulahu = saputer eta nu caang ; dzahaba = mareuman ;
Allahu = Allah  ; binuurihim = tina
cahaya nu maranehna ;  watarakahum =
jeung mere ka maranehna ; fii = di na ; dhzulumaatin = ka_aya_an nu poek
mongkleng ; laa – henteu ; yubshiruun = nempo 
 

Ayat 18 – shummun = tuli ; bukmun = bisu ; umyun = bita ;
fahum = beungeut maranehna ; laa – henteu ; yarji’un = balik ka asal.

Ayat 19 – aukashayyibin = atawa saperti hujan ; minassamaa_a
= ti awang awang ; fihii = di na eta ; dhzulumaatun = poek ; wa = jeung ; ra_du
= geledek saleser ; wabarqu = jeung kilat ngaburinyay ; yaj’aluuna = jadi
maranehna ; ashaabiahum = ramo ramona nutupan ; fii = ka na ; aadzaanihim =
nutupan ceuli maranehna ; mina = ti na ; 
shawa’iki = geledek saleser ; chadzarul maut = ku sabab sieun paeh ;
Wallahu = Jeung Gusti Allah ; muhiithun = ngaliput , ngaborogod ; bil kaafiriin
= ieu manusa manusa nu kufur.  

Ayat 20 - Yakaadul barqu yakhthafu abshaarihim , kullamaa
adhaa_a lahum masyaau fiih. Wa idzaa adhzlama ‘alaihim qaamuu wa lausyaa
Allaahu ladzahaba bisamihim wa abshaarihim . Innallaha ‘alaa kulli syai’in
qadiir. Yakaadu = ampir we ; barqu = eta kilat 
; yakhthafu = nyamber ; abshaarahum = tetenjoan maranehna ; kullamaa =
saban saban ; adhaa_a = nyaangan ; lahum = pikeun maranehna ; masyau =
maranehna laleumpang ; fiihi = dijerona; na sajero eta ; waidzaa = jeung
lamun  ; adhz_lama = jadi poek ; ‘alaihim
= pikeun maranehna ; qaamu = maranehna areureun ; wa lau = sakirana ; syaa_a = 
aya
niatan ; Allaahu = Allah ; ladzahaba = tangtu bakal ngaleungitkeun ; bisamihim
= pangdenge maranehna ; wa_abshaarihim = panenjo maranehna ; Innallaha ‘alaa 
kulli
sya’in Qadir = Allah Maha Kawasa

Ieu duapuluh ayat awal surah Al Baqarah. Nu diawalan ku ihdinash
shiraatal mustaqiem tea. Terus timbul Al Baqarah. Dimimitian ku Alif Lammmim.
Hartina Allah ngajar ka Nabi Muhammad jeung engke ka jelema takwa; lamun rek
ngalakukeun hiji niat, ulah poho ngadu’a heula; ulah poho dzikir heula ( Kang
Febi ) ; saterusna ngenalkeun ka Nabi Muhammad yen nu bakal disanghareup an ku
Nabi di na sajeroning dawah; aya tilu rupa jelema. Nya eta jelema Takwa; Kapir;
jeung agnostik. 

Naon sababna Gusti ngawitan ku ieu 3 rupa sipat manusa ? Ieu
penting pisan, supaya Nabi di na mere da_wah ulah salah nempo jenis manusa; yen
mun nyinghareupan jelema nu kacirina bakal atawa hayang takwa kudu kieu2; jeung
nyanghareupan jelema kapir atawa agnostik, kudu beda cara mere risalahna. Jadi
teu loba teuing miceunan waktu teu pararuguh.

Di na ngajelaskeun manusa agnostik, nu pasipatanana saperti
jelema munapek, Allah masihan Wahyu panjang lebar, lantaran jeleema nu katilu
ieu rada hese dicirianana; sakaapeung bisa saperti jelema takwa.

Ayeuna urang nyaritakeun heula soal Islam. Agama Islam.
Diayakeun sebutan Islam keur ngabedakeun ti nu kapir jeung agnostik tadi. Malah
mandar teu pagaliwota teuing; lantaran hese tea nyirianana.

Memang barang mimiti mah; kaciri pisan bedana antara nu Islam
( di dieu nu diharep jadi jelema Takwa tea ) ; nu kapir ; jeung nu agnostik.
Tapi ku lewatnaa waktu, dimana nu ngaku Islaam beuki loba; hese nyirianana, nu
mana nu Takwa jeung nu munapek. Ku sabab satiap perang Islam meunangan wae; nya
rata2 maah arasup ngaku Islam. Beuki loba; beuki hese nalungtik, nu mana jelema
TAKWA teh.

Ku sabab sakitu kudu dibedakeun antara jelema Islam jeung
TAKWA. Tujuan asal mah memang jelema Islam hartina jelema nu salamet; nu bakal
pinanggih kameunangan; tapi nyata saenggeusna mah loba jelema nu ngaku Islam;
lain ngabela Islam, tapi malah ngotoran jeung ngajadikeun Agama Islam goreng
patut pisan. Jaddi keukeuh nu diteangan mah akhirna nya jalma Muttakien tea.
Mudah mudahan urang sarerea kaasup jalmi muttaqien. Aamiin. Allaahumma Aamiin.

Kirim email ke