Urang teraskeun deui :

Ayat 21 – Yaa ayyuhannasu_buduu Rabbakummulladzii Khalaqokum
walladziina min qablikum la’allaakum tattaquun. 

He manusa ubudu sembah ku maraneh Rabbakum Tuhan maraneh nu
Nyiptakeun maraneh sakabeh; oge sakumnaa manusa samemeh maraneh; mudah mudahan
maraneh kaasup jelema TAKWA. ( Winner tea ).

Saparantos Gusti nurunkeun Wahyu nu ngenalkeun 3 Golongan
gede manusa; Gusti ngajarkeun ayat 21 ieu ka Nabi Muhammad. Di ieu ayat teu
disebutkeun he manusa nu ariman; atawa nu tarakwa; naon hartina eta ?

Hartina : 1. Allah masihan paidin ka Nabi Muhammad kanggo
ngadakwah ka sakabeh manusa KUM. Utamana ngenalkeun Allah nu wajib disembah. 2.
Kabeh manusa boga HAK pikeun milih, narima atawa nolak ka na Risalah nu
ditepikeun ku Nabi  3. Harti leuwih jauh,
Nabi waktu ieu di na kondisi ieu tacan boga “nu manut” hiji2 acan. Jadi Nabi
kudu bisa mawa ieu risalah kalawan ati ati pisan; bari sanggeusna dibekelan ku
pangaweruh ngeunaan 3 golongan manusa tea. 4. Nyata parentah Gusti ka manusa
teh nya eta kudu SINEMBAH ka Anjeunna. Ieu salaras sareng ayat wa maa khalaqtul
jinna wal insa illaa li ya_buduun.

Mun engke Nabi di na ngadakwah ieu panggih jeung jelema nu
nentang atawa aya nu nangtang , maka Nabi kudu waspada, yen nu nentang teh
sabangsa golonghan kapir; lamun anu nangtang, ngajak debat, eta golongan katilu,
atawa agnostik tea.     

Ka nu narima risalah ( nya eta nu disebut asup Islam tea );
moal otomaatis jadi jelema TAKWA; lantaran bisa wae hate jeung tindak
tandukna robah deui; misalna jadi munapek, terus ka agnostik; malah mungkin wae
jadi kapir. Nu matak di tungtung ayat disebutkeun mudah2an eta nu asup Islam
teh jadi jelema Taqwa. Jadi can tangtu; lantaran nu engkena nangtukeun nya eta
kondisi akhir; nu matak sok aya sebutan Khusnul Khatimah jeung su’ul khatimah.
Jadi asup Islam teu ngajamin bakal jadi jelema Takwa; sedeng nu bakal dijamin
jadi nu salamet, nu untung nya eta jelema Taqwa.

Sabalikna nu kapir jeung agnostik oge dibere kasempetan keur
asup Islam; bajoang pikeun metik hasil jadi jelema Taqwa.  Nu matak ayat 21, 
dimimitian ku ayyuhannas.
Bisa wae nu kapir jadi sadar hayang nyoba2 asup Islam; kitu deui nu agnostik.

Tapsir ayat 21; dicukupkeun heula sakieu, di na waktu ieu
mah; engke mun manggih ayat nu aya hubunganana, bakal disambungkeun deui ka na
ayat ieu.

HANCA

Kirim email ke