Sampurasun kisunda sadaya...Kapincut ku seratan pangersa kng Abas nyodorkeun 
makalah nu patali rejeung ka imanan dina tafsir basa sunda no 10 ari mungguh 
pamadeugan simkuring didieu penting kanggo di guar geunaan perkara ka imanan 
margi nu pangheula heulana di wajibkeun kamanusa samemeh naon2 perkara teh nya 
iman heula sakumaha ku urang ka malum yen iman dina Islam teh di beungkeut ku 
dua kalimah panyakseni/pangakuan nubiasa disebut duakalimah syahadat nyaeta 
syahadat ilahiah jeung syadat rosul benten sareng kasundaan sakirang kirang na 
aya 25 sahadat Sunda danyakitu sunda mah seu eur sahadat na tah dina leresan 
ieu urarang ulah picik dina nganilai mangka perlu urng sataranjang sangkan atra 
pertela perkarana anu muga bae kahareupna hal ieu tiasa ka guar margi penting 
di kanyahokeun syahadat dina islam boh sacara lughowiah boh sacara syar'iah 
nyakitu deui urang salaku urng Sunda mangka kudu apal naon sahadat sacara 
kirata jeung naon sahadat sacara fakta,
 ayeuna mangga ku urang lenyepan dina islam iman teh ceuk pangaweuruh lain 
wungkul kadar kadar percaya da mun nepikana percaya wungkul mah jigana iblis 
leuwih percaya batan manusa ngena'an ka pangeran na teh,nya datang weh 
pangaweuruh yen Iman teh kabagi ku dua bagin ka hiji Iman mungguh lughot kadua 
Iman mungguh istilah naon margina janten kitu cobi ku urang tinggal eta 
duakalimah dina syahadat teh "ASYHADU ALAAILAHAILALLAH WA ASYHADU ANA 
MUHAMADUROSULULLAH" kawula nyaksi hanteu aya deui pangeran anging ALLAH jeung 
kawula nyaksi Muhamadteh utusan ALLAH; kecap syahidan berarti saksi mana mana 
di sebut saksi berati kudu mawa bukti analogi na sapertos kieu mun bae 
simkurimg di tuduh maling Randa pangersa kng Abas janten saksina mangka ceuk 
jaksa naon buktina yen kuring maling Randa saur saksi tah ieu kolor na 
tinggaleun handapeun jandela imah s Randa waktu ngajleng cankaburu dipake 
hehe...jadi cindek na ari saksi eta teu nginjem ceuli teu nginjeum panon
 (a'inulyaqin) 
Tah ayeuna mun urang nyebatkeun nyakseni bari teu bisa mawa bukti mereun akon 
akon wungkul cobi lenyepan "abdi nyaksi ari Muhamad eta utusan Allah; na iraha 
nyaksian nana pan kangjeng nabi mah jumeneng nage 1500th katukang, tah dilebah 
dieu teu bisa ku urng di ma'naan sacara lughowiah mangka perlu ayana ma'na 
sacara tafsiriah sangkan naon nyeta sangkan lempeng bener teusalah kaprah keuna 
ku ucap Sunda yen basa panganteur rasa mangka muncul rasa nu rasa pencaring 
nyawa dina hal ieu Gusti nu maha suci ngadawuh"WA MINANASI MANYUJADILU FILLAHI 
BIGHOIRI'ILMIN WALAHUDAN WALAKITABINMUNIR" Q:031:020
Harti pondok na tina eta ayat jiga kieu ;jeung aya di antara manusa nu ingkar 
tina ka maha tunggalan pangeran tanpa pangaweuruh jeung tanpa pituduh oge tanpa 
kitab anu nyaangan; dina ayat anu sanes dawuh Gusti "FALAA 
TAGHURANNAKUMULHAYATUDUNYA WALAA YAGHURONAKUM BILLAHILGHORUUR" mangkade maraneh 
katipu ku perkara dunya jeung kade maraneh ka tipu ku syaithon prkara Allah; 
nilik kana katerang anu di luhur mangka jadi penting pikeun urang nganyahokeu 
ALLAH,Gusti Allah nu maha tunggal/sahiji hiji dina dzat na hiji dina sifatna 
hiji dina af'alna hiji dina asma na,salajeng nu kudu dipaham ku urang ayeuna:
1.Naon anu disebut dzat na ALLAH?
2.Naon ari sifat na ALLAH?
3.Naon anu dsbt af'alna ALLAH?
4.Naon ari nu sebut asmana ALLAH?
Cag heula ah sanes waktos urang sampeur deui.
Dikirim dari Yahoo! Mail pada Android

Kirim email ke