Alhamdulillaah. Nuhun pisaan , kaatampi pisaan nambihananaa kang Yadi; sok 
ngarah langkung euyeub eusina. 

--- On Wed, 26/6/13, YADI supriadi wendy <[email protected]> wrote:

From: YADI supriadi wendy <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Re: Tafsir Qur_an Sunda1
To: [email protected]
Received: Wednesday, 26 June, 2013, 9:21 AM
















 



  


    
      
      
      



--- In [email protected], Abbas Amien <abas_amin08@...> wrote:

>



> Ayat saterusna nu ngarupakeun dua ayat pamungkas ti al

> Fatihah; nya eta Ihdinashshiraatal mustaqiem; shiratalladziina an amta 
> alaihim,

> ghaairil maghdhuubi alaihim Waaladhdhaaaallliin.

> 

> Ya Allah tuduhkeun ka abdi JALAN nu lempeng; jalan nu matak

> ka na Jati Waluya. Ieu ayat penting pisan lantaran bakal ngabuka jalan ka na

> Eusi sagemblengna Al Qur_an; nya ku ieu du’a atawa pamenta Gusti ngajarkeun

> mgaliwatan Utusanana nya eta Muhammad . Naon cenah jalan nu lempeng teh ? Nya

> eta jalan nu geus ditaratas ku para nabi, para aulia; nya eta para manusa nu

> geus dipasihan pituduh kalawaan prak ngajalaanan eta pituduh; sareng ssing

> ditebihkeun abdi kaa na jalan nu geus ditaratas ku jelema2 nu mengpar jeung

> ngajauhan ti na jalan Anjeun; nya etaa saperti nu diccontokeun ku Firaun 
> Namrud

> kaum Aad sareng salian ti eta. Mugi ditebihkeun abdi ti na jalan nu awon eta.

> 

> 

Ki Abbas, hapunten yeuh, ieu kuring leuir ngarespon kana tapsir dua ayat ieu. 
Ieu mah urang lakukeun dina kaihlasan, estu milari rido Allah ta ala, sanes 
kitu Ki...?



Kuring kataji ku doa ieu nu neda pituduh pikeun jalan nu lempeng. Jalan lempeng 
nu mana? Nyaeta jalan nu tos dituduhkeun ka jalma-jalma nu tos dipasihan 
NI'MAT, LAIN jalan nu tos dilakonan ku jalma-jalma maghdub sareng dholim.



Tah di dieu tetela sihoreng aya dua jalan: kahiji, nyaeta jalan jalma nu tos 
dibere ni'mat, jalan kadua, nyaeta jalan nu tos dilakonan ku jalma-jalma 
maghdub sareng dholim.



Tah jalan jalma-jalma nu maghdub sareng dholim mah jelas, nyaeta jalma-jalma nu 
tos ngabohongkeun bebeneran (kaasup nu ngabohongkeun atawa nu teu percaya ka 
utusan Allah), tegesna ayeuna mah urang Nasrani nu teu percaya ka KNM saw. Atuh 
kaum nu dholim, nyaeta jalma-jalma nu tos "maehan" para nabi, atanapi nu sok 
nolak ka utusan Allah ta ala, tegesna kaum Yahudi. Eta jalan nu kadua.



Ari jalan nu kahiji, nyaeta jalan nu tos dituduhkeun/dilakonan ku jalma-jalma 
nu tos dipasihan NI'MAT. Patarosanana saha atuh jalmana, atanapi naon anu 
disebut NI'MAT di dieu? Da atuh mun ni'mat di dieu sifatna kaduniawian, boa 
urang kulon jeung kaum Yahudi leuwih meunang kani'matan batan "urang"? Jadi 
tetela sanes ni'mat kadunyaan pan? Pasti sarupaning ni'mat karohanian. Naon 
atuh ni'mat karohanian teh?



Muka AQ dina An Nisa:69, tetela ni'mat teh nurutkeun definisi AQ mah (ref An 
Nisa:69), nyaeta hirup babarengan jeung para nabi, para siddiq, para syuhada 
sareng para salhin.

(Dan,  barangsiapa taat kepada Allah swt. dan Rasul ini maka mereka akan 
termasuk di antara   orang-orang  yang kepada mereka Allah swt. memberikan 
nikmat, yakni : nabi-nabi, shiddiq-shiddiq, syahid-syahid, dan orang-orang 
saleh. Dan, mereka  itulah sahabat yang sejati.)



Cindekna geuning kanabian teh hiji ni'mat nu ku jutaan kaum muslimin diperedih 
siang kalayan wengi minimal 17 kali dina sadinten sawengina, naha moal kitu 
diiwalkeun moal ditedunan ku Allah ta ala?



Asa mustahil..... pasti tinekanan!

Ngan "urangna" we nu jadi maghdub jeung dholim, naudzubillah





    
     

    
    






  








Kirim email ke