Ayaat 25 : Wabasyssyirilladziina aamanuu
wa’amilishshaalihaati anna lahum jannaatin tajrii min tahtihaal anhaaaru
kullamaa ruziquu minha min tsamaraati rizqan qaaluu haadzalladzii ruziqnaa min
qablu wa utuu bihii mutasyaabihaaa. Walahum fiihaa azwaajun mutahharatun wa hum
fiihaa khaalidduun.

Wabasysyiri = Jeung tepikeun ku maneh ( Muhammad ) ; warta nu
matak ngagumbirakeun, 

Alladziina = jalma nu

Aa_manuu = nu ariman

Wa amiluu = jeung ngalakukeun

Shalihatii = shalat jeung salian ti eta nu aralus

Anna = saenyaana

Lahum = pikeun maranehna

Jannaatin = sawarga

Tajri = nu ngocor

Min = tina dina

Tahtihal = disahandapeunana

Al anhaaru = cai2 ( susukan jste )

Kullamaa = saban2

Ruziqnaa – maranehna dibere rizqi

Minhaa = di eta sawarga

Min = ti  tina

Tsamaraati = bubuahan

Rizqan = saperti rizqi di dunya

Qaaluu = maaraneh ( muttaqien ) nyararita

Haadzaa = tah ieu

Alladzii = nu

Ruziqnaa = nu saperti baheula keur di dunya

Min qablu – nu baheula

Wa utuu =  jeung
maranehna dibere oge ; bi hi = di sawarga

Mutasyaabiha = nu sarupa jeung waaktu di dunya

Walahum = jeung keur maranehna

Fiihaa = di jero sawarga

Azwaajun = pasangan2

Muthahharatun – nu suci

Wahum = jeung maranehna

Fiihaa = di sawarga

Khaaliduun = abadi; euweuh tungtungna

Kumaha napsirkeun ieu ayat !? Sacara garis badag Allah
masihan hadiah kanggo jalma2 TAKWA hirup di sawarga. Naon ari sawarga teh ?
Sawarga nya eta hiji tempat pikeun jelema muttakien, dimana di eta tempat
euweuh kahariwang, kasusah, atawa kesel. Urang hirup di dun_ya estu nete semplek
nincak semplak; indit ka pasar, macet; geus kitu kacopetan; uraang nyorowok,
aya nu nonjok; nepi ka ari balik teh sagala karusut. Nu kapanggih ku urang ngan
masalah jeung masalah; nepi ka urang sering humandeuar, ngarasula, encan
panggih jeung jelema tukang nipu atuh urang katipu jutaan jst jst. Tah mun
urang sabar di naa nyanghareupan kahirupan di dunya; urang baakaal diasupkeun
ka hiji daerah nu disebut sawarga tea; dimana masalah cai, listrik jste euweuh
sama sakali; sagalan laancar; moal pisaan urang papanggih jeung tukang tipu
atawa copet. Jeung deui moal bosen deui. Kapan di dunyana oge urang teh sabar
tawekal; aatuh komo di sawarga mah. Laamun aaya istilah kesel; euweuh pacabakan
cenah; eta ngaranna lain sawarga.

 Leuwih jauh deui
masalah sawarga. Ku maca ayat 25 tadi, urang bisa napsirkeun yen kaayaan
sawaarga teh na baatin nyaricinganaana saarua jeung ddi dunya boga kaahaayang,
boga napsu; bedana naon wae kaahayang kacumponan bari euweuh akibat gorengna.
Misalna hayang ka paasar, enyaan urang ka pasar; meuli deuih barang nu hayang
ku urang beuli; hargana ge standar; pas jeung pipikiraan urang. Kitu deui
uraang hayang jadi Pahlawan; ujug2 aya we kajadian nu urang jadi pipilueun
ngabela; tapi kabeh ge pikaresepeun. Urang jadi jagoan, jadi pahlawan.

Naon harti leuwih jauh ? Hartina saenyanaa di sawarga teh
saperti di alam impian; nu endah; euweuh kasusah keur urang. Mungkin oge urang
engke bakaal panggih jeung kabogoh uraang, nu baheulaa urang hayang pisan. Tah
mangkana disebut May our dreams come true. Tah di sawaarga mah enyaan impiaan
teh kalaksanakeun.

Jadi saenyana ngimpi2 ieu atawa jutaan mimpi bakal kaaalaaman
ku urang; tapi nu karasa pasti NIKMAT terus. Teu salah mun disebutkeun 72
widadari ge. Da urang ngalalakon saperti di na Story Book Children tea.

Ieu masalah sawarga bakal leuwih panjang deui dibahas; tapi
nu ayeuna dicukupkeun heula sakieu.

Hanca12

  

Kirim email ke