Ayat 26 : Innallaaha laa yastahyii ayyadriba matsalan maa baa’uudatan famaa fauqahaa . Fa ammalladziina aamanuu faya’lamuuna annahulhaqqu minRabbihim. Wa ammal ladziina kafaruu fayaquulunna maa dzaa arradallaahu bihaadzaa matsalaa. Yudhillu bihii katsiiran wa yahdii bihii katsiiraa. Wa maa yudhillu bihii illal faasiqiin.
Harti sagemblengna ieu ayat : Saenyana Allah teu ringrang ngadamel conto2 ti na reungit atawa nu leuwih handap deui darajatna ti reungit. Ari jelema nu boga iman percaya yen eta conto teh enyaan ti Allah; anapon jelema kafir ngaromong naon tujuan Allah ngadamel conto saperti kitu ? Ku conto2 eta, loba jelema jadi mengpar; tapi sabalikna ku conto2 nu kitu loba jelema nu meunang Hidayah ti Anjeunna. Saemyana teu ayaa di mengparkeun ku Allaah iwal ti jeleema fasek. Tapsir ayat ka 26 : Rupana geus ti baheula lobaa jelemaa kafir nyeungseurikeun misil2 nu dikaluarkeun ti Allaah ka Nabina; maranehna ngomong yen asa pamohalan nu kitu Wahyu ti Gusti ? Sedengkeun maranehna jelas2 kapir nu hartina teu percaya ayana Allaah ? Naha make natanyakeun Wahyuna atuh ? Ieu hartina salian ti maranehna teu percaya ayana Allaah, oge maranehna dakwah supaya jelema2 nu iman kaluar ti na imanna. Jadi maranehna neangan balad atawa hayang nambahan balad nu teu percaya. Padahal nu boga Iman ka Allaah yen Allaah teh ayaa, keur usaha pikeun jadi Taqwa; ayeunaa dibere kahese sejen nya eta ku diheureuykeunana hiji dua ayat, nu pajarkeun pasti lain Ti Allah. Moal enya kitu ? Ku misil2 ieu , saenyana Allah nguji ka maanusa boh nu keur usaha jadi Takwa; boh nu agnostik. Tah loba jelema jadi mengpaar cenah; ku diturunkeun ayaat2 misil saperti kitu. Tapi teu kurang oge ; ku ayat2 saperti kitu pisan loba jelema meunang HUDA ti Gusti. Misalna ti na reungit dipikirkeun; nepi ka jentik2 terus ka amuba. Pan ku ayaanaa aayat2 model kitu, jelema nu daaek ngagunakeun uteukna jeung bari rajin sarta sumanget, bakal ngahassilkeun manusa2 nu panasaran hayang nyaho; jadi nimbulkeun discovery2. Hanca13
