Ayat 27 : Alladziina yanqudhuuna ahdallaahi min ba’di mitsaaqiih. Wayaqtha’uuna maa amarallaahu bihii ayyushala wa yufsiduuna fil ardhi . Ulaa_ika humul khaasiruun.
Nyaeta jelema2 nu geus ngalanggar jangji ka Allah, padahal jangji geus dikukuhkeun; jeung maranehna geus megatkeun naon parentah Allah; padahal kuduna mah maranehna nyambungkeun; jeung maranehna nyieun karuksakan dibumi. Jadi ayat ieu nerangkeun jelema fasek; nu geus Ngaku Islam tapi maranehna loba pisan ngalanggar parentah2 jeung larangan Allah. Jadi hartina syahadatna teu bener. Cohagna mah jelema fasek teh nu loba ngalakukeun kadosaan, tah nu kieu moal meunang Huda ti Gusti. Naon buktima ? Koruptor, sanajan kalah kumaha moal bisa atawa hese rek jadi jelema benerna da geus kapalang asup tea; na persisna manehna hayang insap, hese beleke; malah ahirna keuna pitnah; kapaksa nyogok hakim supaya BEBAS. Jadi ahirna kapaksa korupsi deui. Komo mun maranehna milu mitnah deui ka batur; boro2 Huda unggal poe nambahan jadi sasar lampah tea. Tah eta jelema pasek teh. Maranehna kumpul jeung babaturanana nu jadi tokoh atawa inohong; saleuseurian galumbira bisa ngabobodo A jeung B; jadi maranehna ngarasa jadi nu pangpinterna; jadi maraanehna tambah kasasar da asa loba balad jeung kawasa; tah kitu jelema pasek teh. Hanca14
