Alhamdulillah. Muhun kaang dud, jaman ayeuna geus teu perlu Nabi deui. Da kapan dipiwarangna oge TAKWA; sanes jadi Nabi. Takwa oge pan hararese pisan. Salah2 urang malah jadi jalmi FASEK. Naudzubillahiminzalik. Nu jelas ayeuna jelema teh butuh duit lain butuh nabi. Kumaha we carana mah. Nu matak maling meuweuh.
LAIN SEPI PALING TOWONG RAMPOG; TAPI sepi nu eling arang langka nu saladar. Kuma aing we tong sok pipilueun. Kuma we carana numpuk hartaa mah; nu penting ulah kaapanggih. Di na kapanggihna; ku ma we carana ulah dihukum. Jeung mun dihukum tea mah, kumaha carana wee supaya eta panjara jadi ISTANA. Kuma carana we supaya gancang kaluar deui ! --- On Thu, 4/7/13, dudi <[email protected]> wrote: From: dudi <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Wah Mursi To: "[email protected]" <[email protected]> Cc: "urangsunda" <[email protected]> Received: Thursday, 4 July, 2013, 7:03 AM kiamat keur nu aranna agama jigana. beuki teu laku... #eh ku kituna, kuring beuki yakin, nabi muhammad teh jalma pinter. anjeunna wani nyebutkeun, anjeunna rosul pamungkas. sabab, anjeunna geus ngabayangkeun, jaga mah manungsa teh moal butuh deui nabi jeung rosul. ku lancar jeung cepetna arus informasi, neangan jeung meunangkeun kahadean (tadina mah rek make kecap kabeneran, tapi kabeneran? haha) teu kudu nungguan rosul, nu kenging wahyu ti langit, turun ka hiji kaum. kahadean ayeuna mah bacacar di luhur dampal unggal jelema. jadi keur nu ngaku-ngaku nabi, jeung nu aya niat rek ngaku-ngaku nabi, ayeuna mah geus teu usum :D 2013/7/4 Abbas Amien <[email protected]> Can sataun taun acaan eta Ki Mursi geus dikudeta deui. Cek cek cek. Naha baakal jadi Syria ka dua kituh ? Mimiti Afghan, terus Iraq; ayeuna Mesir . Terus engke Iran sina silih gempur jeung Arab Saudi; Turki kudu daek jadi JURI. Akhirna bener sunatullah, ISLAM kudu ancur burakrakan, terus Kiamat. Ancurna lantaran umat Islam teu saladar.. Atawa memang nu bener2 takwa mah ngan ukur 1% deui meureun.
