Hitler mah kapan Militer? Hehehe.. Janten teu sami ateuh sareng Mursi

________________________________
 Dari: Waluya <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 14:52
Judul: [kisunda] Re: Dosa Mursi?
 


  
Dina Kompas poe ieu, aya tulisan ti wartawan Kompas nu mukim di Kairo, cenah nu 
kawasa sabenerna di Mesir tantara alias militer. Hal nu teu aneh lamun ningali 
sajarah Mesir. Raja Mesir baheula digulingkeun ku tantara, jeung terus-terusan 
dipimpin ku tantara: Nasser, Anwar Sadat, Mubarak ...kakara Mursi nu urang 
sipil nu akhirna teu langgeng oge.

Meureun, demokrasi teu bisa kitu wae ngadadak dipraktekeun sabab demokrasi 
kungsi ngahasilkeun saurang pamimpin nu nyababakeun Perang Dunya kadua, Hitler. 
Hitler jadi pamimpin Jerman ku jalan demokrasi ....

WLY 

--- In [email protected], dudi <6586480@...> wrote:
>
> eh enya hilap. sumber utama info kuring mah social media ketang hehehe...
> sanes media mainstream. al jazeera saurna anti tesis al arabiya. cnn dan
> kawan kawan mah tara ditolih.
> 
> On Friday, July 5, 2013, dudi <6586480@...> wrote:
> > Kuring mah maca republika tempo gatra wungkul sih , jeung sababaraha
> situs kenca hahaha
> >
> > On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <nasruljatnika@...> wrote:
> >>
> >>
> >> Tujuh las juta? Wah, mekkah wae unggal haji mung nampung, 2 juta jalmi.
> Jelema pagilinggisik masih tiasa. Tahrir Square hampir sami sareng bunderan
> HI di Lembur. Nu jelas teu sagede saperti Mekkah. Massa Mursi nu aya di
> Ash'ad, Ismailiyah sareng Iskandariah (Alexandria, kota-kota lain anu
> rahayatna pro Mursi siap ngabanjiran Kairo upami legitimasi Mursi dicabut.
> Ngan, sakali deui media teu aya nu ngaliput. Keun wae cuang tingalikeun.
> Punten, masalahna sanes caket atanapi henteuna ti Puseur kajantenan, tapi
> sumber informasi sareng berita anu dugi ka urang. Al Jazeera masih mending.
> Anu sae Adda'wah, Jamiuturrahmah TV, Iftihar sareng nu sanesna. Mangga
> saena diuningaan di situs-situs nu benten sareng sumber Reuteur, CNN sareng
> CNBC. Hatur nuhun..
> >> ________________________________
> >> Dari: dudi <6586480@...>
> >> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> >> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 13:55
> >> Judul: Re: [kisunda] Dosa Mursi?
> >>
> >>
> >> seueur nu nanya, naha leres nu kajadian di mesir teh kudeta militer?
> >>
> >> demo rahayat mesir nu ditungtungan ku ngagubragna kawasa mursi teh aya
> nu nyebut pangbadagna dina sajarah. saurang mentri kabinet mursi nyebut nu
> demo nepi ka 17 juta urang. aya oge nu nyebut leuwih, nepi ja 30 juta cenah.
> >>
> >> aya analisis, gerakna militer nurunkeun mursi teh sanggeus ningali
> kaayaan mesir nu pikahariwangeun. gedong2 pamarentahan geus dikepung ku
> rahayat. rek diduruk. cek tangtara, kudeta rahayat langsung bakal leuwih
> ngarugikeun kaayaan mesir. kajadianna mirip jeung kaayaan basa tangtara oge
> ngilu nurunkeun mubarak.
> >>
> >> saterusna, naha enya amerika aya disatukangeun gerakan anti mursi.
> kacindekan eta kurang didukung ku fakta-fakta nu pating suliwer.
> diantarana, dina sataun pamarentahanna, mursi kungsi narima dua kali
> bantuan ti imf. sanggeus kajadian, obama manghandeueulkeun ayana kudeta.
> samalah cenah, bantuan ti amerika ge bakal dibatalkeun.
> >>
> >> naha leres islam sacara umum oge kristen koptik ngadukung kawijaksanaan
> mursi?
> >>
> >> hal eta bisa kagambar basa pamingpin kudeta jenderal abdul fatah assisi
> ngumumkeun dikudetana mursi. ditukangeun jendral nyampak syeikh agung al
> azhar ahmad al tayeb jeung pamingpin kopti tawadrous ii.
> >>
> >> salahsahiji alesan naha mursi dimakjulkeun ku sakitu lobana rahayat
> mesir, nya jalaran kawijakan mursi nu sektarian. ngaheulakeun teuing
> golonganna.
> >>
> >> sakitu heula ti kuring nu hirup di bogor. jauh pisan ti mesir, jadi
> pasti teu seueur info nu dugi ka panon sim abdi. benten sareng nu linggih
> di kairo atanapi doha. sanes kitu ki hasan? :)
> >>
> >> On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <nasruljatnika@...> wrote:
> >>>
> >>>
> >>> Salam..
> >>> Tanah Mesir 6x langkung subur sanes rahul. Penelitianana tos
> ngalibetkeun panalungtik ti mana mendi. Sarolehna urang Mesir, utamina nu
> ngajukung Mursi, henteu gumantung sorban cara di Enonesa. Malah upami
> ningali kahirupanana, leuwih basajan manan urang lembur. Ngan, sumanget
> ngapalkeun Qur'an misalna, ngagedur dina dada jeung kahirupan sapopoe. Aya
> hiji lembur di wilayah Asyut, nu sapangeusi eta lembur, arapal Qur'an ti
> nincak umur 7 taun. Pamuda-pamudana sok era parada lamun aya nu naros, "Kam
> juz'an hafidzuk?" Mursi, hiji-hijina Persiden saalam dunya nu Hafidz qur'an
> 30 juz. Maenya kanu hafidz oge bade dieleg kitu? Hehehehe... :-D
> >>> Investasi ka Mesir, lamun dibandingkeun jeung awal Pemerintahan
> Mubarrak, malih sareng ahirna oge, tos langkung majeng. Malah kontribusi
> pemerintahan Mursi kanggo minuhan kas nagara sanggeus dibolongan defisit
> rezim Mubarrak, kacida katingalina. Perekonomian Mesir, kakara dina
> satangtungna sajarah ieu nagri, teu ngalaman inflasi. Harga stabil.
> Samalah, lamun dijadikeun tuluy 5 taun, perumbuhan ekonomi bakal naek 2
> digit (hartina diluhureun 10%). Bari jeung ngandelkeun kakuatan dalam
> Negri. Lain nginjeum ka LN.
> >>> Masalah strategis ngagunakeun undang-undang dasar dumasar kana syareat,
> eta kapan tos direferendum. Ampir 80% rahayat Mesir satuju. Apan kaasup
> sopan santun bernegara, lamun rahayat geus satuju mah, urusanana jeung
> rumahtangga sorangan.Kakuatan Neo-sosialist jeung liberal (dibiayai ku
> USA)nu aya di tukangeun oposisi teu rido. Militer diajakan deui ilubiung.
> Hartina balik deui kana jaman Mubarrak. Maenya dina abad ka 21 masih>
>


 

Kirim email ke