Fikmin # Tarawéh # Ku Ki Hasan
Rét kana érloji. Tilu puluh menit deui ka Isa. Gura-giru ka masigit. Ngempray. Tingsulabreng. Si Hasan urang Paléstin. Si Qais urang Yaman. Si Nasir ti Nigeria. Gup-gap ngajak sasalaman. "Ramadhan mubarak, Brother!" Ngabaragéakeun. Isa geus lekasan. Tarawéh dimimitian. Bray muka Qur'an gedé. Nembrak dina réhal sacangkéng. Nu gamis bodas ngimaman. Réngsé opat balénan. Jamaah pabuis. Partéy 11 mundur. Partéy 23 ngangsrog. Pasukan 10 sap kari satengahna. Ngong komando. Partéy 23 neruskeun hanca. Imam ganti ku nu gamis hideung. Bray deui muka Qur'an. Neruskeun surat Baqoroh nu katunda. Jamaah séjén sahancana-sahancana. Nu witiran. Nu tadarusan. Nu ngalobrol. Barudak silih-udag di patengahan. Ucing uang-éong di émpér masigit. Sapuluh balénan geus kalarung. Jamaah pabuis deui. Sawaréh mundur. Pasukan kari 2 sap. Nganggeuskeun hanca witiran. "Enya nya, partéy tarawéh 11 vs. 23 téh ning teu kudu misah masigit sagala."
