Tah mun di Kalimantan Selatan (Banjarmasin), nu jiga kitu mah disebutna teh "Bis Air". Utamana sok dipake ngangkut barang.
2013/7/11 Waluya <[email protected]> > Ki Hasan, di Kalimantan Barat (Pontianak) nu disebut BANDUNG teh parahu > gede di walungan Kapuas, nu bentukna siga imah di darat. Bandung > mangrupakeun transportasi di Walungan Kapuas jeung walungan anak-incuna. > Lamun teu salah Walungan Kapuas teh pangpanjangna di Indonesia, leuwih ti > 1000 km, mangrupakeun urat nadi kahirupan masyarakat. Tah salah sahiji > saranana nya Bandung ieu, nu bulak balik ka hilir ka girang, mawa kaperluan > ekonomi. Sigana kecap Bandung di Sarawak aya hubungunana jeung kecap > Bandung di Pontianak/ Kalbar. > > Ceuk beja, ku tembusna jalan darat kaditu-kadieu, fungsi bandung di Kalbar > ayeuna jadi ngurangan ... > > WLY > > From:[email protected] [mailto:[email protected]] On > Behalf Of Ki Hasan > Sent: Thursday, July 11, 2013 8:03 AM > To: Ki Sunda; Baraya Sunda; Urang Sunda > Subject: [Bulk] [kisunda] Bahasa - Bandung? > > > > > Aya > nu menarik, keur babandingan noongan harti kecap /bandung/. Di Sarawak > kalereun > Borneo aya ngaran tempat Teluk Bandung. Boa aya pakaitna jeung kawasan cai: > Danau Bandung. Aya balad urang Dayak ngaranna "Riswandi Bandung" nu > asana can kungsi ulin ka Bandung. > > > ------------------------------------ >
