Satuluyna ayat 29 : Hualladzii Khalaqallaakum maa fil ardhi jamii’an tsummastawaa ilassamaa. Fasawwaahunna sab’a samaawaat. Wa Hua bikulli sya’in ‘aliim. Harti ayat 29 : Anjeunna nu nyiptakeun naon wae nu aya di bumi keur kaperluan maraneh sakabeh. AnjeunNa Maha berkehendak ( Maha Kawasa ) Anjeunna oge Nyiptakeun 7 lapis awang2 ( Ruang Angkasa – Outer space ). Sareng Anjeunna Nu Maha Uninga sagala.
Bah AA, Kalimah : "tsummastawaa ilassamaa" teu acan diterjemahkeun/ditafsirkeun, naon hartosna eta kalimah ? ieu Waleran ti Bah AA : Nuhun pisan kang Gun ku patarosanana. Ayeuna urang tarjamahkeun hiji2 heula. tsumma = saterusna astawa = AnjeunNa kagungan Kapalay ila = nuju ; samaa_a = ruang angkasa Ieu maksadna nuduhkeun Gusti nu nyiptakeun ayana alam semesta; terus anjeunna oge nu miarana ngajagana ngadeteksina, ila sanes wae hartosna nuju ka ; tapi oge bisa dihaartoskeun ngeunaan. Jadi ayeuna Gusti ngalaksanakeun kapalayna dina memeres ruang aangkasa. Hartosna Nyiptakeun eta ruang angkasa. Kitu panginten kang Gun. Mangga diantos saterasna, komentarnaa. Mudah2an abah AA masih tiasa ngawalerna. Nuhun. 2013/7/10 Abbas Am
