Was wr wb… Singkaaap Mang Kumi… kanggo anu teu acan apal lokasina dimana Balong Kabayan teh ku Mamang ditangkodkeun peta sareng koordinat GPS-na hehehe. Pami gaduh GPS gampil kantun ngalebetkeun Koordinat teras kantun nuturkeun penunjuk arahna :).
Ti Pintu Tol kota Bogor teh kirang langkung 7 Km-an ka arah Jalan Alternatif Bogor Sukabumi ngalangkungan Stasiun Batutulis J. Fasilitasna aya Kolam Renang anak sareng dewasa jerona variasi mulai ti 50 cm dugi ka 1,5 meter, teras aya balong terapi lauk anu melegenda “gereyem nilem tea” teras aya balong kanggo nguseup, aya saung-2, aya lapangan serbaguna, jeung sajabana. Salengkepna aya di www.balongkabayan.com :). Insya Alloh Mamang nyadiakeun Liwet sareng Lauk Asin Sayur Asem sareng Sambel Dadak oge Lalaban kanggo nyayagikeun para wargi anu bade sumping :). Diantos pisan kasumpingan nana. Hayuuuu ah urang raketkeun duduluran sabilulungan deui J nuhuuuns, mang kabayan www.udarider.com From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Iskandar A. Adnan Sent: Tuesday, July 16, 2013 12:29 PM To: Kusnet Subject: [Urang Sunda] HBH 2013 Assalaamu'alaikum warohmatulloohi wabarokaatuh. Kahatur baraya sadaya, tumali sareng obrolan rencana halal bihalal sababaraha waktos kapengker, diuningakeun rehna *HBH Kusnet* teh bade digelar *saptu*, ping *24 Agustus 2013*, tabuh 10 dugi ka rengse (disayagikeun tuang siang) di *Balong Kabayan*, Jln. Kp. Ciranjang no. 32 Pamoyanan, Kota Bogor (dina Google Maps tiasa dipilari nganggo kecap "Jl. Kp. Ciranjang"). Perkawis acara, saheulaanan halal bi halal ayeuna mah urang eusian ku kongres (ngawangkong teu beres-beres) bae. Sanaos kitu, bilih ti antara baraya aya anu bade midangkeun rupi-rupi kamonesan kayaning ngadongeng, *standup comedy* alias ngabojeg nangtung, rupi-rupi kagiatan ngeunaan kasundaan, dihaturanan pisan. Anu gaduh oleh-oleh, utamina karya kriya atanapi katuangan Pasundan ti wewengkonna sewang-sewangan, sumangga bilih bade digelar, promosi, atanapi dibagikeun... Perkawis lokasi acara, panginten Mang Asep Kabayan tiasa medar langkung jentre, fasilitas naon bae anu aya di dinya, da cek harewos bojong mah tiasa snorkeling sagala... Perkawis biaya, disuhunkeun karidoanana nyumbang 50 rupia per jalmi dewasa (gede wadah sanguna). Anu bade dilangkungan, mangga pisan. Bilih aya anu nuju kaleresan, ku sumpingna oge estu kalintang bingahna. Hayu urang ramekeun... Sponsor: - Balong Kabayan - sohibulbet Usulan, kamandang, pamendak, sponsor, sumangga dialungkeun bae ka dieu atanapi tiasa ka pipir. Nuhun. Wassalaamu'alaikum warohmatulloohi wabarokaatuh. wawakil panitia, sikandar kumincir.blogspot.com su.wikipedia.org
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
