Sareng anu penting tong hilap Bah, sa atos sholatna hehehe.

Sholat hakekatna tiang ageman, bisa ngarobah jelema anu tadina teu eucreug jadi 
eucreug, anu tadina korupsi jadi henteu, jrrd. 

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: Abbas Amien <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 16 Jul 2013 19:34:23 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>; 
[email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Baraya_Sunda] Shalat nu bener

Cara Shalat
nu BENER
Kamari ieu,
aya nu nanya ka Kang Febi kumaha cara shalat nu bener; tah ayeuna ku kuring rek
dijelaskeun naon atawa kumaha ari shalat nu bener teh.
Dina perkara
shalat ieu, tetep urang kudu nyarita masalah syareat jeung hakekat; lahir jeung
bathin.
Rupa rupa
shalat :
1.     Shalat budak.
Hartina milu
acong2an wungkul bari teu hayang ngarobah ka nu leuwih alus. Ieu hartina
kolot2na baheula teu pisan ngageunggeureuhkeun si budaak, kumaha carana shalat
nu bener; jadi ti keur budak keneh kitu; nya dituluykeun nepi ka kolot. Boro2
bacaanana; dalaah gerakna ge can puguh bener.
 
2.     Shalat Shareat
Tah ieu mah
rada lumayan alus , lantaran aya usaha pikeun bacaan jeung gerak nu alus,
beberesih ge milu diALUSAN. Ieu shalat syareat , hartina sagala syarat jeung
Rukun shalat dilakukeun kalawan bener.
 
3.     Shalat hakekat
Ieu mah pasti alusna. Salian ti ngalaaksanakeun syarat sah
jeung rukun shalat; oge shalatna dijiwa_an. Kumaha maksudd dijiwa_an teh ?
Satiap gerak shalat teu weleh dibarengan konsentrasi yen urang ngadep ka GUSTI;
satiap bacaan dibarengan ku konsentrasi nengetan naon nu dibaca ( sigana hese
shalat berjamaah; lantaran ieu mah pasti lilana sarakaat oge ). Ieu shalat nu
dujiwaan, salian ti konsentrasi, oge kudu ngajaga ulaah MOYEG/OYAG; dalah ateul
atawa DEHEM ge kudu dijaga. ( mun bisa ).
Hartina mun shalatna masih moyeg jeung sok batuk atawa ateul;
eta teruskeun usahakan unggal poe supaya ulah moyeg/batuk. Mun keur shalat
ujug2 inget ka na lampu, ka na computer; ka na buku ka na ngaji qur_an jste
diluar shalat; terus usahakeun konsentrasi eling ka Gusti.
Tah usaha ieu nu disebut jihad di na sshalat teh. Tah nu kieu
hakekat shalat teh. Tah nya ieu nu disebut shalat nu bener teh. Khusyuk jeung
Ihlas.
Naha urang bisa ? Nya nyungkeun we ka Gusti supaya shalat
urang ditampi.
Mun urang bisa ngalakukeun kitu, eta tandana shalat urang
ditampi Ku GUSTI. Eta tandana Iman Islam urang ditampi ku Gusti; eta tandana
urang ka_asup jalma Muttakien.
Kumaha urang narimana ? Kade ulah BUNGAH, BUNGANGANG bari
RIYA ! Tapi kudu ditarima ku kaihlasan bari SYUKURAN. Mun enya yakin urang geus
bisa SHALAT saperti kitu; kudu jaga kaihlasan hate; jeung syukuran.
Insyaa Allaah amal ibadah urang bakal ditampi ku Gusti
Abbas Amien, 7 Ramadhan 1434H

Kirim email ke