Wooooow hade Mang Yadi,
Menarik ngeunaan Adam salaku jelema nu ngamimitian nyieun peradaban, tah sigana 
tafsir ieu leuwih make sense.

Tah dimana Adam ieu cicingna Kang? Jannah anu mangrupakeun kebon dimana loba 
walungan dihandapna, loba mata cai anu langsung diinum, loba buah-2an anu 
tinggal ngarawel, teu kudu nerekel naek? Indonesia atawa Tatar Sunda lain? 
Hehehe.

Boa enya anu dicaritakeun kolot baheula teh Adam AS ~ Batara Cikal teh ti 
urang. meureun hehehe.

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: YADI supriadi wendy <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 17 Jul 2013 06:46:20 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] (unknown)

On 2013-07-17 03:38, Abbas Amien wrote:
> Tapsir Qur_an ka16.
>  Ayeuna urang tuluykeun ka ayat 30 surat Al Baqarah. Ti ayat 30 nepi
> ka ayat 37, runtuyanana ngahiji teu bisa dipisah pisah kitu wae; hiji
> ayat kuat pisan hubunganana jeung ayat sejenna; jadi napsirkeunana
> kudu dihijikeun, ngarah urang bisa leuwih pas ngahartikeun jeung
> napsirkeunana.
>
Hatur nuhun Ki Abbas.....
>
>  Ayeuna urang sebutkeun ayat2na sarta hartina; engke tapsiranana.
> Mimiti ayat 30 : Wa idz qaala Rabbuka lilmalaaikati innii jaa’ilun
> fil ardhi khalifah. Qaaluu ataj’alu fiihaa manyufsidu fiihaa
> wayusfiquddimaa. Wa nahnu nusabbihu bihamdika wa nuqaddisulak. Qaala
> innii a’lamu maa laa ta’laamuun.
>  Inget! Waktu Rabb maneh sasauran ka Para Malaikat, saenyana Kula rek
> nyiptakeun Makhluq anyar pikeun jadi Khalifah di bumi.
>
>
Jelas pisan di dideu disebatkeun di BUMI (sanes di sawarga, piraku Rabb 
nyalahan?)
>
>
> Para Malaikat
> protes Kunaon Anjeun bade nyiptakeun makhluq nu engkena bakal
> ngaruksak ? jeung bakal ngajadikeun banjir getih dimana mana ?
>
>
Tah timana para malaikat apal yen "mahluq" ngaruksak, padahal para 
malaikat mah pan teu bisa ningali kajadian nu bakal datang, salian ti 
maranehna tos ningali kalakuan "mahluq" teh kitu peta? Hartina di dunya 
tos aya "mahluq" nu sarupaning kitu
>
>
> padaahaal kapan abdi saadaya ( malaikaat ) teras2an zikir muja muji 
> ka
> Anjeun ? Saur Gusti Kaula leuwih NYAHO sagalana ti batan maraneh.
> Atawa moal ngarti maraneh mah, Kaula nyaho sagalana , sedengkeun
> sampeyan sakabeh aya hal2 nu arandika teu ngarti.
>
Para malaikat mah moal apaleun, yen engke bakal aya mahluq nu sampurna 
saperti KN Muhammad saw, nu matak engke maraneh kudu tunduk.
>
>
>  Ayat 31 : Wa ‘allama Aadama l_asmaa_a kullahaa tsumma aradhahum
> ‘alal malaaikati faqaala anbiuunii biasmaa_i haaulaa_i in kuntum
> shaadiqiin.
>  Gusti ngajarkeun ka Adam ngaran barang2 nepi ka Adam ngarti jeung
> apal; saparantos kitu Gusti naros ka para Malaikat sok sebutkeun tah
> maraneh para Malaikat nyaho naon eta barang2 teh ? Ari enya mah
> arandika nu bener pamadeganana.
>
>
Tah di dieu kuring rada teu "yakin" yen dialog antara Rabb sareng para 
malaikat teh bener-bener kajadian saperti "rapat" di balairung karajaan 
langit, dimana aya Rabb, aya para malaikat (lengkep jeung iblisna), bari 
teras dijagragkeun eta nu jadi Adam-na. Teras ditalek ku Rabb sapertos 
teks di luhur tadi. Tapi pamahaman kuring, ayat ieu mung hoyong 
ngagambarkeun ka urang yen memang Rabb tos ngarencana baris nyiptakeun 
hiji mahluq nu sampurna pikeun jadi khalifah di dunya (KN Muhammad saw). 
Kabuktosan nalika para malaikat dipiwarang "nyebutkeun " asmaa, para 
malaikat mah teu mampu. Asmaa ieu kuring leuwih condong ngahartikeun 
"sifat-sifat Allah", dimana para malaikat mah teu mampu, iwal manusa nu 
bisa nglakukeunana. Jadi ayat-ayat ieu netelakeun sanes kajadian atanapi 
asal muasal manusa, tapi langkung teges netelakeun kajadian awal muasal 
perkembangan karuhanian manusa.
>
>
>  Ayat 32 : Qaaluu subhaanaka laa ‘ilma lanaa illaa maa ‘alamtanaa
> . Innaka antal ‘aliimul hakiim.
>  Tarjamah ayat 32 : Waler para Malaikat : Mahasuci Allah, teu aya
> pisan pikeun kuring sadaya ELMU mung ukur naon wae anu ku Anjeun
> dipasihkeun, sanyatana Anjeun Nu Pang Wanohna ka na sagala; sareng
> Anjeun Maha wijaksana.
>  Ayat 33 : qaalaa yaa aadamu an bi_hum biasmaa_ihim falammaa
> anba_ahum biasmaa_ihim qaalaa alam akullakum innii ‘a_lamu ghaibas
> samaawati wal ardhi, wa ‘a_lamu maa tubduuna wa maa kuntum
> taktumuun.
>  Harti ayat 33 : He Adam, sok bejaan para Malaikat ngaran barang2
> eta. Sanggeus kitu Adam nyebutan ngaran barang2; Gusti ngadawuh : Tuh
> geus disebutkeun ku KAMI lain ? Yen saenya enyana Kami leuwih NYAHO 
> ti
> batan arandika sakabeh. Kami Nyaho naon nu ku maraneh para Malaikat
> lakukeun atawa oge disumputkeun
>  Ayat 34 : wa idz qulnaa lil malaa_ikatisjuduu li Aadama fasajaduu
> illaa iblis. Abaa wastakbara wa kaana minal kaafiriin.
>  Harti ayat 34 : Inget ! sawaktu Kami marentah ka para Malaikat :
> Maraneh kudu sujud ka Adam. Para Malaikat gancang sarujud. Ngan Iblis
> wungkul nu teu daekeun teh. Lantaran manehna mah dedengkotna golongan
> KAFIR.
>
>
Dina kalimah "Abaa wastakbara wa kaana minal kaafiriin", ngandung harti 
yen iblis (sanes syetan), tos disebatkeun "golongan" nu takabur nu matak 
nimbulkeun kana kakafiran. Atawa kakafiran teh asal muasalna tina ayana 
sifat takabur. Di dieu oge tiasa kailo yen Rabb tos uningaeun yen aya 
golongan anu ngabogaan sifat takabur kitu (padahal ceuk beja, di nu 
nyicingan sawarga mah moal aya mahluq nu ngabogaan sifatining kitu, deui 
ieu ngagambarkeun kajadian ieu lain di sawarga). Jadi ngahartikeun 
"jannah" teu wae kudu sawarga, tapi estu kebon (di dunya) nu kaayaanana 
aman tingtrim (salami teu ngalakukeun budaya kagorengan). Maksud kuring, 
piraku di sawarga aya iblis?
>
>
>  Ayat 35 : wa qaalaa yaa Aadamuskun anta wazaujukal jannaata wa kulaa
> minhaa ragadan haitsu syi_tumaa wa laa taqrabaa haadzihisy syajarata
> fataakuuna minadhzaalimiin.
>  Harti ayat 35 : Allah ngadawuh he Adam sok maneh cicing di na ieu
> sawarga ( jannah ), pek meunang ngadahar naon wae nu aya di eta
> sawarga; rek naon oge bebas, tapi aya hiji tangkal kai, mangkahade
> ulah wani2 ngadeukeutan eta tangkal kai; komo ngadahar buahna mah. 
> Mun
> maneh ngalanggar maneh sarua jeung geus ngalakukeun hiji kadholiman
> Maneh kaasup manusa dholim.
>
>
Tangkal nanahaon sih nu matak ngakibatkeun Adam as kenging bebendon ti 
Rabb? Asana teh ku kabina-bina teuing, pirageuning ngadeukeutan wae 
akibatna fatal? Tah di dieu nimbulkeun tanda tanya nu GEDE. Kuring 
condong ngahartikeun "syajarah" lain saukur tangkal tapi mangrupa "hiji 
sistem" atawa hiji "niley atawa budaya kagorengan". (Tah ceuk beja, nepi 
ka ayeuna oge para koruptor- biasana lalaki- ngalakukeun kajahatanana 
alatan "dorongan" istri)
>
>
>  Ayat 36 : Fa_azallahumasy syaithaanu ‘anhaa fa_akhrajahumaa mimmaa
> kaana fiih. Wakulnahbithuu ba’duhum liba’dhin aduww. Walakum fil
> ardhi mustaqarruw wamataa’un ilaahiin.
>  Adam jeung Hawa kagoda ku syetan/iblis, diusir ti sawarga. Allah
> ngadawuh Maraneh duaan Adam jeung Hawa ayeuna keneh jig indit ulah 
> aya
> didieu ( sawarga ); engke turunan maraneh bakal silih paehan jeung
> mumusuhan ; tapi tempat keur maraneh di dunya oge geus disadiakeun
> lengkep jeung sagala fasilitasna nu kudu ku maraneh olah. ( beda 
> jeung
> di sawarga sagala geus nyampak ). Ke maraneh meunang balik deui 
> kadieu
> dina waktuna; lamun meunang idin ti Kami.
>
>
Di dieu jelas aya kecap "syaithaanu", jadi syetan nu ngagoda Adam as 
teh sanes iblis! Maksud teh anu teu tunduk ka Adam as iblis, ari nu 
ngagoda Adam as nyaeta syetan. Jadi maksud kuring, iblis jeung syetan 
aya di tempat Adam as, asa pamohalan iblis jeung syetan aya di sawarga, 
da sawarga mah disayagikeun keur jalma-jalma nu iman. Deui di dieu 
nunjukkeun yen Adam as harita sanes di sawarga!
>
>
>  Ayat 37 : Fatalaqqaa Aadama miRRabbihii kalimaatun fataaba
> ‘alaiih, Innahuu Huat tawwaaburrahiiim.
>  Harti ayat 37 : Saterusna Adam nampi ti Gusti sababaraha kalimah (
> mungkin maksudna DO’A ); atawa pituduh2 pikeun ngajaga diri
> kumelendang di dunya. Adam oge menta ampun; Allah nampi tobatna
> Adam/Hawa; sabenerna memang Allah Maha ngahampura jeung Maha welas.
>
>
Aya ayat dina Alquran (kuring hilap di ayat mana, engke pami rada salse 
dipilari) nu netelakeun yen HARAM mnausa dikaluarkeun ti sawarga! Piraku 
Rabb cidra jangji?
>
>
>  Tapsiran ayat2 30 – 37 :
>  Mun aya kalimah dimimitian ku wa idz qaala …… eta lolobana
> hartina Dawuhan Allah teh sanes mirupi parentah atawa larangaan, tapi
> ngarupikeun INFO; nya eta supaya Nabi jadi apal; tah aya hal kieu
> kieu; kieu kieu.
>  Urang di na ayat2 30 dugi ka 37 manggihan hal2 :
>  Adam nu bakal jadi cikal bakal manusa; 2. Iblis nu salawasna
> ngamusuh ka manusa. 3. Allah sasauran ka Para Malaikat yen bakal
> ngajadikeun Makhluq anyar nya eta manusa. Nu diawalan ku Adam. Nu
> engkena bakal jadi Khalifah di Bumi. 4. Aya Eva/Hawa di Sawarga 5.
> Ayana tangkal nu teu meunang dideukeutan. JSTE
>
>  Dina eta ayat2 disebatkeun Malaikat PROTES ! atanapi ngajukeun
> kahamhaman ka na Makhluq nu bakal diciptakeun nu bakaal jadi 
> khalifah.
> Padahal biasana mah Malaikat tara WANI protes !?? Tah ieu naon 
> sababna
> ? bet beda ti biasa ?
>
>  Saterusna sanggeusna Adam dipasihan PANGAWERUH ku Allah, dimana
> pikeun Malaikat mah eta Pangaweruh teh can tepi, Malaikat sadar yen
> geus ngalakukeun kasalahan; nu matak ku Gusti dipiwarang sujud;
> langsung sujud ! Ngan Iblis nu henteu teh !
>
>  Tah ieu IBLIS, ujug2 disebut ku GUSTI jeung tadina mah henteu !?
> Kumaha tah jujutanana ?
>
>  Jadi di na hal Iblis , jeung oge sagemblengna carita ngeunaan ayat
> 30 nepi ka 37, kudu dipikir make pikiran nu kudu kuat pisan nu paling
> asup akal, nu mangaruhan atawa nyababkeun ayat2 ieu kaluar.
>
>  Mimiti pananya nya eta : naon sababna Malaikat Protes ? Mun ngan
> ukur pikiran Malaikat wungkul, sigana para Malaikat teu wantuneun
> protes ka Gusti ! Naon atuh kira2 sabab musababna ?
>
>  Sigana mah aya Provokator ? saha provokatorna nu mangaruhaan Para
> Malaikat ? Nya nurutkeun ayat2 diluhur sigana mah, atawa moal salah
> deui pasti IBLIS provokatorna ! Naha geuning Iblis bisa mangaruhan
> Para Malaikat ?
>
>  Rupana carita dibalik eta ayat2 teh kieu : Iblis teh salah sahiji
> Bangsa Jin nu boga kahayang minculaak ti bangsana, atawa makhluq
> sejenna; manehna hayang jdi pang pangna; embung eleh ku sasaha; ku
> sabab tekadna kuat, ditambah ku geus ngabogaan modal dasar kakuatan 
> ti
> Gusti, lantaran manehna gentur tapana; nya manehna jadi terus2an
> nyembah bari memeenta ka Gusti; pangpangnaa elmu kasaktian. Ku sabab
> manehna paang rajinna ibadah, bari dibarung ku napsu nu teu aya wates
> wangenna; naon wae syarat ku manehna dilakukeun, nepi ka sebut we 
> tiap
> 1000 taun manehna nambah kasaktian. Nepi ka teu pernah keuna ku
> kasakit, seumneu ge teu mempan ka manehna mah. Sumawonna atuh bangsa
> senjata ti na logam mah moal mempan kaa ieu si Iblis. Ku sabab sakitu
> ieu Iblis jadi robah, tina tadina ngan ukur ngado’a mementa ka
> Gusti; ayeuna maanehna jadi ngarasa ieu aing panggagahna; manehna teu
> sieunan ku Malaikat; malah cek na pikirna bisa naon ayeuna Allah ka
> Aing ?
>
>  Mimiti muncul sipat takabur si IBLIS ! Mimiti mucunghul hate hayang
> nyaruaan TUHAN; mimiti ngarasa manehna ge hayang disembah ! Enya ge
> ngan naa hate wungkul; tapi GUSTI Allah tos waspada ka naa ketak
> IBLIS; tapi ku margi Allaah mah Al Halim, nu sok nunda hukuman, lebar
> ku getolna ibadah si Iblis, teu langsung ngahukum; atawa nenagen 
> heula
> alesan nu cukup pikeun ngahukum eta si Iblis.
>
>  Nya teras wae Allah nyarios ka para Malaikat yen rek nyiptakeun hiji
> Makhluq anyar, nya etaa Adam. Tah di na waktu harita para Malaikat
> ting haruleng; lantaran teu wasa kudu kumaha ? Nya di dieu si Iblis
> haharewosan ka Para Malaikat : Yeuh Para Malaikat, etaa nu disebut
> Makhluq manusa teh engke na bakal silih paehan; bakal ngajadikeun
> ruksak dunya; bakal nimbulkeun banjir getih ! Naha makhluq nu kitu
> wajaar dijaddikeun Khalifah ? Kuduna aranjeun Malaikaat nu pantes
> jaddi khalifah mah; atawaa tong diciptakeun we sama sakali; keur naon
> ? Kumaha kituh ? nanya para Malaikat; lantaran para Malaikat percaya
> yen Iblis sagala nyaho; da geus kanyahoan ibadahna. Cek Iblis
> neruskeun harewosna :”Yeuh aranjeun teh pan unggal poe ge ngan ukur
> tasbeh ngagungkeun Gusti ? piraku rek eleh ku si Adam ?
>
>  Tah eta sigana mah Malaikat nu matak wani protes teh; tapi ku Gusti
> digebes yen para Malaikat loba pisan ka teu nyahona; jadi Gusti nu
> Langkung uninga. Nu Maha sagalana. Para Malaikat masih aya nu saeutik
> nanya bari ampun2an sieun dibendon ku Gussti : Pananyana nya eta
> ngeunaan kumaha kira2na kapinteran Adam ? Nu saterusna Ku Gusti diadu
> jeung Adam; kanyataan paara Malaikat eleh; nya maranehna sujud ka
> Adam; Iblis mah tetep teu daek sujud.
>
>  Jadi ayana Nyiptakeun Adam teh sanyatana pikeun ngabuktikeun MAKARNA
> atawa rek makarna si Iblis; sakaligus memang Adam jeung turunanana 
> tos
> aya di na Program Allah.
>  Ku sabab geus bukti ayeuna mah, yen Iblis rek makar, nangtang; nya
> bisa wae harita keneh dihukum; tapi Allah tetep nunda hukuman nempo
> heula ketak si Iblis; masing Gusti tos Uninga oge, tapi pan saksi mah
> teu arapaleun ( Malaikat jeung Adam ) . Tah di dinya si IBLIS seuri
> ngagakgak; yen masing enya oge Iblis salah; sok rek kumaha Allaah
> cenah ngahukum uing ?
>  Nyata ! Sanggeusna si Iblis nyakakak ngarasa meunang … ujug2
> kulupruk we manehna teu daya teu upaya ; ngarasa leuleus letek jeung
> sagala karasa , Nyeri peeurih nu taya wates wangenna; dimana tadina
> mah teu ngarasa naon2. Ayeuna si Iblis ngarasa sieun nu kacida
> sieunna; nya manehna aluk2an ceurik ampun2an; menta2 hukumanana
> ditunda (nya eta kasaktianana dicabut). Gusti nedunan pamentana; 
> terus
> kasaktian si Iblis dibalikeun deui.
>  Si Iblis gancang we ngacir. Lantaran ayeuna mah maphum jeung apal
> pisan ka na Maha Kawasana Allaah; Maha Perkasana Allah; manehna 
> kacida
> sieunna; tapi parandene kitu manehna tetep hayang nembongkeun
> kahebatan ana ka Para Malaikat; manehna bari ngacir, bari susumbar;
> yen manehna bakal ngaganggu/ngagoda ka Adam jeung turunanana.
>  Ku Gusti nu ieu ge diidinan; ngan wae aya watesna cenah; yen si
> Iblis keukeuh kudu dihukum; nya eta kasaktianana leungit; bakal jadi
> nyicingan naraka sa endeng2; bakal ngarasakeun peurihna disiksa. Si
> Iblis bari ngarandeg tumaros ka Gusti : Iraha Gusti eta teh ? Gusti
> nyaur yen waktuna nya eta saat KIAMAH. Ari Kiamah iraha ? Saur Gusti 
> :
> Waktu diantara manusa euweuh deui nu iman !
>  Gebeg deui wae si Iblis; emh mun ku aing digoda terus pada teu
> ariman; atuh meureun ngan sakeudeung kasaktian uing leungit ? wah !
> Bingung si Iblis.
>  Tapi waktuna Adam aya di sawarga, si Iblis ngurunyung deui sanggeus
> ratusan taun nenangkeun diri; terus manehna rek nyoba ngagoda ka 
> Adam.
> Nu harita mah geus aya Eva/Hawa.
>  Iblis ngawujuk Adam supaya ngadeukeutan tangkal larangan ( buah
> larangan ). Tah di palebah dieu aya nu napsirkeun yen buah larangan
> teh nya eta simbolik tina saresmina Adam jeung Eva disurga; nepi ka
> Eva ngandeg. Kasaksi ku sadayna mah Allah bendu terus ngusir ka Adam
> jeung Hawa supaya kabehanana indit ti sawarga kudu ka Bumi ! (
> Adam/Eva kaasup Iblis ). Teras Allah oge ngutuk Adam yen turunanana
> bakal silih arah, silih musuhan.
>  Adam/Hawa ceurik2 menta ampun; mya saur Gusti maneh dihampura; tapi
> keukeuh kudu ka dunya heulaa; engke bisa balik deui ka dieu; sanggeus
> diuji; maraneh sabaagian aya nu jaddi kokoncod Ibliss; nya asup ka
> naraka; sawareh baakal aya nu baalik deui ka sawarga; kumaha lulus
> henteuna ti ujian. Kitu dawuh Gusti. Ari Iblis nyakakak asa sukses
> nipu Adam, bari ngajejeleh Gusti. Tapi Gusti ngadawuh; yen memang
> sagalana ge geus asup PROGRAM Tuhan.
>  Allaah mere kasempetan ka Iblis ngagoda Adam/manusa; hartina Allah
> teu jalir kaa Iblis; mere kaasempetan ka Iblis. Atuh hukuman ka adam,
> memang cocog pisan sareng program Allah, nu bakal ngajadikeun Adam
> khalifah di BUMI ! Para Saksi ( nya eta Malaikat ) ngan ukur bisa
> enggal sujud sareng tasbih ka Gussti; yen akhirna memang program
> Allaah nu jalan mah.
>  Ti harita Iblis ku sabab era ku para Malaikat cicingna di bumi ping
> pitu; arang pisan mucunghul; ngan anak buahna nu ngagoda turunan Adam
> sacara rutin ( syaithan tea ).
>  Tah kitu tapsiran ayat 30 nepi ka 37 teh. Wallahualam.
>
>
Hapunten Ki Abbas, tafsiran Ki Abbas sigana rada kapangaruhan ku 
dongengan nu asalna agama lian nu rada-rada tahayul, saperti Angle, 
Lucifer. Dogma Adam as salaku manusa munggaran memang tos dibebeskeun ti 
baheula keneh kulantaran pangaruh Yahudi tea, jadi siga carita nu 
"bener" bae (tos jadi dogma). Hubunganana jeung ajaran penebusan dosa, 
dimana aya Adam-Hawa nu ngawariskeun dosa GEDE, engke aya Isa atawa 
Yesus nu paragat disalib pikeun nebus dosa.
Ngeunaan manusa munggaran, Padahal elmu pangawweruh ayeuna tos 
netelakeun yen aya fosil ti manusa purba nu umurna tos jutaan taun, 
sementara Adam as mah moal langkung ti tujuh rebu taun wae. Tah dina hal 
ieu, ayat-ayat Quran nu dibahas ku Ki Abbas, kuring cenderung 
ngagambarkeun sanes asal muasal manusa munggaran, tapi ngagambarkeun 
NABI nu munggaran, salaku cikal bakal Rabb nyiptakeun manusa nu 
paripurna (nu ku para malaikat mah teu kahontal), nyaeta ku bakal 
diciptakeunana Kangjeng Nabi Muhammad saw.

Kitu manawi, sakali deui hapunten nu kasuhun pami aya nu teu sapagodos.


--
Wassalam,

Yadi Supriadi Wendy
.: dikirim ku kadeudeuh :.

Kirim email ke