Mun urang manggihan masakah nu kieu; niniti ueang kudu nanya aya euweuh hubunganana jeung ibadah urang ? lamun aya pek teruskeun; mun euweuh nanya deui keur naon ayeuna hal eta pikeun urang ? keur nambah Elmu nambah pangaweruh' tah mun kitu nya teruskeun atawa henteu tapi ulah nepi ka miceunan waktu mu leuwih penting !



From: mang kaby <[email protected]>
To: [email protected]
Cc: 'Baraya_Sunda' <[email protected]>
Sent: Thursday, 18 July 2013 8:46 AM
Subject: RE: Baitullah: saha nu ngawitan ngadegkeun? [WAS: Re: [Urang Sunda] Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: Sawarga)]

 
Taaaah bener Mang Yadi… Mamang ge geus ngadenge informasi eta ngan poho ditel-na kumaha… tah diguar deui ku Mang Yadi jadi leuwih lengkep euy hedeeed.
 
Jadi Ka’bah bener dijieun ku Ibrahim AS tapi tinu samemehna oge geus aya bangunan didinya. Mun teu salah baheulana eta Ka’bah teh tempat nyimpen berhala loba patung jrrd… tah ku jaman Nabi Ibrahim mah dijieun deui ngan patung-2na dieweuhkeun ngan hiji aya batu wungkul xixixi.
 
Pikiran Mamang naha bet hiji batu anu ditinggalkeun? Boa-2 eta teh symbol lingga tea… kitu menhir nu hiji tea… pan di kabuyutan Sunda oge Simbol nu luhur ditandaan ku batu wungkul jeung ngan hiji. Batu nu lain amah ngan saukur undak-2an wungkul. Tapi pan sakabehge apal secara turun temurun lain nyembah batu eta tapi Nu Ngersakeun nu aya di Bale Nyungcung eeeeh Buana Nyungcung tea hehehe.
 
nuhuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
 
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of YADI supriadi wendy
Sent: Thursday, July 18, 2013 7:22 AM
To: [email protected]
Subject: Baitullah: saha nu ngawitan ngadegkeun? [WAS: Re: [Urang Sunda] Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: Sawarga)]
 
 
On 2013-07-18 06:15, Ahmad Hazairin wrote:
> Lamun aya nu nyebut Ka'bah ngadeg ti jaman nabi Adam nya
> hese pisan narik tali sajarahna.
>
>

Baitullah atawa biasa oge dikenal Ka’bah, saleresna saha nu ngawitan
ngadegkeun?
Nu saleresna mah bangunan ieu tos heubeul pisan, sabagian ulama
nyebatkeun Ka’bah duadegkeun ku Nabi Ibrahim as sareng nabi Ismail as.

Cikan urang susud dina Alquran;

Dina Al Baqarah:127 kaunggel, “Jeung poma kudu inget waktu Ibrahim
jeung Ismail ngaluhurkeun pondasi-pondasi Imah eta kalayan ngadoa: “Nun
Gusti Pangeran abdi sadaya, mugi ditampi ieu ti abdi sadaya, saleresna
Anjeun nu Maha Ngadangu, Maha Uninga”.

Tetela geuning, jelas Ibrahim as sareng Ismail as. Tapi ketang, aya
kecap “qowaaida”, majar hartosna “ngadegkeun tina puing reruntuhan”,
dina tarjamah di luhur mung disebut “ngaluhurkeun pondasi-pondasi”. Jadi
ana kitu mah “Imah” eta tos aya ti samemehna.

Urang tingali deui dina Ali Imran:96, “sabenerna Imah munggaran nu
diadegkeun pikeun manusa, nyaeta nu aya di Bakkah, nu pinuh ku berkat
jeung pituduh pikeun sakuliah alam”. Jelas nunjuk ka Baitullah nu aya
Mekkah (Bekkah). Tina kecap “diadegkeun pikeun manusa”, bisa nunjuk ti
baheula keneh nya....? Leres kitu...?

Ke hiji deui dina Surat Ibrahim:37, “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya,
saleresna abdi tos ninggalkeun sabagean anak katurunan abdi di lembah nu
tandus caket Bumi Anjeun nu dipihormat. Nun Gusti pangeran abdi sadaya,
supados maranehna bisa ngadegkeun shalat. Sing mangka jantenkeun kalbu
manusa condong ka maranehna sareng paparin rejeki maranehna mangrupi
bungbuahan, supados maranehna salamina nyukuran”. Tah ieu ayat
ngariwayatkeun nalika nabi Ibrahim as nyimpen bayi ismail sareng Siti
Hajar di gurun pasir nu tandus. Di dinya disebatkeun, sihoreng, caket
Ka’bah.

Kacindekanana : Nabi Ibrahim as sareng nabi Ismail as mah mung sakedar
“ngadegkeun ti nu tos aya”. Ti iraha? Heubeul pisan, mung aya we ka
unggel “diadegkeun pikeun manusa”. Boa ti jaman Nabi Adam as keneh

Mung kitu nun

--
--
Wassalam,

Yadi Supriadi Wendy
.: dikirim ku kadeudeuh :.


Kirim email ke