Assalamualaikum...
Wargi kusnet.. tadi isuk di pangumbaraan aya urang sunda maot....,
alhamdulillah beres di kubur di tanah pakuburan Paguyuban Sunda
Bukittinggi - Agam.
Alhamdulillah Paguyuban didieu tos gaduh tanah pakuburan... , didieu
hese milarian pakuburan umum, nua aya pakuburan suku. jadi paguyuban2
anu tiluar sumbar maksakeun meser taneh kanggo kuburan.
Paguyuban sunda oge tos sataun ayeuna nembe tiasa ngagaduhan tanah,
padahal ngarencanakeuna tos ti taun 80 an...
Pakuburan eta disayogikeun kanggo warga sunda anu ngumbara didieu oge
kanggo saha wae asal Islam.. komo US mah mangga dikubur didinya, dari
pada di kirim layon ka lembur... ribed urusana sareng biayana,
Atos aya eusina 2 Urang Sunda.. eta oge hanes anu ngumbara didieu.
anu kahiji 3 bulan katukang, RT di hiji lembur subuh2 geus datang ka
sekretariat ngabejaan ceunah aya Urang SUnda maot...., pangurus teu aya
anu kenal.... da ceunah karek 1 minggu ngumbara ka dieu, nya dipulasara
wae...jeung ngamimitian ngisi taneh pakuburan paguyuban. Nu maotna urang
cibaduyut....., ari keluargana harita menta di kirimkeun mayitna...
kupangurus di bejakeun mahal biaya ngirimna jeung barabe, ngke wae mun
tos lima taun uang bongkar... pan bisa dipindah jeung rikip meureun bisa
di kana tasken hehehehe....
Anu kadu Tadi tanggal 18 Juli 2013.. US oge nu maot sareng hanes anggota
paguyuban oge... Anu maot namina Ujang Rohmat umur 22 tahun, anjeuna
ngiring romobongan "MK" ti bandung anu nuju ngaborong ngabangun STIKES
YARSI didie. Rombongan nembe 4 jalan ka lima bulan didieu.. jadi can
lapor ka paguyuban.. sareung paguyuban acan sempet oge ngadata...., ngan
terang ti badung (Urang Sunda) teh kaleresan jikan damel di stikes, jadi
ceunah aya 40 urangna nu daramel di bangunan teh, mulai ti konsultan,
teknisi, sareng dugi ka kendekna....ti sunda sadaya. Alhamdulillah
lancar dikurebkeun samemeh lohor.....(padamelna seueur ti daerah Suka
Jadi/Sari jadi? anu aya PoltekPOS cenah.
Ari Anu pangheulana rek ngesi pakuburan teh teu jadi.. da akhirna geus
rundingan dikirimken kalembur...., anu maotna Kendek Beus Bintang
Kejora, Peutingna datang ti BDG ka BKT, isuk2 nyeuri beuteung nepi ka
terusna. Pertama nya rek dikubur didieu.. tapi geus ditelepon2
kalemburna jeung ka pangusaha beusna daeken ngabiayaan....., Pguyubanmah
ngilu nguruskeun surat2 wungkul jeung mawa ka RS keur disuntik formalin.
sakitu tah wargi
salam
hendra _+_ 45 taun BKT<CJR