Khusyuk/Konsentrasi di na Shalat
Bismillah ….
Tetep we mimiti na mah ku 5 Rukun Al Qur_an; nya eta Bener jeung alus macana;
eta kahiji. Atuh kadua- kudu apal; katilu kudu nyaho hartina; kaopat nyaho
tapsiranana; kalima praktekna.
Praktek shalat sorangan ; shalat sunat :
Mimiti sanggeus boga wudhu, nangtung ajeg nyanghareup kiblat, di na sajadah nu
bersih, terus konsentrasi misalna rek ngalaksanakeun shalat qabla; terus
takbiratul ihram, dimana di dieu ngalaksanakeun 3 pagawean sakaligus, nya eta
sora jeung baham nyebut Allahu Akbar, leungeun dua diangkat ka hareup jeung ka
luhur nepi ka na ceuli; bathin nyarita yen niat shalat sunat qabla shubuh
misalna.
Saterusna sanggeus ngarenghap sakali, terus maca do’a iftitah, doa pambuka,
Allahu Akbar Kabiiraa, bathin nengetan Allah maha BESAR.
Walhamdulillahikaatsiiraa; sadayana pirang2 puji anging kagungan Gusti.
Wasubhaanallaahibukratawwa_asiila, Maha Suci Allah salalamina.
Innii wajahtu wajhiya lilladzii fatharassamaawaati wal ardha hanifam
muslimawwamaa ana minaal musyrikiin. Ieu abdi nyanghareup/ngadep ka Anjeun
Gustii, sabage jelema Islam sareng sanes pisan ti golongan Musyrik. Di dieu
urang ngaharep khusyuk, lantaran sadaya nu dibawa ku urang sina ngadep ka Gusti
( papakean, diri jste )
Inna shalaatii wanusukii wamah yayaa wamamaati Lillaahi Rabbil ‘Aalaamiin. Dina
hate yen sagala nu dilakukeun na shalat ieu estu pinuh ku kaihlasan. ( do’a
supaya ihlas )
Laa syaariikalahuu wabidzaalika umirtu wa ana minal Muslimiin. Na hate ikrar
yen ukur ka Allah urang nyembah.
A’udzubillaahi minasysyaithaanirrajiim. Bismillahirrahmaanirrahiim. Ku nyebat
asmana nu Rahmaan sareng Rahiim. Alhamdulillahi Rabbil ‘aalaamiin. Sagala puji
anging kagungan Allah.
Jadi satiap nyebut saayat , urang kudu meleng , ngarti ka na naon wae nu
dibaca. Jadi ngajiwaaan eta ayat nu dibaca. Nepi ka Aamiin.
Saterusna baacaa Qul yaa ayyuhaal kaafiruun nepi ka tamaat. Satiap ayat urang
ngahartikeun; npi ka akhirna.
Saterusna Ruku, baca do’a ( sunat ) ; subhana Rabbiyal Adziim; Maha suci Allaah
nu Maha Agung.
Saterusna I’tidal Raabbaanaa laakal hamdu jst. Ieu ge bari konsentrasi ka na
bacaan.
Nepi ka ahirna Tahiyat Akhir, mun di na keur ngalakukeun ieu shalat pikiran
urang ngalayang , gancang balikeun deui konsentrasi ka na bacaan, Nepi ka
Assalaamu’alaaikum.
Ieu shalat leuwih tartib, mun dilakukeun lain barjama.ah; shalat nyorangan
atawa jeung nu saihwan cara shalatna. Nu memang hayang shalat saperti kitu. Mun
nyampur jeung nu sejen, kudu rada dicepetkeun, lantaran hate jelema beda2.
Tah mun Imam jeung Mamum kumaha shalatna ?
Mun imam keur maca do’a Iftitah di awal shalat; nya urang ge sorangan maca nu
sarua. Mun Imam maca Al Fatihah, nu macana ditarikeun ( Maghrib, Isya , Shubuh;
Mamun ngaregepkeun satiap ayat nu dibaca ku Imam kalawan meleng ka na harti eta
ayat; kitu deui mun Imam maca ayat qur_an sanggeus Fatihah; mun teu ngarti
atawa can paham; kudu meleng inget ka Gusti; bari merhatikeun baca_anana bisi
Imam salah; atawa poho macana, ( kudu gancang dibenerkeun atawa dituntun ayat
nu bener ).
Jadi hartina di na berjama_’ah, aya komunikasi sababaraha arah; ti nu shalat ka
Gusti; mamum ka Imam jeung sabalikna; jadi konsentrasina di na berjama_ah
leuwih hese deui; tapi memang kudu dilakukeun.
Tah kitu shalat khusyuk teh. Mangga wae kumaha katingalina ayeuna nu sok
sarolat ? Naha gampang dilakukeunana. Saur Gusti shalat teh HESE !
Tah mangga niley kainyah.
Tah shalat nu kieu nu bakal nyingkahan tina keji jeung mungkar teh. Lain
shalaat dapon acong2an, bari na hate nu penting geus ngalakukeun shalat; kumaha
Gussti we ditarima henteuna mah.
Tah nu boga pikiran diluhur; euweuh usaha pikeun shalat nu leuwih alus.
Mangga nyanggakeun. Teu langkung pribadi masing2. Ari kuroptor maah pastina ge
ngan ukur show wungkul yen maranehna sok shalat. Nu matak ulaah sok NYEBUTKEUN
ongkoh shalat tapi kurupsi jalan terus.Da nu karitu mah dijamin shalatna moal
bener.
Billahi Taufiq wal hidayah wassalaamu’alaikum warahmaaatullahi wabarakaatuh.
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/